PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • hf bag. 5 kaca 15-17
  • Cara Tetep Akur jeung Mitoha

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Cara Tetep Akur jeung Mitoha
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1 BOGA PANDANGAN NU BENER NGEUNAAN MITOHA
  • 2 TEGAS LAMUN PERLU
  • Sing Silih Satia
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Ménta Pituduh Allah Sangkan Bagja
    Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Sanggeusna Nikah
    Carana Tetep Dipikaasih ku Allah
  • Bebeneran ”Lain Mawa Karuntutan, Tapi Mawa Pedang”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
Tingali Ogé
Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
hf bag. 5 kaca 15-17
Mitoha nu teu resepeun kana cara masak minantuna

BAGIAN 5

Cara Tetep Akur jeung Mitoha

”Kudu boga tabeat . . . hade hate, handap asor, darehdeh, jeung sabar.”​—Kolosa 3:12

Perkawinan téh ngahasilkeun hiji kulawarga anyar. Sanajan Sadérék bakal terus nyaah jeung hormat ka kolot, tapi ayeuna jalma nu pangpentingna dina kahirupan Sadérék téh batur hirup Sadérék. Bisa jadi kolot Sadérék teu bisa narima hal éta. Prinsip Kitab Suci bisa ngabantu Sadérék tetep saimbang, jadi Sadérék bisa akur jeung mitoha ogé baraya bari enya-enya ngawangun kulawarga nu anyar.

1 BOGA PANDANGAN NU BENER NGEUNAAN MITOHA

Salaki jeung pamajikan babarengan jeung kolotna

PITUDUH KITAB SUCI: ”Kudu hormat ka bapa jeung ka indung.” (Epesus 6:2) Teu sual geus kolot atawa ngora kénéh, Sadérék kudu tetep hormat ka kolot Sadérék. Batur hirup Sadérék ogé sarua, manéhna kudu merhatikeun kolotna. ”Sipatna kanyaah teh . . . teu sirikan”, jadi ulah nganggap mitoha téh saingan Sadérék.​—1 Korinta 13:4; Galata 5:26.

CARA NERAPKEUN:

  • Ulah sok ngomong, ”Kulawarga manéh mah da sok ngarendahkeun urang waé” atawa ”Urang rék kumaha ogé, teu pernah dihargaan ku indung manéh”

  • Perlu paham kana pandangan batur hirup Sadérék

2 TEGAS LAMUN PERLU

PITUDUH KITAB SUCI: ”Lalaki teh baris ninggalkeun sarta misah ti indung bapana, seug ngahiji jeung bojona, sarta hirupna jadi satunggal.” (Kajadian 2:24) Waktu Sadérék nikah, bisa waé indung jeung bapa Sadérék ngarasa masih boga tanggung jawab ka Sadérék. Jadi, maranéhna sok loba teuing turut campur dina rumah tangga Sadérék padahal sakuduna mah teu kitu.

Sadérék jeung batur hirup Sadérék nu kudu nangtukeun nepi ka mana maranéhna bisa turut campur. Terus, Sadérék kudu méré nyaho maranéhna ku cara terus terang, jelas, tapi ulah kasar. (Siloka 15:1) Sipat rendah haté, soméah, jeung sabar bisa ngabantu Sadérék tetep akur jeung mitoha sarta terus ”silih pikanyaah”.​—Epesus 4:2.

Salaki jeung pamajikan keur diskusi; salaki jeung pamajikan méré hadiah ka kolotna

CARA NERAPKEUN:

  • Lamun Sadérék ngarasa kolot geus loba teuing turut campur dina rumah tangga, Sadérék perlu ngabahas masalahna jeung batur hirup dina kaayaan nu tenang

  • Sadérék duaan perlu nyieun putusan nu cocog pikeun ngaréngsékeun masalahna

PAHAM ALESANANA

Paham kana parasaan jeung pandangan kolot Sadérék duaan téh penting. Maranéhna téh nyaah ka Sadérék. Jadi, waktu turut campur, maranéhna teu boga maksud goréng. Bisa jadi teu gampang pikeun maranéhna narima kanyataan yén Sadérék geus boga kulawarga sorangan, misah ti maranéhna. Maranéhna ngarasa ditinggalkeun. Tapi, nerapkeun prinsip-prinsip Kitab Suci sarta komunikasi nu terus terang bisa ngabantu Sadérék sangkan terus hormat ka kolot bari teu ngorbankeun perkawinan Sadérék.

PIKIRKEUN . . .

  • Naon sababna lamun mitoha turut campur dina rumah tangga téh lumrah?

  • Kumaha kuring bisa ngutamakeun batur hirup bari tetep hormat ka kolot?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun