PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • hf bag. 9 kaca 29-31
  • Sakulawarga Ibadah ka Yéhuwa

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Sakulawarga Ibadah ka Yéhuwa
  • Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • 1 KUATKEUN HUBUNGAN SADÉRÉK JEUNG YÉHUWA
  • 2 IBADAH KULAWARGA NU NYENANGKEUN
  • Naon Ibadah Kulawarga téh?
    Saha Nu Ngalampahkeun Kahoyong Yéhuwa Kiwari?
  • Ibadah Sajati téh Mawa Kabungah
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2022
  • Bantu Kulawarga Sadérék Inget ka Yéhuwa
    Kagiatan jeung Kahirupan Kristen—Jurnal Pasamoan—2017
  • Hargaan Kahormatan pikeun Jadi Kulawargana Yéhuwa
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2021
Tingali Ogé
Kulawarga Sadérék Bisa Bagja
hf bag. 9 kaca 29-31
Salaki pamajikan keur ngawarta babarengan

BAGIAN 9

Sakulawarga Ibadah ka Yéhuwa

”Sembah Mantenna, anu ngajadikeun langit, bumi.”​—Wahyu 14:7

Dina brosur ieu, Sadérék geus diajar yén Kitab Suci boga prinsip-prinsip nu bisa ngabantu Sadérék jeung kulawarga. Yéhuwa miharep Sadérék bagja. Mantenna jangji lamun Sadérék ngutamakeun ibadah ka Mantenna, ”sagala kaperluan maraneh mah tangtu ku Mantenna dipaparin”. (Mateus 6:33) Mantenna hayang pisan Sadérék jadi sobat-Na. Jadi, gunakeun sakabéh kasempetan nu aya pikeun ngaraket ka Allah. Ieu hak istiméwa nu panggedéna pikeun urang.​—Mateus 22:37, 38.

1 KUATKEUN HUBUNGAN SADÉRÉK JEUNG YÉHUWA

Hiji bapa nyiapkeun jeung ngayakeun ibadah kulawarga

PITUDUH KITAB SUCI: ”Kami baris jadi Rama maraneh, maraneh baris diaku anak ku Kami, anak lalaki, anak awewe, kitu timbalan Pangeran Nu Maha Kawasa.” (2 Korinta 6:18) Allah miharep Sadérék jadi sobat-Na. Salah sahiji cara jadi sobat-Na nyaéta ngadoa. Yéhuwa miharep Sadérék ”neneda saban waktu”. (1 Tesalonika 5:17) Mantenna paduli pisan kana naon nu dipikirkeun jeung nu dihariwangkeun ku Sadérék. (Pilipi 4:6) Waktu Sadérék ngadoa jeung kulawarga, maranéhna bakal ningali yén Sadérék téh ngandelkeun Allah.

Salian ti ngadoa ka Allah, Sadérék ogé perlu ngadéngékeun Mantenna. Kumaha carana? Carana nyaéta diajar Kitab Suci jeung bacaan-bacaan nu dumasar kana Kitab Suci. (Jabur 1:1, 2) Lenyepan naon nu dibaca ku Sadérék. (Jabur 77:12, 13) Sadérék ogé perlu rutin datang ka pasamoan Kristen.​—Jabur 122:1-4.

Cara séjénna pikeun nguatkeun sosobatan Sadérék jeung Yéhuwa nyaéta nyaritakeun ngeunaan Yéhuwa ka nu lian. Beuki sering Sadérék nyarita, beuki raket Sadérék ka Mantenna.​—Mateus 28:19, 20.

CARA NERAPKEUN:

  • Sadiakeun waktu pikeun maca Kitab Suci jeung ngadoa unggal poé

  • Sadérék sakulawarga perlu ngutamakeun kagiatan rohani ti batan hiburan jeung pelesir

2 IBADAH KULAWARGA NU NYENANGKEUN

Salaki pamajikan keur diajar Kitab Suci babarengan

PITUDUH KITAB SUCI: ”Allah raketan, Mantenna ge tangtu ngaraketan deui.” (Yakobus 4:8) Sadérék perlu boga jadwal pikeun ibadah kulawarga sarta rutin ngajalankeunana.a (Kajadian 18:19) Tapi lain éta waé, unggal anggota kulawarga kudu dalit jeung Yéhuwa. Sadérék perlu nguatkeun hubungan kulawarga Sadérék jeung Yéhuwa ku cara nyaritakeun Mantenna waktu ”keur di imah, keur di mana-mana, keur ngaso, keur digawe”. (Pamindo 6:6, 7) Sadérék perlu boga tékad saperti Yosua nu ngomong kieu, ”Bapa sakulawarga mah rek ngabakti ka PANGERAN.”​—Yosua 24:15.

CARA NERAPKEUN:

  • Perlu rutin ngabahas naon nu dibutuhkeun jeung ngabahas masalah nu keur disanghareupan ku unggal anggota kulawarga

Hiji indung macakeun buku keur budakna; hiji kulawarga ngaragakeun kisah dina Kitab Suci; hiji bapa babarengan diajar jeung budakna

HAMBA-HAMBA YÉHUWA BARAGJA

Ngawula ka Yéhuwa téh hal nu panghadéna dina kahirupan. Mantenna bungah lamun Sadérék sakulawarga iklas ngawula ka Mantenna. Lamun Sadérék ngalampahkeunana, Sadérék bakal leuwih mikaasih sarta bisa nyonto Mantenna. (Markus 12:30; Epesus 5:1) Ngandelkeun Yéhuwa dina perkawinan bakal nguatkeun hubungan Sadérék jeung batur hirup. (Pandita 4:12; Yesaya 48:17) Sadérék sakulawarga bisa bagja salalanggengna ”ku karana berkah Mantenna”.​—Pamindo 12:7.

PIKIRKEUN . . .

  • Sababaraha waktu ka tukang, iraha kuring jeung batur hirup ngadoa duaan?

  • Naon nu bisa dibahas dina ibadah kulawarga pikeun nguatkeun iman kuring sakulawarga ka Yéhuwa?

PITUDUH PIKEUN KAPALA KULAWARGA

  • Pastikeun euweuh nu ngaganggu ibadah kulawarga

  • Béré nyaho kulawarga Sadérék naon nu bakal dibahas supaya maranéhna bisa nyiapkeun heula bahanna

  • Pastikeun sakabéh anggota kulawarga hadir

  • Jieun sangkan ibadah kulawargana nyenangkeun

a Unggal kulawarga Saksi-Saksi Yéhuwa biasana nyadiakeun waktu unggal minggu pikeun ngabahas hal-hal rohani dina kaayaan nu nyenangkeun.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun