Kawih 136
Karajaan nu Tos Ngadeg—Sing Geura Datang!
Yéhuwa, s’lawasna aya
Pikeun salanggengna.
Gusti tos ngalantik Putra;
Nu taat paréntah.
Karajaan atos medal;
Bakal ngawasaan bumi.
(REFREIN)
Ayeuna waktuna
Karajaan Allah jaya.
K’rajaan tos ngadeg,
Doakeun, ”Sing geura datang!”
Si Iblis téréh binasa;
Manéhna guligah.
Sanajan loba kasusah,
Urang moal héran.
Karajaan atos medal;
Bakal ngawasaan bumi.
(REFREIN)
Ayeuna waktuna
Karajaan Allah jaya.
K’rajaan tos ngadeg,
Doakeun, ”Sing geura datang!”
Para malaikat barungah
Sarurak gumbira.
Sawarga bébas tur aman
Ti pangaruh Sétan.
Karajaan atos medal;
Bakal ngawasaan bumi.
(REFREIN)
Ayeuna waktuna
Karajaan Allah jaya.
K’rajaan tos ngadeg,
Doakeun, ”Sing geura datang!”
(Tingal ogé Dan. 2:34, 35; 2 Kor. 4:18.)