PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 8 kaca 26-kaca 27 par. 1
  • Ibrahim jeung Sarah Nurut ka Allah

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Ibrahim jeung Sarah Nurut ka Allah
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Na Sadérék Ngadagoan ’Kota dina Pademén anu Kaayaanana Tetep’?
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • Iman nu Diuji
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Ahirna Boga Anak!
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 8 kaca 26-kaca 27 par. 1
Ibrahim jeung Sarah ngepak barang-barangna pikeun ninggalkeun Ur

PALAJARAN 8

Ibrahim jeung Sarah Nurut ka Allah

Teu jauh ti kota Babul, aya kota nu ngaranna Ur. Di ditu, jalma-jalmana nyarembah déwa-déwa, lainna Yéhuwa. Tapi, aya hiji lalaki nu nyembah Yéhuwa. Ngaranna Ibrahim.

Yéhuwa ngomong ka Ibrahim, ’Manéh kudu pindah ka tempat nu engké ditunjukkeun ku Urang. Lemah cai jeung dulur-dulur, tinggalkeun.’ Terus Allah jangji, ’Manéh rék dijadikeun bangsa gedé. Engkéna, Urang bakal ngaberkahan jalma-jalma ku jalan manéh.’

Ibrahim teu nyahoeun kudu indit ka mana, tapi manéhna percaya ka Yéhuwa. Jadi Ibrahim, Sarah pamajikanana, Térah bapana, sarta Elut alona, ngepak barang-barang, terus indit.

Ibrahim umurna 75 taun waktu manéhna jeung kulawargana nepi ka tempat nu dititah ku Yéhuwa. Tempat éta téh disebut tanah Kanaan. Terus, Allah ngomong ka Ibrahim, ’Kabéh tanah ieu ku Urang bakal dipasihkeun ka turunan manéh.’ Tapi, Ibrahim jeung Sarah geus kolot jeung teu boga anak. Jadi, kumaha Yéhuwa nyumponan jangji-Na ieu?

Ibrahim jeung kulawargana indit ka tanah Kanaan

”Ku karana percaya, Ibrahim tumut . . . ngajugjug tempat anu dijangjikeun ku Allah bakal dipaparinkeun ka anjeunna. Anjeunna ngantunkeun nagrina bari teu uninga kudu ngajugjug ka mana.”​—Ibrani 11:8

Pananya: Ibrahim dititah naon ku Yéhuwa? Yéhuwa jangji naon ka Ibrahim?

Kajadian 11:29–12:9; Rasul 7:2-4; Galata 3:6; Ibrani 11:8

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun