PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • lfb pal. 12 kaca 34-kaca 35
  • Yakub Meunang Warisan

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yakub Meunang Warisan
  • Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
  • Bahan nu Sarupa
  • Yakub Akur Deui jeung Ésau
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
lfb pal. 12 kaca 34-kaca 35
Yakub méré samangkok bubur kacang pikeun ditukeur ku hak cikal Ésau

PALAJARAN 12

Yakub Meunang Warisan

Isaac and Rebekah with their twin boys, Jacob and Esau

Ishak umur 40 taun pas nikah jeung Rabéka. Ishak nyaah pisan ka Rabéka. Maranéhna boga dua anak lalaki kembar.

Nu cikal ngaranna Ésau, nu bungsu Yakub. Ésau resepna di luar imah, manéhna jago moro sasatoan. Yakub mah resepna di imah.

Di jaman éta, budak cikal bisa meunang tanah jeung duit nu panglobana lamun bapana paéh. Éta téh disebut warisan. Di kulawarga Ishak, perjangjian Yéhuwa ka Ibrahim ogé kaasup dina warisan. Tapi, Ésau teu ngahargaan éta perjangjian, ari Yakub mah nyaho éta téh penting pisan.

Jacob and Esau

Hiji poé sanggeus moro sato sapoéeun, Ésau ngarasa capé. Pas balik ka imah, pék téh Yakub keur masak. Seungitna mani ngahiliwir. Ceuk Ésau, ’Urang lapar pisan euy! Cik ménta éta nu beureum-beureum!’ Ceuk Yakub, ’Sok, tapi jangji heula, tukeur ku warisan Akang.’ Ésau ngomong, ’Kop wé jang manéh. Urang teu butuh. Nu penting mah ayeuna dahar.’ Ceuk hidep, Ésau bijaksana teu?Henteu. Ésau nukeurkeun hal nu istiméwa demi samangkok bubur kacang beureum.

Pas Ishak geus kolot, geus waktuna ngaberkahan budak nu panggedéna. Tapi, Rabéka ngabantu supaya Yakub, si bungsu, nu diberkahan. Pas nyaho, Ésau ambek pisan nepi ka hayang maéhan adina. Tapi, Ishak jeung Rabéka hayang nyalindungan Yakub. Maranéhna nitah Yakub, ’Jung kabur ka dulur Ibu nu ngaranna Laban. Cicing heula di dinya nepi si Akang teu ambek deui.’ Yakub nurut ka kolotna, terus buru-buru indit supaya salamét.

”Naha aya untungna meunangkeun saalam dunya tapi nyawana cilaka? Sama sakali teu aya! Taya naon-naon anu bisa dipake meunangkeun deui nyawana.”​—Markus 8:36, 37

Pananya: Naon waé bédana Ésau jeung Yakub? Ku naon Yakub nu meunang warisan, lainna Ésau?

Kajadian 25:20-34; 27:1–28:5; Ibrani 12:16, 17

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun