KAWIH 120
Nyonto Kristus nu Lemah Lembut
Édisi nu Dicitak
1. Yésus Kristus jalma nu panghadéna,
Tapi teu kagoda ku kasombongan,
Sanajan penting kadudukanana,
Tetep rendah haté ngawula Huwa.
2. Ka jalma nu susah, loba masalah,
Yésus ngahampangkeun kabeubeuratna.
Anjeunna miasih nu lemah lembut
Sarta bakal masihan kasegeran.
3. Urang sadaya téh dulur saiman,
Kudu rendah haté tunduk ka Kristus.
Nu lemah lembut diberkahan Allah.
Narima hirup langgeng di Pirdaus.
(Tingali ogé Sil. 3:34; Mat. 5:5; 23:8; Rum 12:16.)