KAWIH 147
Jangji Hirup Langgeng
Édisi nu Dicitak
1. Yéhuwa tos ngajangjikeun
Hirup langgeng di bumi;
Nu taat disalametkeun.
Harepan nu pasti.
(REFREIN)
Hirup salanggengna
Mun urang satia.
Yéhuwa tos jangji,
Pasti kabukti.
2. Pirdaus rék dipulihkeun,
Manusa dibébaskeun.
Huwa jadi pangawasa,
Aman tengtrem dunya.
(REFREIN)
Hirup salanggengna
Mun urang satia.
Yéhuwa tos jangji,
Pasti kabukti.
3. Nu maraot dihirupkeun,
Teu aya piceurikeun.
Allah anu welas asih
Nyingkirkeun kasedih.
(REFREIN)
Hirup salanggengna
Mun urang satia.
Yéhuwa tos jangji,
Pasti kabukti.
(Tingali ogé Yes. 25:8; Luk. 23:43; Yoh. 11:25; Wahyu 21:4.)