PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • th pal. 1 kaca 4
  • Kecap Panganteur nu Alus

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Kecap Panganteur nu Alus
  • Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
  • Bahan nu Sarupa
  • Mangpaatna Dijelaskeun
    Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
Sing Leukeun Dina Maca jeung Ngajar
th pal. 1 kaca 4

PALAJARAN 1

Kecap Panganteur nu Alus

Ayat

Rasul 17:22

RINGKESAN: Kecap panganteur Sadérék kudu ngageuing minat batur, nyebutkeun hal-hal nu rék dibahas, jeung nyebutkeun ku naon éta téh penting.

CARANA:

  • Geuing minat batur. Béré pananya, caritakeun pangalaman, berita, atawa hal-hal nu matak pikaresepeun batur.

    Saran alus

    Saacanna, pikirkeun enya-enya minat jeung kahariwangan batur, tuluy luyukeun kecap panganteur Sadérék.

  • Sebutkeun hal-hal nu rék dibahas. Dina kecap panganteur Sadérék, pastikeun yén hal-hal nu rék dibahas jeung tujuanana jelas keur batur.

  • Sebutkeun ku naon topik ieu téh penting. Luyukeun bahan nu ditepikeun ku Sadérék jeung pangabutuh batur. Maranéhna kudu bener-bener paham yén bahan nu ditepikeun téh aya mangpaatna keur dirina sorangan.

    Saran alus

    Waktu nyiapkeun hutbah, pék lenyepan, ’Naon nu keur disanghareupan ku dulur-dulur saiman di sidang?’ Geus kitu, luyukeun kecap panganteur Sadérék jeung pangabutuh maranéhna.

DINA DINES

Pikeun nyaho naon nu dipikaresep ku jalma-jalma, perhatikeun kagiatan jeung imah maranéhna, boga budak atawa henteu, jeung sajabana. Mimitian obrolan ku cara méré pananya atawa koméntar singget ngeunaan hal-hal éta.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun