BAB 37
Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Pagawéan jeung Duit?
Na anjeun sok hariwang mun mikirkeun pagawéan jeung duit? Urang téh kudu néangan napkah, sakaligus méré nu panghadéna keur Yéhuwa. Éta téh teu gampang. Tapi, dina Alkitab aya saran-saran nu bisa ngabantu urang.
1. Kumaha ceuk Alkitab ngeunaan pagawéan?
Allah hayang urang resep kana pagawéan urang. Ceuk Alkitab, ”Pikeun manusa mah anu panghadena teh taya deui lian ti ngararasakeun ni’matna beubeunangan barang gawena.” (Pandita 3:22) Yéhuwa gé getol digawé. Lamun urang getol digawé jiga Anjeunna, urang bisa nyenangkeun haté Anjeunna. Urang gé bakal ngarasa puas.
Urang téh mémang kudu digawé. Tapi, hal éta ulah jadi leuwih penting tibatan ibadah urang ka Yéhuwa. (Yahya 6:27) Yéhuwa jangji, mun urang ngutamakeun ibadah urang ka Anjeunna, Anjeunna bakal nyadiakeun pangabutuh urang sapopoé.
2. Kumaha ceuk Alkitab ngeunaan duit?
Alkitab nyebutkeun, ’boga duit téh matak aman’. Tapi, urang gé diingetan duit téh lain hiji-hijina hal nu bisa mawa kabagjaan. (Pandita 7:12) Éta sababna ceuk Alkitab, urang ulah mata duitan tapi ”kudu ngarasa cukup ka nu geus aya”. (Baca Ibrani 13:5.) Mun urang ngarasa cukup kana hal-hal nu geus dipiboga ku urang, urang moal strés lantaran hayang boga leuwih loba hal. Urang gé moal ngahutang lantaran hayang meuli barang nu sabenerna teu dibutuhkeun. (Siloka 22:7) Terus, urang moal judi atawa kabita ku bisnis nu cenah mah bisa gancang ngahasilkeun duit.
3. Kumaha urang bisa babagi?
Yéhuwa téh Allah nu resep babagi. Jadi lamun urang ”béréhan, resep babagi”, urang téh nyonto Anjeunna. (1 Timotius 6:18) Urang bisa ngagunakeun duit urang pikeun babagi ku cara ngadukung sidang jamaah jeung mantuan jalma-jalma nu ngabutuhkeun, utamana dulur saiman. Keur Yéhuwa mah, nu penting téh lain sakumaha loba nu urang bikeun, tapi niat haté urang. Lamun urang iklas, urang bisa bagja sarta nyenangkeun haté Yéhuwa.—Baca Kisah 20:35.
HAYU NGULIK
Tingali ku naon urang kudu boga pandangan nu bener kana pagawéan jeung kudu ngarasa puas.
4. Ngamulyakeun Yéhuwa waktu digawé
Mun urang nyobat jeung Yéhuwa, urang bakal boga pandangan nu bener kana pagawéan. Setél VIDÉO, terus bahas:
Naon nu dipikaresep ku anjeun tina sikep jeung kalakuan Jason di tempat gawéna?
Naon nu dilakukeun ku manéhna supaya bisa tetep boga pandangan nu bener kana pagawéan?
Baca Kolose 3:23, 24, terus bahas:
Ku naon urang kudu getol digawé?
Urang téh mémang kudu digawé. Tapi, hal éta ulah jadi leuwih penting tibatan ibadah urang ka Yéhuwa
5. Mangpaatna mun urang ngarasa puas
Loba jalma néangan duit saloba-lobana. Tapi ceuk Alkitab, urang mah ulah kitu. Baca 1 Timotius 6:6-8, terus bahas:
Ceuk Alkitab, urang kudu kumaha?
Najan urang ngan boga duit saeutik, urang bisa tetep bagja. Setél VIDÉO, terus bahas:
Najan teu boga loba duit, ku naon kulawarga-kulawarga ieu tetep bagja?
Kumaha mun urang geus boga loba duit, tapi can ngarasa puas kénéh? Isa ngajelaskeun bahayana sikep jiga kitu. Baca Lukas 12:15-21, terus bahas:
Anjeun diajar naon tina ibarat ti Isa?—Tingali ayat 15.
Baca jeung bandingkeun Siloka 10:22 sarta 1 Timotius 6:10. Terus bahas:
Ceuk anjeun, mana nu leuwih penting? Nyobat jeung Yéhuwa atawa boga loba duit? Ku naon anjeun ngajawab kitu?
Mun urang teterusan ngudag duit, naon balukarna?
6. Yéhuwa bakal nyadiakeun pangabutuh urang
Iman urang ka Yéhuwa bisa diuji lamun urang aya masalah dina pagawéan atawa hésé néangan duit. Setél VIDÉO pikeun ningali kumaha carana nyanghareupan masalah-masalah jiga kitu. Terus bahas:
Sadérék dina vidéo ieu boga masalah naon waé?
Naon nu dilakukeun ku manéhna pikeun nyanghareupan masalahna?
Baca Matius 6:25-34, terus bahas:
Yéhuwa jangji bakal ngalakukeun naon keur jalma-jalma nu ngutamakeun Anjeunna?
AYA NU NGOMONG: ”Abdi kudu néangan napkah keur kulawarga, jadi teu bisa masamoan unggal minggu.”
Ayat mana nu ngayakinkeun anjeun yén Yéhuwa bakal nyadiakeun pangabutuh urang mun urang ngutamakeun ibadah ka Anjeunna?
INTI BAB
Pagawéan jeung duit téh penting. Tapi hal-hal éta sakuduna teu leuwih penting tibatan ibadah urang ka Yéhuwa.
Nu geus dibahas
Kumaha supaya anjeun bisa boga pandangan nu bener kana pagawéan?
Lamun anjeun ngarasa puas, naon mangpaatna?
Kumaha carana nunjukkeun yén anjeun percaya kana jangji Yéhuwa pikeun nyadiakeun pangabutuh umat-Na?
TINGALI OGÉ
Na Alkitab ngajarkeun yén duit téh sumberna kajahatan?
”Naha Duit téh Sumberna Sagala Kajahatan?” (Artikel dina jw.org)
Kumaha urang bisa ngagunakeun duit urang pikeun nyenangkeun haté Allah?
”Kumaha Pandangan Alkitab ngeunaan Méré Sumbangan?” (Artikel dina jw.org)
Na judi téh saukur hiburan?
Naon nu ngabantu saurang lalaki eureun judi jeung maok?