PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • w19 Agustus kaca 2-7
  • ”Urang Moal Nyerah”!

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • ”Urang Moal Nyerah”!
  • Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • PAULUS JADI TULADAN NU HADÉ KEUR URANG
  • TETEP NGAWULA YÉHUWA SANAJAN AYA TANGTANGAN
  • TERUS PIKIRKEUN HAREPAN URANG
  • Terus Lumpat dina Pangbalapan ”Nepi ka Garis Ahir”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2020
  • ’Katengtreman ti Allah Moal Kahontal ku Akal’
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2019
w19 Agustus kaca 2-7

ARTIKEL PALAJARAN 31

”Urang Moal Nyerah”!

”Urang moal nyerah.”​—2 KOR. 4:16, Terjemahan Dunia Baru (NW).

KAWIH 128 Tetep Tabah Nepi ka Panungtungan

NU DIBAHASa

1. Naon nu kudu dilakukeun ku urang Kristen sangkan nepi ka garis tungtung?

URANG KRISTEN kiwari saolah-olah keur milu balap lumpat, tapi hadiahna kahirupan. Teu sual urang kakara miluan atawa geus mangtaun-taun miluan balap lumpat ieu, urang kudu terus lumpat nepi ka garis tungtung. Naséhat Paulus keur jamaah Pilipi ngajurung urang pikeun ngaréngsékeun pangbalapan urang. Waktu narima surat Paulus ieu, aya anggota jamaah Pilipi nu geus ngawula Yéhuwa mangtaun-taun. Maranéhna geus satia, tapi Paulus ngingetan maranéhna pikeun tetep tabah jeung terus ngawula Yéhuwa. Paulus hayang maranéhna nuturkeun tuladanna pikeun terus ’ngudag anu jadi tujuan’.​—Pil. 3:14, Sunda Formal (SF).

2. Ku naon naséhat Paulus téh cocog keur urang Pilipi?

2 Naséhat Paulus ka urang Pilipi téh cocog lantaran ti mimiti diadegkeun, sidang éta geus nyanghareupan tangtangan. Éta kabéh dimimitian basa Paulus jeung Silas nuturkeun pituduh Allah pikeun ”sumping ka Makedoni”. (Ras. 16:9) Maranéhna nepi di Pilipi kira-kira taun 50 M. Di dinya, maranéhna panggih jeung Lidia nu ”hatena digerakkeun ku Gusti, [jeung] kacida ngaregepkeunana” kana warta hadé. (Ras. 16:14) Teu lila, Lidia jeung kulawargana dibaptis. Tapi, Sétan teu cicing waé. Paulus jeung Silas diséréd ku priya-priya di kota éta ka pajabat pamaréntah Rum tuluy dituduh nyieun karusuhan. Balukarna, Paulus jeung Silas digebugan, dipanjarakeun, jeung dijurung indit ti éta kota. (Ras. 16:16-40) Naha maranéhna nyerah? Henteu! Kumaha jeung sadérék-sadérék nu aya di sidang nu anyar éta? Hadéna téh maranéhna ogé tetep tabah! Pasti maranéhna kajurung ku tuladan Paulus jeung Silas.

3. Paulus sadar kana hal naon, jeung pananya naon waé nu bakal dibahas?

3 Paulus boga tékad pikeun henteu nyerah. (2 Kor. 4:16) Manéhna sadar yén supaya bisa nepi ka garis tungtung, manéhna kudu tetep mikirkeun tujuanana. Urang diajar naon tina tuladan Paulus? Kumaha hamba-hamba Allah nu satia jaman kiwari ngabuktikeun yén urang bisa tetep satia sanajan aya tangtangan? Sarta, kumaha harepan bisa nguatkeun tékad urang pikeun henteu nyerah?

PAULUS JADI TULADAN NU HADÉ KEUR URANG

4. Kumaha Paulus tetep sibuk ngawawar sanajan keur dipanjara?

4 Perhatikeun perjuangan Paulus waktu nulis surat keur jamaah Pilipi. Manéhna keur jadi tahanan imah di Rum, ku kituna teu bébas ngawawar. Tapi, manéhna tetep sibuk méré kasaksian ka nu datang jeung nulis surat ka sidang-sidang. Kiwari ogé, loba urang Kristen teu bisa kaluar imah lantaran gering atawa geus rémpo. Tapi, maranéhna sabisa-bisa méré kasaksian ka jalma-jalma nu datang ka imahna atawa nulis surat ka jalma-jalma nu teu bisa didatangan langsung.

5. Tina kekecapanana dina Pilipi 3:12-14, naon nu ngabantu Paulus tetep mikirkeun tujuanana?

5 Paulus henteu terus mikirkeun kasuksésan atawa kasalahanana baheula nepi ka disimpangkeun tina ngawula Yéhuwa. Malah manéhna ngomong yén ”nu geus kaliwat teh dipopohokeun” ngarah bisa ’sateka-teka ngudag pikahareupeun’, nyaéta ngaréngsékeun pangbalapan. (Baca Pilipi 3:12-14 tina Sunda Formal.) Naon waé nu bisa nyimpangkeun Paulus? Kahiji, kasuksésan nu geus dihontal saacan jadi urang Kristen. Tapi, éta kabéh dianggap ”runtah” ku manéhna. (Pil. 3:3-8) Kadua, sanajan manéhna kaduhung geus nganiaya urang Kristen, éta henteu terus dipikiran nepi ka manéhna eureun ngawula Yéhuwa. Paulus tetep sibuk ngawawar sanajan manéhna dibui, digebugan, dibenturan ku batu, kapalna tilelep, sarta teu boga dahareun jeung pakéan. (2 Kor. 11:23-27) Teu sual kaayaanana, Paulus nyaho manéhna kudu terus ngawula Yéhuwa. Urang gé kudu kitu.

6. Naon waé hal-hal ”nu geus kaliwat” nu kudu dipopohokeun téh?

6 Kumaha urang bisa nyonto Paulus pikeun ’mopohokeun nu geus kaliwat’? Bisa jadi, aya nu teterusan rumasa salah lantaran pernah ngalakukeun dosa. Mun kitu, alusna mah waktu palajaran pribadi, Sadérék ngarisét husus ngeunaan korban tebusan Kristus. Lamun diajar, ngalenyepan, jeung ngadoakeun hal éta, urang jadi yakin Yéhuwa geus ngahampura dosa-dosa urang. Urang jadi gedé haté jeung teu pati rumasa salah, malah teu rumasa salah deui. Perhatikeun palajaran séjénna ti Paulus. Di antara urang, bisa waé aya nu ngorbankeun kasempetan pikeun jadi beunghar demi ngutamakeun Karajaan Allah. Mun kitu, naha urang bisa mopohokeun hal-hal éta jeung henteu kaduhung? (Bil. 11:4-6; Pan. 7:10) Hal-hal ”nu geus kaliwat” ogé kaasup hal-hal nu geus dilakukeun dina ngawula Yéhuwa atawa cocoba nu pernah kaalaman. Mémang, mikirkeun deui berkah Yéhuwa jeung dukungan Mantenna salila ieu bisa ngaraketkeun urang ka Bapa urang. Tapi, urang embung ngarasa puas jeung mikir upaya urang geus cukup.​—1 Kor. 15:58.

Sababaraha atlit balap lumpat ningali barang nu dipajang di toko, maké handphone, tapi aya hiji nu teu daék disimpangkeun

Dina pangbalapan rohani, ulah nepi ka disimpangkeun tina tujuan urang (Tingali paragrap 7)

7. Numutkeun 1 Korinta 9:24-27, urang kudu kumaha sangkan meunang dina pangbalapan rohani? Ibaratkeun.

7 Paulus paham kana kekecapan Yésus, ”Maraneh kudu sateka-teka.” (Luk. 13:23, 24) Paulus nyaho manéhna kudu bajoang nepi ka tungtung saperti Kristus. Kahirupan Kristen téh disaruakeun jeung balap lumpat. (Baca 1 Korinta 9:24-27.) Jalma nu keur balap lumpat terus mikirkeun garis tungtung jeung teu daék disimpangkeun. Misalna, balap lumpat nu diayakeun di kota biasana ngaliwatan toko-toko jeung tempat séjén nu bisa nyimpangkeun perhatian urang. Ceuk Sadérék, naha jalma nu keur balap bakal eureun heula ningalian barang nu dipajang di toko? Mun hayang meunang mah nya moal atuh! Dina pangbalapan rohani gé, urang ulah daék disimpangkeun. Lamun urang terus mikirkeun tujuan urang jeung terus bajoang siga Paulus, urang bakal meunang hadiahna!

TETEP NGAWULA YÉHUWA SANAJAN AYA TANGTANGAN

8. Tilu tangtangan naon nu bakal dibahas?

8 Hayu urang perhatikeun tilu tangtangan nu bisa ngaleutikkeun haté urang, nyaéta harepan nu can kacumponan, masalah kaséhatan, jeung cocoba nu teterusan. Urang bakal diajar ti sadérék-sadérék nu bisa nyanghareupan tangtangan-tangtangan ieu.​—Pil. 3:17.

9. Naon pangaruhna lamun harepan urang can kacumponan?

9 Harepan nu can kacumponan. Wajar lamun urang ngarepkeun hal-hal hadé nu dijangjikeun ku Yéhuwa. Waktu Nabi Habakuk ngungkabkeun kahayangna supaya Yéhuwa ngabéréskeun kajahatan di Yuda, Yéhuwa nyarios ka manéhna, ”Dago-dago bae.” (Hab. 2:3) Tapi, waktu harepan urang can kacumponan waé, urang bisa kaleungitan sumanget, malahan jadi aral. (Sil. 13:12) Ieu pernah kajadian dina awal abad ka-20. Harita, loba urang Kristen nu diistrénan ngarepkeun bakal diangkat ka sawarga dina taun 1914. Waktu éta teu laksana, kumaha sadérék-sadérék bisa tetep satia sanajan harepanana can kacumponan?

Royal jeung Pearl Spatz

Harepan Royal jeung Pearl Spatz teu kacumponan dina taun 1914, tapi maranéhna tetep satia mangpuluh-puluh taun (Tingali paragrap 10)

10. Kumaha sikep hiji pasangan waktu harepan maranéhna can kacumponan?

10 Aya conto alus ti dua sadérék nu nyanghareupan tangtangan ieu. Sadérék Royal Spatz dibaptis taun 1908 waktu umurna 20 taun. Manéhna yakin pisan bakal diangkat ka sawarga. Malahan dina taun 1911, waktu ngalamar tunanganana, Pearl, manéhna ngomong, ”Enéng apal pan naon nu bakal kajadian taun 1914. Lamun urang rék kawin, mending ulah diengké-engké!” Naha pasangan ieu jadi nyerah dina pangbalapan rohani lantaran teu diangkat ka sawarga taun 1914? Henteu. Hal utama nu dipikirkeun ku maranéhna téh ngalakukeun kahoyong Allah, lain hayang meunang ganjaranana. Maranéhna boga tékad pikeun terus satia. Royal jeung Pearl tetep sibuk jeung satia salila mangpuluh-puluh taun nepi ka maranéhna ngaréngsékeun kahirupanana di bumi. Pasti Sadérék gé hayang pisan Yéhuwa nyucikeun nami-Na, nanjeurkeun hak-Na pikeun maréntah, jeung ngawujudkeun kabéh jangji-Na. Sing yakin, éta kabéh bakal laksana dina waktu nu geus ditangtukeun ku Yéhuwa. Sabari ngadagoan, urang bisa tetep sibuk ngawula Allah. Ulah nepi ka leungit sumanget lantaran aya harepan nu can kacumponan.

Arthur Secord

Sanajan geus kolot, Arthur Secord tetep sumanget. (Tingali paragrap 11)

11-12. Kumaha urang bisa tetep satia sanajan boga masalah kaséhatan? Béré contona.

11 Masalah kaséhatan. Teu siga atlit balap lumpat, urang teu kudu boga awak nu kuat pikeun terus lumpat dina pangbalapan rohani. Malah, loba nu boga masalah kaséhatan ogé sumanget rohanina mah tetep ngagedur. (2 Kor. 4:16, NW) Misalna, Sadérék Arthur Secord nu umurna 88 taun jeung geringan. Manéhna ngawula di Bétel salila 55 taun. Saurang sadérék istri nu ngarawat manéhna nyampeurkeun manéhna nu keur ngagolér dina kasur. Sadérék istri ieu ngomong ku cara nu lemah lembut, ”Brur Secord, loba pisan nu geus Brur lakukeun keur Yéhuwa.” Tapi, Sadérék Arthur teu mikirkeun hal-hal nu geus kaliwat. Bari melong jeung senyum, manéhna ngajawab, ”Enya, éta téh bener. Tapi nu penting mah naon nu rék dilakukeun ku urang ti ayeuna, lain nu geus dilakukeun.”

12 Sadérék meureun geus mangtaun-taun ngawula Yéhuwa tapi ayeuna boga masalah kaséhatan, jadi teu bisa méré loba siga baheula. Mun kitu, ulah sedih. Sing yakin, Yéhuwa inget jeung ngahargaan palayanan nu geus dilakukeun ku Sadérék ti baheula. (Ibr. 6:10) Sing inget, pangabdian sapinuh jiwa téh teu diukur tina lobana palayanan Sadérék. Urang kabukti nyaah jeung ngabdi ka Yéhuwa lamun tetep suka bungah, neuteup harepan, jeung ngawula sakamampuh urang. (Kol. 3:23) Yéhuwa paham kana kalemahan urang jeung teu ngarepkeun leuwih ti urang.​—Mar. 12:43, 44.

Anatoly jeung Lidiya Melnik

Anatoly jeung Lidiya Melnik tetep satia sanajan ngalaman loba cocoba (Tingali paragrap 13)

13. Kumaha pangalaman Anatoly jeung Lidiya ngajurung urang pikeun tetep satia sanajan loba cocoba?

13 Cocoba nu teterusan. Sababaraha hamba Yéhuwa ngalaman cocoba jeung panganiayaan salila mangpuluh-puluh taun. Misalna, Anatoly Melnik.b Waktu manéhna umur 12 taun, bapana ditéwak, dipanjarakeun, jeung dibuang ka Siberia jauh ti kulawargana di Moldova, jarakna téh leuwih ti 7.000 kilométer. Sataun ti harita, Anatoly, indungna, jeung aki ninina dibuang ka Siberia. Teu lila, maranéhna bisa milu pasamoan di désa séjén, tapi kudu leumpang 30 kilométer bari jeung aya salju, suhuna gé di handap nol darajat. Ka dieunakeun, Sadérék Melnik dipanjarakeun salila tilu taun, dipisahkeun ti Lidiya, pamajikanana, jeung budakna nu umurna kakara sataun. Sanajan mangtaun-taun nyanghareupan cocoba, Anatoly jeung kulawargana tetep satia. Ayeuna, Anatoly umurna 82 taun jeung ngawula sabagé Panitia Cabang di Asia Tengah. Saperti Anatoly jeung Lidiya, urang gé bisa ngalakukeun palayanan ka Yéhuwa sakamampuh urang jeung terus satia siga saacanna.​—Gal. 6:9.

TERUS PIKIRKEUN HAREPAN URANG

14. Pikeun ngahontal tujuanana, Paulus sadar manéhna kudu kumaha?

14 Paulus yakin manéhna bisa ngaréngsékeun pangbalapan jeung ngahontal tujuanana. Salaku urang Kristen nu diistrénan, manéhna ngadago-dago pikeun ’meunangkeun ganjaran, nya eta hirup di sawarga’. Tapi, pikeun ngahontal éta tujuan, manéhna sadar kudu tetep ”ngudag” harepan éta. (Pil. 3:14, SF) Paulus méré ibarat nu alus ka jamaah Pilipi supaya maranéhna ogé tetep mikirkeun tujuanana.

15. Ku naon ibarat Paulus ngeunaan warga nagara téh alus pikeun ngajurung urang Kristen di Pilipi?

15 Paulus ngingetan jamaah Pilipi nu diistrénan yén maranéhna téh warga sawarga. (Pil. 3:20) Ku naon maranéhna kudu inget kana hal ieu? Harita, loba jalma hayang jadi warga nagara Rum lantaran loba kauntunganana.c Tapi, jadi warga sawarga téh leuwih unggul, kauntunganana gé jauh leuwih gedé. Mun dibandingkeun, jadi warga nagara Rum mah euweuh nanaonna! Éta sababna, Paulus ngajurung jamaah Pilipi, ”Sing cocog bae hirup aranjeun jeung pangajak wawaran hal Kristus.” (Pil. 1:27) Kecap ”hirup” dina ayat ieu bisa ogé ngamaksudkeun ”laku lampah sabagé warga nagara”. Kiwari, urang Kristen nu diistrénan méré tuladan alus. Maranéhna ngudag tujuan pikeun hirup langgeng di sawarga.

16. Teu sual urang boga harepan hirup di sawarga atawa di bumi, naon nu kudu terus dilakukeun ku urang numutkeun Pilipi 4:6, 7?

16 Teu sual urang boga harepan hirup di sawarga atawa di pirdaus di bumi, urang kudu tetep ngudag tujuan éta. Rék kumaha ogé kaayaanana, ulah terus mikiran hal-hal nu geus kaliwat jeung ulah nepi ka eureun ngawula Yéhuwa. (Pil. 3:16) Bisa jadi urang geus ngadagoan lila pikeun ningali ngawujudna jangji-jangji Yéhuwa, atawa urang ayeuna boga masalah kaséhatan. Aya ogé nu kudu ngalaman cocoba jeung panganiayaan mangtaun-taun. Teu sual naon nu kaalaman ku Sadérék, ”tong salempang naon-naon”. Tepikeun doa jeung panyambat Sadérék ka Allah. Mantenna bakal masihan katengtreman nu teu kabayangkeun ku Sadérék.​—Baca Pilipi 4:6, 7.

17. Naon nu bakal dibahas dina artikel saterusna?

17 Waktu geus nempo garis tungtung, atlit balap lumpat ngaluarkeun sakabéh tanagana. Urang gé geus téréh nepi ka tungtung pangbalapan, jadi urang kudu terus neuteup harepan nu éndah dina mangsa kahareup sarta kudu bajoang ngahontal harepan éta sakuat tanaga luyu jeung kaayaan urang. Kumaha urang bisa tetep aya dina jalur nu bener jeung terus maju? Artikel saterusna bakal ngabantu urang pikeun ”mastikeun hal-hal nu leuwih penting”.​—Pil. 1:9, 10, NW.

NAON JAWABAN SADÉRÉK?

  • Kumaha tuladan Paulus ngajurung urang pikeun terus ngudag tujuan urang?

  • Kumaha urang bisa terus maju dina pangbalapan rohani sanajan aya harepan nu can kacumponan, aya masalah kaséhatan, jeung teterusan ngalaman cocoba?

  • Naon nu ngajurung Paulus terus bajoang?

KAWIH 79 Ajar Maranéhna Sangkan Pengkuh

a Teu sual geus sabaraha lila urang ngawula Yéhuwa, urang hayang jadi urang Kristen nu leuwih hadé. Rasul Paulus ngajurung dulur saimanna supaya teu nyerah! Eusi surat Paulus keur jamaah Pilipi ngajurung urang pikeun terus ngudag kahirupan nu langgeng. Artikel ieu bakal méré nyaho carana ngalarapkeun naséhat Paulus ieu.

b Tingali pangalaman hirup Sadérék Melnik, ”Diajar sejak Kecil untuk Mengasihi Allah”, dina Sedarlah! 22 Oktober 2004.

c Lantaran Pilipi téh jajahan Rum, penduduk kota éta boga hak sabagé warga nagara Rum. Jadi, ibarat Paulus téh kaharti pisan ku jamaah Pilipi.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun