ARTIKEL PALAJARAN 32
Sing Beuki Gedé Kanyaah
”Sim kuring terus ngadoakeun aranjeun, sing beuki gedé kanyaah.”—PIL. 1:9, Terjemahan Dunia Baru (NW).
KAWIH 106 Mekarkeun Kanyaah
NU DIBAHASa
1. Saha nu ngadegkeun sidang di Pilipi?
BASA Rasul Paulus, Silas, Lukas, jeung Timoteus nepi ka Pilipi, nyaéta daérah jajahan Rum, maranéhna panggih jeung loba jalma nu resep kana warta Karajaan. Opat priya nu sumanget ieu ngadegkeun sidang nu mimiti tuluy masamoan bareng jeung kabéh murid. Katingalina, maranéhna masamoan di imah Lidia nu béréhan.—Ras. 16:40.
2. Tangtangan naon nu disanghareupan ku sidang éta?
2 Teu lila, sidang anyar ieu nyanghareupan tangtangan. Sétan ngagerakkeun musuh-musuh bebeneran pikeun nentang kagiatan pangwawaran. Paulus jeung Silas ditéwak, digebugan ku tongkat, tuluy dipanjarakeun. Sanggeus dibébaskeun ti panjara, maranéhna nganjangan jeung nguatkeun murid-murid nu anyar ieu. Geus kitu, Paulus, Silas, jeung Timoteus indit ti kota éta, tapi sigana mah Lukas teu milu indit. Ayeuna, naon nu rék dilakukeun ku sadérék-sadérék nu anyar ieu? Ku bantuan roh Yéhuwa, maranéhna terus sumanget ngalaksanakeun palayanan. (Pil. 2:12) Paulus pasti reueus ka maranéhna!
3. Saperti nu disebutkeun dina Pilipi 1:9-11, naon waé nu didoakeun ku Paulus?
3 Kira-kira sapuluh taun ti harita, Paulus nulis surat ka sidang Pilipi. Lamun maca eusina, Sadérék bakal ngarasakeun sakumaha nyaahna Paulus ka maranéhna. Contona, ”Kacida tibelatna sim kuring ka aranjeun teh, lir tibelatna Kristus Yesus ku anjeun.” (Pil. 1:8) Maranéhna ogé didoakeun ku Paulus. Urang ayeuna tangtu bisa meunang mangpaat tina naséhat Paulus. Jadi, hayu urang baca tulisan Paulus keur jamaah Pilipi, ”Sim kuring terus ngadoakeun aranjeun, sing beuki gedé kanyaah, boga pangaweruh nu bener jeung pamahaman, supaya bisa mastikeun hal-hal nu leuwih penting, jadi aranjeun taya cawadeunana, jeung henteu jadi hahalang nu matak batur titajong, nepi ka datangna poé Kristus, sarta ku bantuan Yésus Kristus, aranjeun bisa leuwih loba ngalampahkeun hal nu bener, ku kituna Allah bakal dipuji jeung dimulyakeun.” (Pil. 1:9-11, NW) Urang bakal ngabahas hal-hal nu disebutkeun ku Paulus jeung kumaha urang bisa ngalarapkeunana.
SING BEUKI GEDÉ KANYAAH
4. (a) Numutkeun 1 Yohanes 4:9, 10, naon buktina Yéhuwa nyaah ka urang? (b) Kudu sakumaha gedé kanyaah urang ka Allah?
4 Sabagé bukti kanyaah-Na nu gedé ka urang, Yéhuwa ngutus Putra-Na ka dunya pikeun maot, ku kituna dosa-dosa urang bisa dipupus. (Baca 1 Yohanes 4:9, 10.) Urang jadi kajurung pikeun mikanyaah Mantenna. (Rum 5:8) Kudu sakumaha gedé kanyaah urang ka Allah? Yésus ngajawab pananya ieu waktu ngomong ka urang Parisi, ”Kudu nyaah ka Pangeran . . . kalawan sabuleudna hate, sabuleudna jiwa, sarta saakal budi.” (Mat. 22:36, 37, Sunda Formal [SF]) Urang embung mikanyaah Allah satengah haté. Urang hayang kanyaah urang beuki ka dieu beuki gedé. Paulus gé ngomong ka urang Pilipi sangkan kanyaah maranéhna ”beuki gede”. Kumaha sangkan urang beuki nyaah ka Allah?
5. Kumaha urang bisa beuki nyaah ka Allah?
5 Supaya nyaah ka Allah, urang kudu wanoh ka Mantenna. Alkitab nyebutkeun, ”Anu henteu boga sipat asih teu terang ka Allah, sabab Allah teh sipat asih.” (1 Yoh. 4:8) Rasul Paulus ngajelaskeun yén kanyaah urang bakal beuki gedé lamun urang ”boga pangaweruh nu bener jeung pamahaman” ngeunaan Mantenna. (Pil. 1:9, NW) Waktu mimiti diajar Alkitab, kanyaah urang ka Allah tumuwuh sanajan pangaweruh urang ngeunaan sipat-sipat-Na kakara saeutik. Tapi, beuki loba urang diajar ngeunaan Yéhuwa, kanyaah urang gé bakal beuki gedé. Éta sababna, rutin diajar jeung ngalenyepan Firman Allah téh salah sahiji hal nu pangpentingna dina kahirupan urang.—Pil. 2:16, SF.
6. Urang diajar naon ngeunaan kanyaah tina 1 Yohanes 4:11, 20, 21?
6 Allah nyaah pisan ka urang, jadi urang kajurung pikeun mikanyaah dulur saiman. (Baca 1 Yohanes 4:11, 20, 21.) Bisa jadi urang mikir urang bakal otomatis nyaah ka maranéhna. Urang téh pan hamba Yéhuwa jeung sabisa-bisa nyonto sipat-sipat Mantenna nu hadé. Urang ogé nuturkeun tuladan Yésus, nu nyaah pisan ka urang nepi ka ngorbankeun nyawana. Tapi, sakapeung urang sok ngarasa hésé taat kana paréntah pikeun silih pikanyaah. Perhatikeun hiji conto di sidang Pilipi.
7. Urang diajar naon tina naséhat Paulus ka Éodia jeung Sintika?
7 Éodia jeung Sintika téh dua sadérék istri nu ”geus banting tulang” ngalalayanan bareng jeung Rasul Paulus. Tapi maranéhna teu akur, bisa jadi ku lantaran béda pandangan. Dina suratna ka sidang maranéhna, Paulus nyebutkeun ngaran Éodia jeung Sintika sarta mapatahan maranéhna sangkan ”alakur”. (Pil. 4:2, 3) Sakabéh anggota sidang gé dipapatahan ku Paulus, ”Lampahkeun sagala kawajiban ulah bari kukulutus atawa cekcok.” (Pil. 2:14) Tangtu, naséhat nu terus terang ieu teu ngan saukur ngabantu Éodia jeung Sintika, tapi ogé ngabantu sakabéh anggota sidang pikeun leuwih silih pikanyaah.
Ku naon urang kudu boga pandangan nu positif ka dulur saiman? (Tingali Paragrap 8)b
8. Ku naon urang osok ngarasa hésé mikanyaah dulur saiman, jeung urang kudu kumaha?
8 Siga Éodia jeung Sintika, bisa jadi urang ngarasa hésé mikanyaah dulur saiman lantaran urang osok mikirkeun kasalahan maranéhna. Unggal poé, urang kabéh nyieun salah. Lamun kasalahan maranéhna terus dipikiran ku urang, kanyaah urang bakal laas. Misalna, lamun aya dulur saiman nu poho bebersih Balé Karajaan, bisa jadi urang jéngkél. Terus, lamun urang mikirkeun kasalahanana nu séjén, urang bakal beuki jéngkél jeung teu nyaah deui ka manéhna. Naha Sadérék pernah ngarasa kitu? Pék lenyepan: Yéhuwa ningali boh kasalahan urang boh kasalahan dulur saiman urang. Sanajan kitu, Mantenna tetep nyaah ka urang jeung ka maranéhna. Éta sababna urang kudu nyonto kanyaah Yéhuwa jeung tetep boga pandangan nu positif ka dulur saiman. Lamun urang satékah polah mikanyaah maranéhna, urang bakal beuki raket jeung maranéhna.—Pil. 2:1, 2.
”HAL-HAL NU LEUWIH PENTING”
9. Naon waé nu kaasup ”hal-hal nu leuwih penting” nu disebutkeun ku Paulus dina suratna ka jamaah Pilipi?
9 Paulus dijurung ku roh suci pikeun méré pituduh ka jamaah Pilipi jeung sakabéh urang Kristen supaya maranéhna ”mastikeun hal-hal nu leuwih penting”. (Pil. 1:10, NW) Hal-hal penting ieu kaasup disucikeunana nami Yéhuwa, laksanana kahoyong Mantenna, sarta karukunan jeung kasatunggalan sidang. (Mat. 6:9, 10; Yoh. 13:35) Urang kabukti nyaah ka Yéhuwa lamun ngutamakeun hal-hal ieu dina kahirupan.
10. Urang kudu kumaha sangkan dianggap taya cawadeunana?
10 Ceuk Paulus, urang gé kudu ”taya cawadeunana”. Ieu lain hartina urang kudu sampurna. Ngan Yéhuwa nu bener-bener taya cawadeunana, urang mah moal bisa. Tapi, lamun urang sabisa-bisa nguatkeun kanyaah jeung mastikeun hal-hal nu leuwih penting, urang bakal dianggap taya cawadeunana ku Yéhuwa. Salah sahiji cara nguatkeun kanyaah urang téh nyaéta sabisa-bisa henteu jadi hahalang nu matak batur titajong.
11. Ku naon urang ulah nepi ka ngalantarankeun batur titajong?
11 Pituduh sangkan ”henteu jadi hahalang nu matak batur titajong” téh teu bisa dianggap énténg. Kumaha urang bisa ngalantarankeun batur titajong? Tina pilihan hiburan, pakéan, malahan pagawéan urang. Bisa jadi naon nu dilakukeun ku urang téh teu salah. Tapi mun éta ngaganggu haté sanubari batur jeung ngalantarankeun manéhna titajong, éta jadi masalah. Ceuk Yésus, mun aya jalma nu ngalantarankeun salah sahiji dombana titajong, leuwih alus lamun beuheung éta jalma dibangbaluhan ku batu nu beurat tuluy dialungkeun ka jero laut!—Mat. 18:6.
12. Urang diajar naon tina tuladan sapasang panaratas?
12 Aya pasangan panaratas nu ngalarapkeun pangéling Yésus ieu. Maranéhna sasidang jeung pasangan nu anyar dibaptis nu digedékeun di kulawarga nu loba aturan. Pasangan nu anyar dibaptis ieu nganggap urang Kristen teu meunang lalajo di bioskop sanajan filmna aman. Maranéhna reuwas waktu nyaho pasangan panaratas ieu lalajo di bioskop. Ku kituna, pasangan panaratas ieu teu indit heula ka bioskop nepi ka pasangan nu anyar dibaptis éta kalatih haté sanubarina jadi leuwih saimbang. (Ibr. 5:14) Tindakan pasangan panaratas nu teu mentingkeun diri ieu ngabuktikeun yén kanyaah maranéhna lain saukur omongan wungkul.—Rum 14:19-21; 1 Yoh. 3:18.
13. Kumaha urang bisa nyababkeun dulur urang nyieun dosa?
13 Urang ogé bisa ngalantarankeun batur titajong lamun sacara teu langsung nyababkeun dulur urang nyieun dosa. Misalna kieu, aya saurang palajar Alkitab nu bajoang pikeun bébas tina kacanduan alkohol. Manéhna sadar kudu ngajauhan alkohol sama sakali. Tuluy, manéhna nyieun kamajuan jeung dibaptis. Ka dieunakeun, manéhna diondang ka acara kumpul-kumpul di imah saurang sadérék. Tuluy nu ngondangna ngadesek manéhna nginum alkohol, ”Brur pan ayeuna geus dibaptis, jadi boga roh Yéhuwa. Salah sahiji sipat nu dihasilkeun ku roh suci téh kadali diri. Lamun bisa ngadalikeun diri, Brur bisa lah nginum saeutik mah.” Pék bayangkeun, kumaha lamun sadérék nu anyar ieu nuturkeun naséhat nu salah éta tuluy kacanduan alkohol deui, karunya pan?
14. Kumaha pasamoan Kristen bisa ngabantu urang ngalarapkeun pituduh dina Pilipi 1:10?
14 Pasamoan Kristen bisa ngabantu urang ngalarapkeun pituduh dina Pilipi 1:10 ku sababaraha cara. Kahiji, naon nu dibahas dina pasamoan némbongkeun naon nu dianggap penting ku Yéhuwa. Kadua, di pasamoan urang diajar carana ngalarapkeun Firman Allah, ku kituna urang dibantu sangkan taya cawadeunana. Nu katilu, urang dijurung pikeun ”nyieun kahadean jeung nembongkeun kanyaah”. (Ibr. 10:24, 25) Beuki sering dikuatkeun ku dulur saiman, urang gé bakal beuki nyaah ka Allah jeung ka maranéhna. Lamun haté urang pinuh ku kanyaah ka Allah jeung ka dulur saiman, urang bakal ngupayakeun supaya batur teu titajong.
SING ”LOBA NGALAMPAHKEUN HAL NU BENER”
15. Naon hartina ”leuwih loba ngalampahkeun hal nu bener”?
15 Paulus ngadoakeun sangkan jamaah Pilipi ”leuwih loba ngalampahkeun hal nu bener”. (Pil. 1:11, NW) Nu kaasup ”hal nu bener” téh tangtuna kanyaah ka Yéhuwa jeung ka umat-Na. Éta ogé kaasup nyaritakeun iman maranéhna ngeunaan Yésus jeung harepan nu éndah dina mangsa kahareup. Pilipi 2:15, 16 nyebutkeun yén urang Kristen ”kudu jadi saibarat bentang-bentang anu nyaangan” dunya. Ieu téh cocog lantaran Yésus ogé nyebut murid-muridna ’minangka caang di dunya’. (Mat. 5:14-16) Anjeunna ogé maréntahkeun murid-muridna pikeun ’ngajadikeun murid’ jeung ”jaradi saksi-saksi . . . nepi ka tungtung bumi”. (Mat. 28:18-20; Ras. 1:8) Urang ngalampahkeun ”hal nu bener” lamun terus sibuk ngalakukeun tugas penting ieu.
Waktu jadi tahanan imah di Rum, Paulus nulis surat ka jamaah Pilipi. Sanajan teu bébas, Paulus ngamangpaatkeun kasempetan pikeun ngawawar ka nu ngajaga jeung ka nu nganjangan manéhna (Tingali Paragrap 16)
16. Kumaha Pilipi 1:12-14 némbongkeun yén urang tetep bisa nyaangan dunya sanajan aya tangtangan? (Tingali gambar dina sampul hareup.)
16 Teu sual kaayaanana, urang tetep bisa jadi ”saibarat bentang-bentang anu nyaangan” dunya. Sakapeung, naon nu katingalina hahalang malah jadi kasempetan pikeun méré kasaksian. Contona Rasul Paulus, manéhna keur jadi tahanan imah di Rum waktu nulis surat ka jamaah Pilipi. Tapi, éta teu ngahalangan manéhna pikeun ngawawar ka nu ngajagana jeung ka nu daratang. Paulus tetep sumanget méré kasaksian. Dulur-dulur saimanna gé jadi ”leuwih yakin percayana ka Gusti, jeung jadi leuwih warani nguarkeun eta amanat Allah”.—Baca Pilipi 1:12-14; 4:22.
Terus téangan cara-cara pikeun sagemblengna ngalaksanakeun palayanan Sadérék (Tingali Paragrap 17)c
17. Kumaha sadérék-sadérék urang tetep ngawawar sanajan aya halangan?
17 Aya loba ogé sadérék nu wanian saperti Paulus. Di nagrina, maranéhna teu bébas ngawawar ti imah ka imah, jadi kudu néangan cara séjén pikeun nguarkeun warta hadé. (Mat. 10:16-20) Di hiji nagri nu siga kitu, saurang pangawas wilayah méré saran sangkan pawarta ngawawar ka baraya, tatangga, batur sakola, batur gawé, jeung kawawuhanana. Éta jadi ”daérah” maranéhna. Dina waktu dua taun, jumlah sidang di wilayah éta nambahan loba. Bisa jadi di nagri urang mah urang bébas ngawawar. Tapi, urang bisa diajar ti sadérék-sadérék nu loba akal ieu: Terus téangan cara-cara pikeun sagemblengna ngalaksanakeun palayanan Sadérék. Sing yakin, Yéhuwa bakal masihan kakuatan pikeun nyanghareupan halangan naon waé.—Pil. 2:13.
18. Naon nu sakuduna jadi tékad urang?
18 Dina mangsa nu penting ieu, mugia urang boga tékad pikeun ngalarapkeun naséhat Paulus dina suratna ka jamaah Pilipi. Urang kudu mastikeun hal-hal nu leuwih penting, taya cawadeunana, teu jadi hahalang nu matak batur titajong, jeung terus ngalampahkeun hal-hal nu bener. Ku kituna, kanyaah urang bakal beuki gedé jeung bisa ngamulyakeun Yéhuwa, Bapa urang nu nyaahan.
KAWIH 17 ”Kami Daék”
a Leuwih ti saacanna, ayeuna urang kudu beuki nyaah ka dulur saiman. Tina surat ka jamaah Pilipi, urang diajar carana supaya gedé kanyaah sanajan éta téh teu gampang.
b KATERANGAN GAMBAR: Waktu bebersih Balé Karajaan, Joni kalah ka ngobrol jeung saurang sadérék tur putrana. Martin, nu keur nyedot debu, jadi jéngkél. Ceuk pamikirna, ’Si Joni lainna digawé, kalah ka ngobrol.’ Tapi sanggeus éta, Martin ningali Joni mani bageur ngabantuan sadérék istri nu geus rémpo. Ningali ieu, Martin jadi sadar manéhna kudu leuwih mikirkeun sipat-sipat hadé dulur saimanna.
c KATERANGAN GAMBAR: Di hiji nagri nu Saksina teu bébas ngawawar, saurang sadérék ku cara nu bijaksana nyaritakeun warta Karajaan ka kawawuhanana. Tuluy, waktu istirahat di tempat gawéna, sadérék ieu méré kasaksian ka babaturanana.