HARTA ROHANI TINA FIRMAN ALLAH | RASUL 1-3
Sidang Jamaah Kristen Narima Roh Suci
2:1-8, 14, 37, 38, 41-47
Loba urang Yahudi nu datang ka Yérusalém dina Péntakosta 33 M téh asalna ti daérah-daérah séjén. (Ras 2:9-11) Maranéhna ngajalankeun Hukum Musa, tapi bisa jadi geus saumur hirup maranéhna cicing di nagri séjén. (Yer 44:1) Malah tina gaya jeung cara ngomongna mah, maranéhna siga geus lain urang Yahudi. Waktu 3.000 jalma ti nagri-nagri séjén ieu dibaptis, sidang Kristen téh jadi dieusi ku loba jalma tina rupa-rupa kasang tukang. Sanajan kasang tukangna béda-béda, ”maranehna mani rajin karumpul di Bait Allah kalawan saniat sapikir”.—Ras 2:46, SF.
Kumaha urang bisa némbongkeun kaasih ka . . .
jalma-jalma ti daérah séjén nu aya di daérah dines urang?
dulur saiman ti daérah séjén nu aya di sidang urang?