KAHIRUPAN KRISTEN
Naha Sadérék Bisa Ngajelaskeun Iman Sadérék?
Sadérék rék ngajawab naon lamun aya nu nanya, ku naon Sadérék percaya yén Allah nu nyiptakeun sagala hal? Supaya bisa yakin waktu méré jawaban, Sadérék kudu ngalakukeun dua hal: Kahiji, buktikeun sorangan yén sagala hal téh diciptakeun ku Allah. (Rum 12:1, 2) Kadua, pikirkeun kumaha cara ngajelaskeun iman Sadérék ka batur.—Sil 15:28.
TONGTON VIDÉO AHLI BEDAH ORTOPÉDI NGAJELASKEUN IMANNA JEUNG VIDÉO AHLI SASATOAN NGAJELASKEUN IMANNA, TERUS JAWAB PANANYA-PANANYA DI HANDAP:
Ku naon Irène Hof Laurenceau percaya yén Allah nyiptakeun sagala hal, lainna percaya kana évolusi?
Ku naon Yaroslav Dovhanych percaya yén Allah nyiptakeun sagala hal, lainna percaya kana évolusi?
Kumaha Sadérék bakal ngajelaskeun alesan Sadérék percaya yén Allah nu nyiptakeun sagala hal?
Sasadiaan naon waé ti organisasi nu bisa ngayakinkeun Sadérék jeung batur yén Allah nyiptakeun sagalana?