PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 100
  • Urang Kudu Kumaha mun Ngalanggar Aturan ti Kolot?

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Urang Kudu Kumaha mun Ngalanggar Aturan ti Kolot?
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Nu ulah dilakukeun
  • Nu perlu dilakukeun
  • Kumaha Carana Supaya Abdi Dipercaya ku Kolot Abdi?
    Pananya Budak Ngora
  • Ku Naon Kudu Ménta Maap?
    Pananya Budak Ngora
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 100
Budak awéwé nu balikna telat tuluy ngobrol bareng jeung kolotna nu hariwang.

PANANYA BUDAK NGORA

Urang Kudu Kumaha mun Ngalanggar Aturan ti Kolot?

Ampir kabéh kulawarga biasana boga aturan. Misalna, jam sabaraha geus kudu aya di imah, sabaraha lila meunang maké gadget, kabiasaan di imah, jeung aturan séjénna.

Tapi kumaha mun anjeun ngalanggar aturan-aturan éta? Anjeun mémang teu bisa ngarobah nu geus kajadian, tapi anjeun bisa ngupayakeun sangkan kaayaanna teu beuki kacow. Artikel ieu bakal méré nyaho kumaha carana.

  • Nu ulah dilakukeun

  • Nu perlu dilakukeun

  • Ceuk babaturan anjeun

Nu ulah dilakukeun

  • Mun kolot can nyaho anjeun geus ngalanggar aturan, bisa jadi anjeun hayang nyumputkeun kasalahan.

  • Mun maranéhna nyaho anjeun geus ngalanggar aturan, bisa jadi anjeun hayang néang-néang alesan atawa nyalahkeun batur.

Éta kabéh lain jalan kaluar nu alus. Ku naon? Lamun nutupan kasalahan, anjeun katingali can déwasa. Malah, anjeun bakal dianggap bubudakeun kénéh ku kolot.

”Ngabohong téh lain jalan kaluarna. Engké mun kolot nyahoeun, hukumanana bakal leuwih beurat tibatan lamun anjeun nyarita ti mimiti kénéh.” —Diana.

Nu perlu dilakukeun

  • Ngakukeun kasalahan. Ceuk Kitab Suci, ”Nu ngabunian dosa, moal jamuga hirupna.” (Siloka 28:13) Sabenerna, kolot ogé paham mun anjeun bisa ngalakukeun kasalahan. Tapi, Na anjeun jujur?

    ”Kolot bakal leuwih gampang ngahampura lamun anjeun nyaritakeun nu sabenerna. Jadi lamun anjeun jujur, kolot bakal leuwih percaya ka anjeun.”—Olivia.

  • Ménta maap. Ceuk Kitab Suci, ”Kudu ngarendahkeun diri.” (1 Petrus 5:5) Urang kudu rendah haté waktu ménta maap jeung tong méré loba alesan.

    ”Lamun urang sok méré loba alesan waktu nyieun kasalahan, lalaunan urang moal pati rumasa salah. Lila-lila urang moal rumasa salah sama sakali.” —Heather.

  • Tarima akibatna. Ceuk Kitab Suci, ”Lenyepkeun sakur anu ku kami diwurukkeun.” (Siloka 8:33) Ulah sok kukulutus jeung tarima disiplin ti kolot anjeun.

    ”Beuki urang protés, beuki kacow ogé kaayaanana. Jadi, tarima hukumanana jeung jalankeun, sanajan urang téh rugi.”—Jason.

  • Carana supaya di percaya deui. Ceuk Kitab Suci, ”Adat kabiasaan heubeul anu geus ruksak ku angen-angen anu sasar teh geura piceun.” (Epesus 4:22) Terus lakukeun nu hadé supaya kolot percaya deui ka anjeun.

    ”Mun kolot ningali anjeun terus nyieun putusan nu hadé, maranéhna bakal percaya deui ka anjeun.”—Karen.

SARAN: Lakukeun leuwih ti nu dipénta ku kolot pikeun ngabuktikeun yén anjeun bisa dipercaya deui. Contona, sanajan anjeun moal telat balik, béré nyaho kolot mun anjeun geus di jalan rék balik. Éta téh sarua siga anjeun ngomong ka kolot, ’Abdi siap dipercaya deui.’

Ceuk babaturan anjeun

Darius.

”Nyumputkeun kasalahan téh sarua jeung ngabohong. Tungtungna kolot anjeun bakal nyaho, jeung hukumanana bakal leuwih beurat tibatan lamun anjeun jujur ti mimiti.”—Darius.

Sierra.

”Waktu urang ngalakukeun kasalahan tuluy nyalahkeun batur, urang katingali teu déwasa jeung teu tanggung jawab kana kasalahan sorangan. Mun geus kitu, kolot hésé percaya deui lamun urang teu ménta maap.”—Sierra.

Kasimpulan: Urang kudu kumaha mun ngalanggar aturan ti kolot?

  • Ngakukeun kasalahan. Kolot nyaho anjeun bisa ngalakukeun kasalahan, tapi kolot hayang anjeun jujur.

  • Ménta maap. Sing rendah haté waktu ménta maap jeung ulah nyieun alesan.

  • Tarima akibatna. Tarima jeung jalankeun disiplin ti kolot anjeun.

  • Carana supaya di percaya deui. Terus lakukeun nu hadé, supaya kolot percaya deui ka anjeun.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun