PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • ijwyp artikel 115
  • Cara Nyanghareupan Kasedih Lantaran Ditinggal Maot

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Cara Nyanghareupan Kasedih Lantaran Ditinggal Maot
  • Pananya Budak Ngora
  • Subjudul
  • Bahan nu Sarupa
  • Ku naon parasaan abdi téh teu pararuguh kieu?
  • Kumaha cara nyanghareupanana?
  • Saran-Saran keur Nu Sungkawa—Nu Bisa Dilakukeun
    Éling!—2018
  • ”Milu Ceurik ka nu Ceurik”
    Warta Hadé Hal Karajaan Yéhuwa (Édisi Palajaran)—2017
  • Nu Bisa Kaalaman
    Éling!—2018
  • Dina Majalah Ieu: Tetep Tabah Waktu Ditinggal Maot
    Éling!—2018
Pananya Budak Ngora
ijwyp artikel 115
Saurang budak awéwé keur ceurik dina kasur bari nempoan poto manéhna jeung akina.

PANANYA BUDAK NGORA

Cara Nyanghareupan Kasedih Lantaran Ditinggal Maot

Anjeun kakara ditinggal maot ku sobat atawa kulawarga anjeun? Lamun enya, artikel ieu bisa ngabantu anjeun supaya henteu teterusan sedih.

Nu dibahas dina ieu artikel:

  • Ku naon parasaan abdi téh teu pararuguh kieu?

  • Kumaha cara nyanghareupanana?

  • Ceuk babaturan anjeun

Ku naon parasaan abdi téh teu pararuguh kieu?

Waktu ditinggal maot, loba jalma ngarasa campur aduk. Parasaan-parasaan éta téh beurat pisan jeung teu leungit-leungit.

”Unggal poé abdi téh sok inget waé ka si Aki. Najan geus dua taun ti saprak anjeunna maot, abdi masih sok ceurik lamun nyaritakeun anjeunna.”​—Olivia.

”Si Nini téh bener-bener ngadukung abdi pikeun ngahontal cita-cita. Tapi anjeunna téh kaburu maot. Jadi unggal abdi bisa ngahontal salah sahiji cita-cita abdi, abdi téh sok sedih lantaran inget ka si Nini.”​—Alison.

Waktu aya kulawarga atawa sobat nu maot, bisa jadi parasaan anjeun téh campur aduk. Perhatikeun sababaraha contona:

”Waktu si Ua maot, abdi téh reuwas pisan. Butuh waktu lila pikeun bisa narimakeun lantaran harita abdi can pernah ditinggal maot ku kulawarga deukeut, asa jiga katabrak karéta.”​—Nadine.

”Basa si Aki maot, urang téh rada ambek ka si Aki. Anjeunna teu ngajaga kaséhatanana padahal geus mindeng diomatan.”​—Carlos.

”Waktu si Aki rék maot téh, kabéh anggota kulawarga aya di ditu. Ngan abdi jeung lanceuk anu henteu. Jadi abdi rumasa salah pisan, lantaran abdi teu bisa panggih heula jeung si Aki.”​—Adriana.

”Aya sapasang salaki pamajikan nu deukeut jeung kulawarga urang. Tapi, maranéhna téh maot lantaran kacilakaan. Ti saprak éta, urang ngarasa hariwang mun aya anggota kulawarga nu indit ka luar. Urang hariwang bisi aya nanaon ka manéhna.”​—Jared.

”Waktu nini abdi maot tilu taun nu kamari, abdi téh kaduhung pisan. Mun atuh baheula téh abdi leuwih sering maturan waktu anjeunna hirup kénéh.”​—Julianna.

Parasaan reuwas, ambek, rumasa salah, hariwang, jeung kaduhung téh wajar kaalaman ku jalma-jalma nu ditinggal maot. Mun anjeun ngarasakeun parasaan-parasaan éta, sing yakin mun engké gé parasaan éta bakal ngurangan. Tapi, ti ayeuna kénéh anjeun bisa nyanghareupan parasaan-parasaan éta. Kumaha carana?

Kumaha cara nyanghareupanana?

Caritakeun parasaan anjeun ka sobat. Ceuk Alkitab sobat sajati téh ”keur silih tulungan dina kasusah”. (Siloka 17:17) Anjeun bisa ngarasa leuwih tenang lamun nyaritakeun parasaan anjeun ka sobat.

”Ngarasa sedih waktu aya nu maot téh wajar. Sakapeung anjeun hayang nyorangan, tapi mun kitu terus bisa jadi anjeun ngarasa masalah anjeun téh euweuh jalan kaluarna. Jadi anjeun perlu nyarita ka babaturan.”​—Yvette.

Sing terus inget ka jalma nu dipikanyaah. Alkitab nyebutkeun, ”Jalma hadé . . . haténa pinuh ku hal-hal hadé.” (Lukas 6:45) Anjeun bisa nulis pangalaman-pangalaman nu alus atawa nyieun album poto.

”Abdi nulis kabéh hal-hal hadé nu dicaritakeun ku babaturan abdi basa manéhna hirup kénéh. Jadi abdi bisa terus nyonto tuladan manéhna. Salian ti éta, abdi ogé jadi henteu pati ngarasa kaleungitan teuing.”​—Jeffrey.

Saurang awéwé ngora keur nulis dina buku catetan.

Jaga kaséhatan anjeun. Alkitab méré nyaho yén olahraga téh aya mangpaatna. (1 Timotius 4:8) Jadi, pék dahar dahareun nu séhat, olahraga nu cukup, jeung ulah kurang saré.

”Mun anjeun keur sedih, pikiran anjeun bisa jadi kacow. Jadi, anjeun kudu ngajaga diri tetep séhat. Ulah nepi ka teu dahar atawa kurang saré.”​—Maria.

Saurang budak lalaki keur olahraga.

Bantuan batur. Ceuk Alkitab, ”Leuwih bagja méré tibatan nampa.”​—Kisah 20:35.

”Pék bantuan batur nu ngarasa sedih lantaran ditinggal maot. Anjeun jadi bisa paham mun lain anjeun hungkul nu ngarasa kitu.”​—Carlos.

Saurang awéwé ngora keur mantuan saurang lansia pikeun maké tablét.

Ungkabkeun parasaan anjeun ka Gusti dina doa. Alkitab nyebutkeun yén Yéhuwa téh ’Gusti nu ngamakbul kana paneda’. (Jabur 65:3) Alkitab ogé ngajelaskeun, ”Hate nu ancur ku Mantenna disina cageur, raheut-raheutna dibeberan.”​—Jabur 147:3.

”Pék ngadoa ka Yéhuwa ménta kakuatan jeung bantuan nu dibutuhkeun ku anjeun. Sakapeung aya waktuna urang ngarasa teu kuat, tapi sing yakin Yéhuwa mah bakal terus nyarengan urang.”​—Jeanette.

Kudu sabar ka diri sorangan. Sing inget, nu dirasakeun ku unggal jalma waktu aya nu maot téh béda-béda. Alkitab méré nyaho yén Yakub ”teu daék dililipur” waktu manéhna mikir budakna téh geus maot. (Kajadian 37:35) Jadi ulah hariwang mun parasaan sedih anjeun teu leungit-leungit.

”Ari abdi mah sok ujug-ujug inget ka lanceukna nini, padahal geus 15 taun anjeunna téh maot.”​—Taylor.

Bayangkeun mun tulang anjeun aya nu potong. Éta téh pasti nyeri pisan sarta meureun bakal lila cageurna. Bari ngadagoan, dokter ogé pasti bakal méré saran-saran nu kudu dilakukeun ku anjeun supaya gancang cageur.

Saurang lalaki ngora nu sukuna maké gips keur ningali nu keur sapédahan di luar.

Kapeurih lantaran ditinggal maot gé kitu, butuh waktu supaya urang pulih deui jeung teu pati sedih teuing. Jadi sing sabar. Pék perhatikeun saran-saran dina ieu artikel sarta pilih nu paling cocog keur anjeun.

Ceuk babaturan anjeun

Isabelle.

”Nyanghareupan kasedih téh lain hartina anjeun kudu mopohokeun atawa henteu mikirkeun manéhna sama sakali. Sabalikna, nya alus ogé lamun urang nginget-nginget manéhna jeung mikirkeun sakumaha penting manéhna téh keur urang.”​—Isabelle.

Jordan.

”Ulah rumasa salah mun anjeun geus teu pati sedih deui. Mun anjeun geus bisa gumbira deui, lain hartina anjeun teu ngahormat ka kulawarga atawa sobat nu maot. Tapi, éta hartina anjeun téh geus mulai pulih deui. Mun kulawarga atawa sobat nu anjeun pikanyaah téh hirup kénéh, pasti éta ogé nu dipikahayang ku manéhna.”​—Jordan.

Ringkesan: Cara Nyanghareupan Kasedih Lantaran Ditinggal Maot

  • Caritakeun parasaan anjeun ka sobat. Anjeun bisa ngarasa leuwih tenang lamun nyaritakeun parasaan anjeun ka sobat.

  • Sing terus inget ka jalma nu dipikanyaah. Inget-inget pangalaman nu alus jeung manéhna. Anjeun bisa nuliskeun pangalaman éta.

  • Jaga kaséhatan anjeun. Pék dahar dahareun nu séhat, olahraga nu cukup, jeung ulah kurang saré.

  • Bantuan batur. Pék bantu batur, hususna nu ngarasa sedih lantaran ditinggal maot ogé.

  • Ungkabkeun parasaan anjeun ka Gusti dina doa. Pék ngadoa ka Yéhuwa ménta kakuatan jeung bantuan nu dibutuhkeun ku anjeun.

  • Kudu sabar ka diri sorangan. Sing inget, nu dirasakeun ku unggal jalma waktu aya nu maot téh béda-béda.

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun