PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Bilangan 21
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Bilangan

      • Raja Arad diéléhkeun (1-3)

      • Oray tambaga (4-9)

      • Urang Israél teu ngaliwatan nagri Moab (10-20)

      • Sihon raja urang Amori diéléhkeun (21-30)

      • Og raja urang Amori diéléhkeun (31-35)

Bilangan 21:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 33:40; Yos 12:7, 14

Bilangan 21:3

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Dihususkeun keur Dimusnakeun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 14:45

Bilangan 21:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 33:41
  • +Bil 20:21; Pam 2:8; Hak 11:18

Bilangan 21:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”rujit”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 14:11; 15:24; Bil 16:13
  • +Bil 20:5
  • +Bud 16:15; Bil 11:6; Jab 78:24, 25

Bilangan 21:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Kor 10:6, 9

Bilangan 21:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 78:34
  • +Bud 32:11

Bilangan 21:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Raj 18:1, 4
  • +Yah 3:14, 15
  • +Yah 6:40

Bilangan 21:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 33:43

Bilangan 21:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 33:44

Bilangan 21:12

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”Wadi”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 2:13

Bilangan 21:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 22:36; Hak 11:18

Bilangan 21:14

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”wadi-wadi”.

Bilangan 21:15

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”léréng”.

  • *

    Atawa ”wadi-wadi”.

Bilangan 21:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 13:15, 17

Bilangan 21:20

Catetan Handap

  • *

    As. ”tegalan”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”gurun keusik; tanah gurun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 33:49
  • +Pam 3:27; 34:1
  • +Bil 23:28

Bilangan 21:21

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 2:26-28

Bilangan 21:22

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta jalan gedé.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 20:14, 17

Bilangan 21:23

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 2:30-35; 29:7; Hak 11:19, 20

Bilangan 21:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 135:10, 11
  • +Bil 32:33; Néh 9:22
  • +Bil 21:13; Pam 3:16
  • +Hak 11:21, 22
  • +Bil 32:1; 1Bab 6:77, 81
  • +Yos 12:1, 2

Bilangan 21:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 10:15, 16; 15:16; Bud 3:8; Pam 7:1

Bilangan 21:29

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Hak 11:23, 24; 1Raj 11:7; 2Raj 23:13

Bilangan 21:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yos 13:15, 17
  • +Yos 13:8, 9

Bilangan 21:32

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 32:1

Bilangan 21:33

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 3:11; 4:47; Yos 13:8, 12
  • +Pam 3:1, 8, 10

Bilangan 21:34

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 20:3
  • +Bud 23:27; Pam 7:24
  • +Pam 3:2; Jab 135:10, 11

Bilangan 21:35

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 3:3
  • +Yos 12:4-6

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Bil. 21:1Bil 33:40; Yos 12:7, 14
Bil. 21:3Bil 14:45
Bil. 21:4Bil 33:41
Bil. 21:4Bil 20:21; Pam 2:8; Hak 11:18
Bil. 21:5Bud 14:11; 15:24; Bil 16:13
Bil. 21:5Bil 20:5
Bil. 21:5Bud 16:15; Bil 11:6; Jab 78:24, 25
Bil. 21:61Kor 10:6, 9
Bil. 21:7Jab 78:34
Bil. 21:7Bud 32:11
Bil. 21:92Raj 18:1, 4
Bil. 21:9Yah 3:14, 15
Bil. 21:9Yah 6:40
Bil. 21:10Bil 33:43
Bil. 21:11Bil 33:44
Bil. 21:12Pam 2:13
Bil. 21:13Bil 22:36; Hak 11:18
Bil. 21:19Yos 13:15, 17
Bil. 21:20Bil 33:49
Bil. 21:20Pam 3:27; 34:1
Bil. 21:20Bil 23:28
Bil. 21:21Pam 2:26-28
Bil. 21:22Bil 20:14, 17
Bil. 21:23Pam 2:30-35; 29:7; Hak 11:19, 20
Bil. 21:24Jab 135:10, 11
Bil. 21:24Bil 32:33; Néh 9:22
Bil. 21:24Bil 21:13; Pam 3:16
Bil. 21:24Hak 11:21, 22
Bil. 21:24Bil 32:1; 1Bab 6:77, 81
Bil. 21:24Yos 12:1, 2
Bil. 21:25Kaj 10:15, 16; 15:16; Bud 3:8; Pam 7:1
Bil. 21:29Hak 11:23, 24; 1Raj 11:7; 2Raj 23:13
Bil. 21:30Yos 13:15, 17
Bil. 21:30Yos 13:8, 9
Bil. 21:32Bil 32:1
Bil. 21:33Pam 3:11; 4:47; Yos 13:8, 12
Bil. 21:33Pam 3:1, 8, 10
Bil. 21:34Pam 20:3
Bil. 21:34Bud 23:27; Pam 7:24
Bil. 21:34Pam 3:2; Jab 135:10, 11
Bil. 21:35Pam 3:3
Bil. 21:35Yos 12:4-6
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Bilangan 21:1-35

Bilangan

21 Waktu raja nagri Arad,+ nyaéta urang Kanaan nu cicing di Négéb, ngadéngé yén urang Israél geus datang ti jalan Atarim, manéhna nyerang Israél jeung ngaboyong sababaraha urang jadi tawanan. 2 Jadi urang Israél ikrar kieu ka Yéhuwa, ”Upami Gusti masrahkeun éta bangsa ka abdi sadaya, kota-kota maranéhna ku abdi sadaya pasti diancur-ancurkeun.” 3 Yéhuwa ngabulkeun paménta urang Israél sarta masrahkeun urang Kanaan ka maranéhna. Urang Kanaan jeung kota-kotana dimusnakeun. Éta sababna, éta tempat dingaranan Horma.*+

4 Ti Gunung Hor,+ maranéhna neruskeun perjalanan ngaliwatan jalan nu arahna ka Laut Beureum supaya teu ngaliwatan nagri Édom.+ Tapi di perjalanan, maranéhna leungit kasabaran. 5 Maranéhna teterusan kukulutus ka Allah jeung ka Musa,+ ”Ku naon abdi sadaya dibawa budal ti Mesir? Ngarah paéh di tanah gurun? Di dieu mah euweuh dahareun, euweuh cai nginum.+ Abdi sadaya geus bosen* dahar ieu roti nu pikageuleuheun.”+ 6 Seug Yéhuwa ngadatangkeun oray-oray matih ka urang Israél nepi ka loba nu paraéh diparacokan.+

7 Jadi, jalma-jalma manggihan Musa tuluy ngomong kieu, ”Abdi sadaya geus dosa lantaran kukulutus ka Yéhuwa jeung ka anjeun.+ Pangméntakeun ka Yéhuwa supaya oray-oray ieu disingkirkeun.” Seug Musa ngadoa demi éta bangsa.+ 8 Geus kitu Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Jieun patung oray matih tuluy teundeun dina tihang. Lamun aya nu dipacok ku oray, manéhna kudu ningali ka dinya supaya henteu tiwas.” 9 Musa langsung nyieun patung oray tina tambaga,+ tuluy éta diteundeun dina tihang.+ Jalma nu dipacok ku oray moal tiwas lamun manéhna ningali ka éta patung.+

10 Sanggeus kitu, urang Israél arindit tuluy masang kémah di Obot.+ 11 Ti Obot, maranéhna arindit deui tuluy masang kémah di Iyé-abarim,+ di tanah gurun beulah wétan, hareupeun Moab. 12 Ti dinya, maranéhna arindit tuluy masang kémah di Lebak* Zéréd.+ 13 Geus kitu, maranéhna arindit tuluy masang kémah di wilayah Arnon.+ Arnon téh aya di tanah gurun, nu wilayahna téh mimitina ti wates wilayah urang Amori. Arnon gé wawatesan jeung wilayah Moab. Jadi, Arnon téh ayana di antara wilayah Moab jeung urang Amori. 14 Éta sababna dina buku Perang Yéhuwa disebutkeun ngeunaan ”Wahéb di Sufa, lebak-lebak* di Arnon, 15 sarta lamping* lebak-lebak* éta nepi ka Ar jeung wawatesan wilayah Moab”.

16 Tuluy maranéhna arindit ka Béér. Yéhuwa pernah méré paréntah kieu ka Musa ngeunaan ieu sumur, ”Kumpulkeun jalma-jalma, ku Kuring rék dibéré cai.”

17 Harita urang Israél nyaranyi ieu lagu,

”Hé sumur, sing loba caina! Hé jalma-jalma, hayu urang kawihkeun!

18 Sumur nu digali ku para pamingpin, nu digali ku para bangsawan,

Digalina ku tongkat maranéhna, ku tongkat kakawasaanana.”

Geus kitu, maranéhna arindit ti tanah gurun ka Matana. 19 Ti Matana arindit ka Nahaliél, ti Nahaliél arindit ka Bamot.+ 20 Ti Bamot, maranéhna arindit ka lebak di wilayah* Moab,+ di puncak Pisga,+ nu nyanghareup ka Yésyimon.*+

21 Geus kitu, urang Israél ngirim sababaraha utusan ka Sihon raja urang Amori. Maranéhna dititah ngomong kieu,+ 22 ”Mugia Raja ngidinan abdi sadaya ngalangkung ka wilayah Raja. Abdi sadaya moal nyimpang ka lahan atawa kebon anggur. Abdi sadaya gé moal nginum tina sumur nu aya di wilayah Raja. Abdi sadaya mung badé mapah di Jalan Raja* dugi ka kaluar ti wilayah Raja.”+ 23 Tapi Sihon teu ngidinan urang Israél ngaliwat ka wilayahna. Sihon kalah ka ngumpulkeun kabéh pasukanna jeung merangan urang Israél di tanah gurun. Maranéhna datang ka Yahaz, seug merangan urang Israél.+ 24 Tapi, Israél ngéléhkeun manéhna ku pedang+ jeung ngarebut nagrina,+ ti wilayah Arnon+ nepi ka Yabok,+ deukeut wilayah urang Ammon. Tapi nu direbut téh ngan nepi ka dinya baé, lantaran Yazér+ téh wates wilayah urang Ammon.+

25 Jadi Israél ngarebut sakabéh kotana sarta cicing di sakabéh kota urang Amori,+ kaasup Hésbon jeung sakabéh kota di sakurilingna. 26 Hésbon téh kotana Sihon raja urang Amori. Manéhna nu merangan raja Moab jeung ngarebut sakuliah nagrina nepi ka Arnon. 27 Éta sababna jalma-jalma ngucapkeun ieu puisi keur ngahina,

”Hayu ka Hésbon.

Mugia kotana Sihon diwangun sina tohaga.

28 Seuneu kaluar ti Hésbon, seuneu luntab-léntab ti kota Sihon,

Ngaduruk Ar nu aya di Moab, neureuy para pangawasa tempat-tempat pamujaan di Arnon.

29 Cilaka, Moab! Manéh bakal diancurkeun, hé umat Khémos!+

Ku Khémos, anak-anak lalakina dijadikeun buronan, anak-anak awéwéna dijadikeun tawanan Sihon raja urang Amori.

30 Hayu urang panah maranéhna.

Hésbon bakal diancurkeun nepi ka Dibon.+

Hayu urang musnakeun nepi ka Nofa.

Seuneu bakal ngagedur nepi ka Médéba.”+

31 Jadi, urang Israél matuh di nagri urang Amori. 32 Geus kitu, Musa ngutus sababaraha mata-mata pikeun mariksa Yazér.+ Urang Israél ngarebut Yazér jeung kota-kota di sakurilingna. Maranéhna ngusir urang Amori nu aya di ditu. 33 Geus kitu, urang Israél neruskeun perjalanan ka jalan anu brasna ka Basyan. Og+ raja Basyan jeung sakabéh pasukanna datang merangan urang Israél di Édréi.+ 34 Yéhuwa nyarios ka Musa, ”Ulah sieun ka manéhna.+ Kuring rék nyerahkeun manéhna, sakabéh pasukanna, jeung sakuliah nagrina ka manéh.+ Manéh bakal ngéléhkeun Og, sakumaha manéh ngéléhkeun Sihon raja urang Amori, nu matuh di Hésbon.”+ 35 Jadi urang Israél ngéléhkeun Og, anak-anak lalakina, jeung sakabéh pasukanna, euweuh nu salamet hiji-hiji acan.+ Maranéhna ngarebut nagrina.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun