PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pamindo 26
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pamindo

      • Ngabaktikeun hasil panén nu mimiti (1-11)

      • Perpuluhan nu kadua (12-15)

      • Israél téh milik Yéhuwa nu istiméwa (16-19)

Pamindo 26:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 23:19; Ima 23:10; Bil 18:8, 12; 2Bab 6:6; 31:5; Sil 3:9

Pamindo 26:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 17:1, 8; 26:3

Pamindo 26:5

Catetan Handap

  • *

    Atawa bisa jadi ”nu ampir musna”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 28:5; Hos 12:12
  • +Kaj 46:3; Kis 7:15
  • +Kaj 46:27
  • +Bud 1:7; Pam 10:22; Jab 105:24

Pamindo 26:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 1:11

Pamindo 26:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 3:9; 4:31; Kis 7:34

Pamindo 26:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 6:6
  • +Bud 7:3; Pam 4:33, 34

Pamindo 26:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bud 3:8; Pam 8:7, 8; Yéh 20:6

Pamindo 26:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 26:2

Pamindo 26:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 12:7; 16:14

Pamindo 26:12

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”yatim pahatu”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 12:5, 6; 14:22
  • +Pam 14:28, 29; Sil 14:21; 1Yah 3:17

Pamindo 26:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yak 1:27

Pamindo 26:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 8:7, 8
  • +Bud 23:25
  • +Kaj 15:18; 26:3

Pamindo 26:16

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”jiwa”. Tingali Daptar Istilah.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 6:6; 11:1; Jab 119:34; 1Yah 5:3

Pamindo 26:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 26:46
  • +Pan 12:13
  • +Ima 19:37

Pamindo 26:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”nu dipikanyaah”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 14:2; 29:10-13

Pamindo 26:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 7:6; 28:1, 9
  • +Pam 4:8

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Pam. 26:2Bud 23:19; Ima 23:10; Bil 18:8, 12; 2Bab 6:6; 31:5; Sil 3:9
Pam. 26:3Kaj 17:1, 8; 26:3
Pam. 26:5Kaj 28:5; Hos 12:12
Pam. 26:5Kaj 46:3; Kis 7:15
Pam. 26:5Kaj 46:27
Pam. 26:5Bud 1:7; Pam 10:22; Jab 105:24
Pam. 26:6Bud 1:11
Pam. 26:7Bud 3:9; 4:31; Kis 7:34
Pam. 26:8Bud 6:6
Pam. 26:8Bud 7:3; Pam 4:33, 34
Pam. 26:9Bud 3:8; Pam 8:7, 8; Yéh 20:6
Pam. 26:10Pam 26:2
Pam. 26:11Pam 12:7; 16:14
Pam. 26:12Pam 12:5, 6; 14:22
Pam. 26:12Pam 14:28, 29; Sil 14:21; 1Yah 3:17
Pam. 26:13Yak 1:27
Pam. 26:15Pam 8:7, 8
Pam. 26:15Bud 23:25
Pam. 26:15Kaj 15:18; 26:3
Pam. 26:16Pam 6:6; 11:1; Jab 119:34; 1Yah 5:3
Pam. 26:17Ima 26:46
Pam. 26:17Pan 12:13
Pam. 26:17Ima 19:37
Pam. 26:18Pam 14:2; 29:10-13
Pam. 26:19Pam 7:6; 28:1, 9
Pam. 26:19Pam 4:8
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pamindo 26:1-19

Pamindo

26 ”Engké lamun maranéh geus asup ka tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun jadi warisan, sarta maranéh geus ngarebut éta tanah jeung matuh di dinya, 2 cokot hasil panén mimiti nu dikumpulkeun ku maranéh di tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, asupkeun kana karanjang, tuluy bawa ka tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh pikeun ngamulyakeun nami-Na.+ 3 Jung indit ka imam nu keur tugas dina waktu éta. Maranéh kudu ngomong kieu, ’Yéhuwa tos sumpah ka karuhun urang, badé masihkeun ieu tanah. Ayeuna, abdi tos matuh di ieu tanah. Jadi, dinten ieu abdi badé mulang tarima ka Yéhuwa Allah urang.’+

4 ”Geus kitu, imam bakal nyokot karanjang nu dibawa ku maranéh, tuluy diteundeun hareupeun mézbah Yéhuwa Allah maranéh. 5 Maranéh kudu ngucap kieu hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, ’Karuhun abdi téh urang Aram+ nu ngumbara.* Anjeunna angkat ka Mesir+ tuluy matuh di ditu jadi urang asing sareng kulawargana nu mung sakedik.+ Tapi di ditu, anjeunna jadi bangsa nu ageung sareng kuat pisan.+ 6 Seug ku urang Mesir ditindes mani kejem pisan sareng diperbudak.+ 7 Jadi abdi sadaya sasambat ka Yéhuwa Allah karuhun abdi sadaya, seug jumerit abdi sadaya didangu ku Yéhuwa. Anjeunna ningali abdi sadaya balangsak, sangsara, sareng ditindes.+ 8 Tungtungna, Yéhuwa ngabudalkeun abdi sadaya ti Mesir ku kawasa-Na nu ageung sareng kakuatana-Na nu hébat.+ Anjeunna midamel hal-hal nu pikasieuneun sarta némbongkeun tanda-tanda sareng mujijat-mujijat.+ 9 Tos kitu, abdi sadaya dicandak ka ieu tempat sarta dipasihan ieu tanah, tanah nu seueur susu sareng maduna.+ 10 Ayeuna, abdi badé nyanggakeun hasil panén nu mimiti ti tanah nu dipasihan ku Yéhuwa.’+

”Ti dinya, éta karanjang kudu diteundeun hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, sarta maranéh kudu sujud hareupeun Yéhuwa Allah maranéh. 11 Sing gumbira ku karana sagala kahadéan ti Yéhuwa Allah maranéh ka maranéh sakulawarga. Sing gumbira bareng jeung urang Léwi sarta urang asing nu cicing di antara maranéh.+

12 ”Dina taun katilu, nyaéta taun perpuluhan, maranéh kudu mawa sapersapuluh+ tina sakabéh hasil panén, tuluy bikeun ka urang Léwi, urang asing nu cicing di antara maranéh, budak yatim,* jeung randa nu aya di kota-kota maranéh.+ Maranéhna bakal dahar nepi ka seubeuh. 13 Tuluy maranéh kudu ngomong kieu hareupeun Yéhuwa Allah maranéh, ’Bagian nu suci nu aya di bumi abdi tos dicandak sareng dipasihkeun ka urang Léwi, urang asing, budak yatim, sareng randa,+ sakumaha paréntah Gusti. Abdi teu ngalanggar sarta teu nyapirakeun paréntah Gusti. 14 Éta teu diteda ku abdi waktu keur sungkawa atawa waktu keur kanajisan, sareng teu dipasihkeun ka nu maot. Nun Yéhuwa Allah abdi, abdi tos taat sareng ngajalankeun sagala paréntah Gusti. 15 Ku kituna, mugia Gusti ningali ti sorga, ti panglinggihan Gusti nu suci. Berkahan umat Gusti, nyaéta Israél, sarta ieu tanah nu seueur susu sareng maduna,+ nyaéta tanah nu dipasihkeun ku Gusti+ ka abdi sadaya, sakumaha sumpah Gusti ka karuhun.’+

16 ”Poé ieu, Yéhuwa Allah maranéh méré paréntah sangkan maranéh ngajalankeun aturan jeung putusan hukum ieu. Éta kudu diturut jeung dijalankeun ku sapinuhna haté+ jeung sagemblengna nyawa.* 17 Poé ieu, Yéhuwa geus nganyatakeun yén Anjeunna bakal jadi Allah maranéh salila maranéh nuturkeun jalan-Na, ngajalankeun aturana-Na,+ paréntah-Na,+ jeung putusan hukum-Na,+ sarta salila maranéh ngadéngékeun Anjeunna. 18 Poé ieu gé maranéh geus nganyatakeun ka Yéhuwa yén maranéh bakal jadi umat-Na, milik-Na nu istiméwa,*+ sakumaha jangji-Na, sarta maranéh bakal nurut kana sagala paréntah-Na. 19 Lamun maranéh ngabuktikeun yén maranéh téh umat nu suci kanggo Yéhuwa Allah maranéh,+ maranéh bakal dipunjulkeun ti sakabéh bangsa damelan Anjeunna,+ sarta bakal dipuji, dihormat, jeung dimulyakeun, sakumaha jangji-Na.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun