PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Pamindo 17
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Pamindo

      • Kurban teu meunang aya cacadna (1)

      • Lamun aya nu murtad (2-7)

      • Perkara nu hésé diputusna (8-13)

      • Pituduh keur raja nu engké bakal maréntah (14-20)

        • Raja kudu nyalin Torét (18)

Pamindo 17:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Ima 22:20; Pam 15:21; Mal 1:8

Pamindo 17:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 4:23; 13:6-9

Pamindo 17:3

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 4:19
  • +Pam 13:12-15

Pamindo 17:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Yah 7:51

Pamindo 17:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 13:6, 10

Pamindo 17:6

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mat 18:16; Yah 8:17; 1Tim 5:19; Ibr 10:28
  • +Bil 35:30; Pam 19:15

Pamindo 17:7

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 13:5; 1Kor 5:13

Pamindo 17:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 35:11
  • +Pam 12:5; 1Raj 3:16, 28; Jab 122:2, 5

Pamindo 17:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 7:15, 16
  • +Pam 19:17; 21:5

Pamindo 17:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Mal 2:7
  • +Pam 5:32; 12:32

Pamindo 17:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 11:2; Ibr 10:28
  • +Pam 13:5; 1Kor 5:13

Pamindo 17:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 13:11; 19:20

Pamindo 17:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 8:5, 20; 10:19

Pamindo 17:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 9:17; 10:24; 16:12, 13

Pamindo 17:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 20:1; 2Sam 8:4; Jab 20:7; Sil 21:31
  • +Yés 31:1

Pamindo 17:17

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Raj 11:1-3; Néh 13:26
  • +Ayb 31:24, 28; 1Tim 6:9

Pamindo 17:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”gulungan”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Pam 31:9, 26; 2Raj 22:8

Pamindo 17:19

Catetan Handap

  • *

    As. ”sieun”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Bab 34:18
  • +Jab 1:2; 119:97

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Pam. 17:1Ima 22:20; Pam 15:21; Mal 1:8
Pam. 17:2Pam 4:23; 13:6-9
Pam. 17:3Pam 4:19
Pam. 17:3Pam 13:12-15
Pam. 17:4Yah 7:51
Pam. 17:5Pam 13:6, 10
Pam. 17:6Mat 18:16; Yah 8:17; 1Tim 5:19; Ibr 10:28
Pam. 17:6Bil 35:30; Pam 19:15
Pam. 17:7Pam 13:5; 1Kor 5:13
Pam. 17:8Bil 35:11
Pam. 17:8Pam 12:5; 1Raj 3:16, 28; Jab 122:2, 5
Pam. 17:91Sam 7:15, 16
Pam. 17:9Pam 19:17; 21:5
Pam. 17:11Mal 2:7
Pam. 17:11Pam 5:32; 12:32
Pam. 17:12Sil 11:2; Ibr 10:28
Pam. 17:12Pam 13:5; 1Kor 5:13
Pam. 17:13Pam 13:11; 19:20
Pam. 17:141Sam 8:5, 20; 10:19
Pam. 17:151Sam 9:17; 10:24; 16:12, 13
Pam. 17:16Pam 20:1; 2Sam 8:4; Jab 20:7; Sil 21:31
Pam. 17:16Yés 31:1
Pam. 17:171Raj 11:1-3; Néh 13:26
Pam. 17:17Ayb 31:24, 28; 1Tim 6:9
Pam. 17:18Pam 31:9, 26; 2Raj 22:8
Pam. 17:192Bab 34:18
Pam. 17:19Jab 1:2; 119:97
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Pamindo 17:1-20

Pamindo

17 ”Maranéh teu meunang ngurbankeun sapi atawa domba nu aya cacadna ka Yéhuwa Allah maranéh, sabab éta téh dipikageuleuh ku Yéhuwa Allah maranéh.+

2 ”Bisa jadi, di salah sahiji kota nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh téh aya lalaki atawa awéwé nu ngalampahkeun naon waé nu jahat dina pandangan Yéhuwa Allah maranéh sarta ngalanggar perjangjian jeung Anjeunna.+ 3 Tuluy manéhna nyimpang, nyembah ka allah-allah séjén, sarta sujud ka maranéhna, atawa ka panonpoé, atawa ka bulan, atawa ka sagala rupa nu aya di langit,+ padahal geus puguh dilarang ku kuring.+ 4 Waktu ngadéngé laporan atawa perkara siga kitu, pék silidik bener-bener ku maranéh. Lamun bener+ aya nu ngalampahkeun hal pikaijideun siga kitu di Israél, 5 bawa jalma nu ngalampahkeun éta kajahatan ka gerbang kota, tuluy balédogan nepi ka paéh.+ 6 Tapi saméméh dihukum paéh, kudu aya katerangan heula ti dua atawa tilu saksi.+ Lamun saksina ngan saurang, ulah tulus dipaéhan.+ 7 Anu kudu malédogan ti heula téh saksi-saksi téa, geus kitu balédogan ku saréréa. Maranéh kudu nyingkirkeun sagala nu jahat ti antara maranéh.+

8 ”Lamun di kota-kota maranéh aya perkara nu hésé diputusna, misalna perkara maéhan jalma,+ perkara hak milik, perkara kakerasan, atawa perkara-perkara séjénna, maranéh kudu indit ka tempat nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh.+ 9 Panggihan para imam Léwi jeung hakim+ nu keur tugas, pék pénta pituduh ti maranéhna. Engké, maranéhna bakal nyieun putusan keur perkara maranéh.+ 10 Putusan maranéhna, nu diputuskeun di tempat nu dipilih ku Yéhuwa, kudu dijalankeun ku maranéh. Sing taliti ngajalankeun sakabéh pituduh maranéhna. 11 Jalankeun hukum nu dituduhkeun jeung putusan nu dijieun ku maranéhna.+ Ulah ingkar tina putusan nu ditepikeun ku maranéhna.+ 12 Lamun aya jalma nu lancang, teu nurut kana putusan hakim atawa imam nu ngalalayanan Yéhuwa Allah maranéh, manéhna kudu dipaéhan.+ Maranéh kudu nyingkirkeun kajahatan ti Israél.+ 13 Seug éta bakal kadéngé ku kabéh jalma, tuluy maranéhna bakal sieuneun. Ku kituna, moal aya nu wani lancang deui.+

14 ”Lamun maranéh geus asup ka tanah nu dibikeun ku Yéhuwa Allah maranéh, geus ngarebut éta tanah sarta matuh di dinya, seug maranéh ngomong, ’Hayu urang ngangkat raja kawas bangsa-bangsa nu aya di sabudeureun urang,’+ 15 maranéh kudu ngangkat raja nu dipilih ku Yéhuwa Allah maranéh.+ Raja nu diangkat téh kudu ti sasama urang Israél. Urang asing nu teu sabangsa jeung maranéh teu meunang diangkat jadi raja. 16 Tapi, éta raja teu meunang boga loba kuda+ atawa nitah rahayatna balik deui ka Mesir ngarah bisa meunang kuda leuwih loba,+ lantaran Yéhuwa geus ngabéjaan, ’Maranéh teu meunang balik deui ka Mesir.’ 17 Manéhna teu meunang boga loba pamajikan, sangkan manéhna teu ninggalkeun Allah.+ Manéhna gé teu meunang boga loba teuing emas jeung pérak.+ 18 Lamun geus jadi raja, manéhna kudu nyalin Torét kana buku,* nyaéta Torét nu disimpen ku para imam Léwi.+

19 ”Éta buku salinan ulah jauh ti raja. Éta kudu dibaca saumur hirup,+ supaya manéhna bisa diajar hormat* ka Yéhuwa Allahna sarta ngajalankeun sakabéh paréntah jeung aturan nu aya dina Torét.+ 20 Ku kituna, manéhna moal ngarasa leuwih punjul tibatan urang Israél séjénna sarta moal ingkar tina paréntah-paréntah éta. Jadi, manéhna jeung turunanana bisa lila maréntah di Israél.

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun