Yosua
19 Hasil undi nu kadua+ téh keur kulawarga-kulawarga ti kaom Siméon.+ Tanah warisan maranéhna aya di daérah milik kaom Yéhuda.+ 2 Tanah warisan maranéhna nyaéta Béér-syéba,+ Syéba, Molada,+ 3 Hazar-syual,+ Bala, Ézém,+ 4 Éltolad,+ Bétul, Horma, 5 Ziklag,+ Bét-markabot, Hazar-susa, 6 Bét-lébaot,+ jeung Syaruhén, kabéhanana aya 13 kota sarta désa-désana; 7 Ain, Rimon, Étér, jeung Asyan,+ kabéhanana aya opat kota sarta désa-désana; 8 salian ti éta, kabéh désa sakurilingeun éta kota-kota nepi ka Baalat-béér, nyaéta Rama di beulah kidul. Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti kaom Siméon. 9 Tanah warisan keur turunan Siméon dicokot ti bagian kaom Yéhuda, lantaran daérahna kaom Yéhuda lega teuing. Jadi, turunan Siméon narima tanah di daérah kaom Yéhuda.+
10 Terus, hasil undi nu katilu+ téh keur kulawarga-kulawarga ti turunan Zébulon.+ Wates tanah warisan maranéhna nepi ka Sarid. 11 Wates daérah maranéhna naék ka kulon ka Maréal nepi ka Dabésyét, tuluy ka lebak* hareupeun Yoknéam. 12 Ti Sarid, watesna terus ka wétan, ka arah panonpoé medal, ka watesna Khislot-tabor jeung ka Dabérat,+ tuluy naék ka Yafia. 13 Ti dinya, watesna terus ka wétan ka arah panonpoé medal, ka Gat-héfér,+ ka Ét-kazin, ka Rimon, tuluy ka Néa. 14 Di kalér, watesna méngkol ka Hanaton jeung tungtungna di Lebak Ifta-él. 15 Daérahna gé kaasup Katat, Nahalal, Syimron,+ Idala, jeung Bétléhém.+ Kabéhanana aya 12 kota sarta désa-désana. 16 Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti turunan Zébulon,+ kota-kota sarta désa-désana.
17 Hasil undi nu kaopat+ téh keur kulawarga-kulawarga ti turunan Isakhar.+ 18 Wates daérah maranéhna nyaéta Yizréél,+ Khésulot, Syuném,+ 19 Hafaraim, Syion, Anaharat, 20 Rabit, Kisyion, Ébéz, 21 Rémét, Én-ganim,+ Én-hada, jeung Bét-pazéz. 22 Watesna nepi ka Tabor,+ Syahazuma, Bét-syémés, jeung tungtungna téh Walungan Yordan. Kabéhanana aya 16 kota sarta désa-désana. 23 Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti kaom Isakhar,+ kota-kota sarta désa-désana.
24 Hasil undi nu kalima+ téh keur kulawarga-kulawarga ti kaom Asyér.+ 25 Wates daérah maranéhna nyaéta Hélkat,+ Hali, Bétén, Akhsyaf, 26 Alamélékh, Amad, jeung Misyal. Ka beulah kulon, watesna nepi ka Karmél+ jeung Syihor-libnat. 27 Tuluy watesna malik ka wétan ka Bét-dagon nepi ka daérah Zébulon jeung Lebak Ifta-él di kalér, ka Bét-émék jeung Néiél, terus ka Kabul di beulah kénca, 28 ti dinya ka Ébron, Réhob, Hamon, jeung Kanah nepi ka Sidon Gedé.+ 29 Watesna malik ka Rama nepi ka kota Tirus nu dibénténgan.+ Tuluy éta wates malik ka Hosa, jeung tungtungna ka laut di daérah Akhzib, 30 Uma, Afék,+ jeung Réhob.+ Kabéhanana aya 22 kota sarta désa-désana. 31 Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti kaom Asyér,+ kota-kota sarta désa-désana.
32 Hasil undi nu kagenep+ téh keur kulawarga-kulawarga ti turunan Naftali. 33 Wates daérah maranéhna dimimitian ti Héléf jeung tangkal gedé di Zaananim,+ tuluy ka Adami-nékéb jeung Yabnéél nepi ka Lakum, tungtungna di Walungan Yordan. 34 Éta wates malik ka kulon ka Aznot-tabor, tuluy ka Hukkok nepi ka daérah Zébulon di kidul, daérah Asyér di kulon, jeung ka wétan ka daérah Yéhuda* di Walungan Yordan. 35 Kota-kota nu dibénténgan nyaéta Zidim, Zér, Hamat,+ Rakat, Khinérét, 36 Adama, Rama, Hazor,+ 37 Kédés,+ Édréi, Én-hazor, 38 Yiron, Migdal-él, Horém, Bét-anat, jeung Bét-syémés.+ Kabéhanana aya 19 kota sarta désa-désana. 39 Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti kaom Naftali,+ kota-kota sarta désa-désana.
40 Hasil undi nu katujuh+ téh keur kulawarga-kulawarga ti kaom Dan.+ 41 Wates tanah warisan maranéhna nyaéta Zora,+ Éstaol, Ir-syémés, 42 Syaalabin,+ Aiyalon,+ Itla, 43 Élon, Timnah,+ Ékron,+ 44 Éltékéh, Gibéton,+ Baalat, 45 Yéhud, Béné-bérak, Gat-rimon,+ 46 Mé-yarkon, jeung Rakon, kaasup wates daérah nu nyanghareup ka Yopa.+ 47 Tapi daérah kaom Dan téh leutik teuing,+ jadi maranéhna merangan Lésyém,+ ngarebut kotana, jeung maéhan pendudukna ku pedang. Sanggeus ngarebut éta kota, maranéhna matuh di dinya. Tuluy ngaran Lésyém diganti jadi Dan, nyaéta ngaran karuhun maranéhna.+ 48 Éta tanah warisan nu ditarima ku kulawarga-kulawarga ti kaom Dan, kota-kota sarta désa-désana.
49 Ku kituna, maranéhna bérés ngabagi-bagi éta tanah ngarah unggal kaom narima warisanana masing-masing. Tuluy urang Israél méré tanah warisan ka Yosua anak Nun di daérah maranéhna. 50 Sakumaha paréntah Yéhuwa, maranéhna méré kota nu dipénta ku Yosua, nyaéta Timnat-séra+ di daérah pagunungan Éfraim. Jadi, manéhna ngawangun éta kota tuluy matuh di dinya.
51 Éta tanah warisan nu dibagi-bagikeun+ ku Imam Éléazar, Yosua anak Nun, jeung para pamingpin kulawarga ti unggal kaom Israél ku cara diundi di Syilo,+ hareupeun Yéhuwa, di lawang kémah tepangan.+ Ku kituna, éta tanah bérés dibagi-bagikeun.