Yosua
24 Tuluy, Yosua ngumpulkeun sakabéh kaom Israél di Syikhém. Manéhna ngageroan para kokolot Israél, para pamingpin, para hakim, jeung para pangawas.+ Kabéhanana nangtung hareupeun Allah nu sajati. 2 Geus kitu, Yosua ngomong ka kabéhanana, ”Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa Allah Israél, ’Baheula,+ karuhun maranéh+ maratuhna téh peuntaseun Walungan Éfrat, kaasup Térah bapana Ibrahim jeung bapana Nahor. Maranéhna téh nyembah ka allah-allah séjén.+
3 ”’Ka dieunakeun, Kuring milih Ibrahim karuhun maranéh+ ti peuntaseun Walungan Éfrat jeung nitah manéhna ngideran sakuliah tanah Kanaan. Ku Kuring manéhna dibéré Ishak+ jeung loba turunan.+ 4 Ka Ishak Kuring méré Yakub jeung Ésau.+ Ka dieunakeun, Kuring méré Gunung Séir ka Ésau pikeun jadi milikna,+ ari Yakub jeung anak-anakna mah indit ka Mesir.+ 5 Tuluy Kuring ngutus Musa jeung Harun.+ Ku Kuring Mesir dihukum,+ terus maranéh dibawa kaluar. 6 Waktu karuhun maranéh ku Kuring dibawa kaluar ti Mesir+ jeung nepi ka laut, urang Mesir ngudag karuhun maranéh bari tarumpak karéta perang jeung kuda nepi ka Laut Beureum.+ 7 Karuhun maranéh tingjarerit ménta tulung ka Kuring, Yéhuwa.+ Seug antara maranéhna jeung urang Mesir ku Kuring dihalangan ku méga* nu poék, tuluy urang Mesir dilelepkeun ka laut.+ Maranéh ningali sorangan naon nu dilampahkeun ku Kuring di Mesir.+ Geus kitu, salila mangtaun-taun maranéh cicing di tanah gurun.+
8 ”’Kuring mawa maranéh ka tanah urang Amori nu matuh di beulah ditu Walungan Yordan.* Maranéhna téh merangan maranéh.+ Tapi, maranéhna ku Kuring diserahkeun ka maranéh, supaya tanahna bisa direbut ku maranéh. Maranéhna dimusnakeun ku Kuring hareupeun maranéh.+ 9 Tuluy Balak anak Zipor, raja Moab, merangan Israél. Manéhna nitah Biléam anak Béor datang pikeun ngutuk maranéh.+ 10 Tapi, Biléam teu didéngé ku Kuring.+ Manéhna kalah ka ngaberkahan maranéh mangkali-kali.+ Kuring nyalametkeun maranéh ti manéhna.+
11 ”’Geus kitu, maranéh meuntasan Walungan Yordan+ jeung nepi ka Yérikho.+ Para pamingpin* Yérikho, urang Amori, urang Périz, urang Kanaan, urang Hét, urang Girgasyi, urang Héwi, jeung urang Yébus merangan maranéh. Tapi, maranéhna ku Kuring diserahkeun ka maranéh.+ 12 Méméh maranéh daratang gé, Kuring ngalantarankeun maranéhna pegat harepan.* Ku sabab éta, maranéhna kabur ti maranéh,+ sakumaha dua raja urang Amori. Kaburna téh lain ku pedang atawa ku busur panah maranéh.+ 13 Tah, kitu maranéh ku Kuring dibéré tanah lain beunang maranéh ngusahakeun, jeung dibéré kota-kota lain beunang maranéh ngawangun,+ tuluy maranéh téh maratuh wéh di dinya. Maranéh gé kari ngadahar hasil tina kebon anggur jeung kebon zaitun nu teu dipelak ku maranéh.’+
14 ”Nu matak ayeuna mah maranéh kudu hormat* ka Yéhuwa, sarta satia* jeung iklas* nyembah ka Anjeunna.+ Singkirkeun aallahan nu disembah ku karuhun maranéh di peuntaseun Walungan Éfrat jeung di Mesir,+ sarta pék sembah Yéhuwa. 15 Upama maranéh embung nyembah ka Yéhuwa, sok puguhkeun poé ieu kénéh saha nu rék disembah ku maranéh,+ aallahan nu disembah ku karuhun maranéh peuntaseun Walungan Éfrat+ atawa aallahan urang Amori nu tanahna dicicingan ku maranéh.+ Tapi, urang jeung kulawarga urang mah rék nyembah ka Yéhuwa.”
16 Ngadéngé kitu, éta bangsa ngajawab, ”Teu kapikir ku urang kabéh rék ninggalkeun Yéhuwa tuluy nyembah ka allah-allah séjén. 17 Yéhuwa téh Allah urang nu mawa urang jeung karuhun urang kaluar ti Mesir,+ tempat urang diperbudak.+ Anjeunna geus nyieun mujijat-mujijat nu hébat hareupeun urang.+ Anjeunna gé ngajaga urang di sapanjang jalan jeung ti kabéh bangsa nu daérahna diliwatan ku urang.+ 18 Yéhuwa ngusir sakabéh bangsa, kaasup urang Amori nu saacanna cicing di ieu tanah. Ku kituna, urang kabéh gé rék nyembah ka Yéhuwa lantaran Anjeunna téh Allah urang.”
19 Tuluy, Yosua ngomong ka éta bangsa, ”Bisa kitu maranéh terus nyembah ka Yéhuwa? Anjeunna téh Allah nu suci,+ jeung hayang maranéh ngabdi ka Anjeunna wungkul.+ Lamun maranéh teu bisa ngalaksanakeun éta, Anjeunna moal bakal ngahampura kasalahan jeung dosa maranéh.*+ 20 Lamun maranéh ninggalkeun Yéhuwa jeung nyembah ka allah-allah séjén, Anjeunna gé bakal ngalawan maranéh jeung ngamusnakeun maranéh, najan tadina mah Anjeunna téh bageur ka maranéh.”+
21 Éta bangsa némbalan, ”Ngan Yéhuwa nu bakal disembah ku urang!”+ 22 Tuluy Yosua ngomong ka maranéhna, ”Maranéh sorangan saksina yén maranéh geus milih rék nyembah ka Yéhuwa.”+ Ku maranéhna dijawab, ”Enya, urang saksina.”
23 ”Heug ari kitu mah, singkirkeun patung allah-allah séjén nu aya di antara maranéh, jeung sembah Yéhuwa Allah Israél ku sapinuhna haté.” 24 Ceuk éta bangsa ka Yosua, ”Urang bakal nyembah ka Yéhuwa Allah urang jeung nurut ka Anjeunna!”
25 Jadi dina poé éta, Yosua ngayakeun perjangjian jeung éta bangsa. Manéhna netepkeun aturan jeung hukum keur maranéhna di Syikhém. 26 Geus kitu, Yosua nuliskeun kekecapan ieu dina buku Hukum Allah.+ Manéhna nyokot batu gedé+ tuluy diteundeun handapeun tangkal gedé di deukeut tempat suci Yéhuwa.
27 Yosua ngomong deui ka sakabéh jalma, ”Tah, batu ieu bakal jadi saksi keur urang kabéh,+ lantaran batu ieu geus ngadéngé sagala nu diucapkeun Yéhuwa ka urang kabéh. Éta bakal jadi saksi, supaya maranéh teu ngalawan Allah maranéh.” 28 Geus kitu, ku Yosua kabéhanana dibubarkeun, dititah balik ka tanah warisanana masing-masing.+
29 Sanggeus éta kabéh, Yosua anak Nun, hamba Yéhuwa, maot dina umur 110 taun.+ 30 Manéhna dikuburkeun di tanah warisanana di Timnat-séra,+ daérah pagunungan Éfraim, kaléreun Gunung Gaas. 31 Urang Israél terus nyembah ka Yéhuwa salila Yosua hirup. Sanggeus Yosua maot gé, urang Israél terus nyembah ka Anjeunna salila aya kénéh para kokolot nu nyaksian kabéh tindakan Yéhuwa demi urang Israél.+
32 Tulang-taléng Yusuf,+ anu dibawa ku urang Israél ti Mesir téa, dikuburkeun di Syikhém di tanah nu dibeuli ku Yakub 100 duit pérak+ ti anak-anak Hamor+ bapana Syikhém. Éta jadi tanah warisan turunan Yusuf.+
33 Éléazar anak Harun gé maot.+ Manéhna dikuburkeun di Pasir* Pinéhas,+ di daérah pagunungan Éfraim, nu geus dibikeun ka Pinéhas anakna.