1 Samuél
15 Samuél ngomong ka Saul, ”Yéhuwa geus ngutus Bapa pikeun ngalantik anjeun jadi raja umat-Na, nyaéta Israél.+ Ayeuna, déngékeun pituduh ti Yéhuwa.+ 2 Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, ’Kuring rék ménta urang Amalék tanggung jawab, lantaran maranéhna nyerang urang Israél basa urang Israél kaluar ti Mesir.+ 3 Ayeuna jung indit, tumpes urang Amalék,+ sarta musnakeun+ sakabéh pangabogana. Ulah aya nu disésakeun,* rék lalaki, awéwé, budak leutik, orok, sapi, domba, onta, jeung kaldéna+ paéhan kabéh.’”+ 4 Jadi, Saul ngumpulkeun pasukanna tuluy ngitung maranéhna di Télaim. Kabéhanana aya 200.000 prajurit nu leumpang sarta 10.000 prajurit ti Yéhuda.+
5 Bral Saul jeung pasukanna maju nepi ka kotana urang Amalék tuluy nyarumput di lebak* pikeun nyerang maranéhna. 6 Geus kitu, Saul ngomong ka urang Kéni,+ ”Maranéh kudu nyalingkir ti urang Amalék supaya teu milu kabasmi ku kuring,+ da maranéh geus bageur* ka urang Israél waktu maranéhna kaluar ti Mesir.”+ Seug urang Kéni nyalingkir ti urang Amalék. 7 Ti dinya, urang Amalék+ diparaéhan ku Saul ti Hawila+ nepi ka Syur,+ nu aya di gigireun Mesir. 8 Agag+ raja Amalék ditéwak hirup-hirup, tapi nu séjénna mah diparaéhan kabéh ku pedang.+ 9 Sanajan kitu, Saul jeung pasukanna teu ngamusnakeun* Agag sarta domba, sapi, embé nu pangalusna, nyaéta sato-sato nu lalintuh, jeung barang-barang nu aralus.+ Maranéhna teu daék ngamusnakeun éta kabéh. Barang-barang nu dimusnakeun téh ngan nu teu dipikahayang jeung nu euweuh hargaan.
10 Tuluy Yéhuwa nyarios kieu ka Samuél, 11 ”Kuring sedih* geus ngangkat Saul jadi raja. Manéhna geus ninggalkeun Kuring sarta teu ngajalankeun paréntah Kuring.”+ Samuél ngarasa susah haté pisan. Sapeupeuting manéhna terus sasambat ka Yéhuwa.+ 12 Waktu Samuél hudang isuk-isuk pikeun manggihan Saul, aya nu ngabéjaan Samuél, ”Saul indit ka Karmél,+ ngadegkeun tugu keur dirina sorangan.+ Sanggeusna, manéhna turun ka Gilgal.” 13 Waktu ahirna Samuél panggih jeung Saul, Saul ngomong, ”Mugia Bapa diberkahan ku Yéhuwa. Abdi geus ngalaksanakeun paréntah Yéhuwa.” 14 Tapi ceuk Samuél, ”Ari éta naon atuh, sora embé, domba, jeung sapi?”+ 15 Saul némbalan, ”Enya, éta téh nu dirampas ti urang Amalék, lantaran para prajurit teu ngamusnakeun* embé, domba, jeung sapi nu pangalusna, ngarah bisa dikurbankeun ka Yéhuwa Allahna Bapa. Ari nu séjénna mah tos dimusnakeun.” 16 Ngadéngé kitu Samuél ngomong ka Saul, ”Geus! Bapa rék méré nyaho naon nu diucapkeun ku Yéhuwa tadi peuting ka Bapa.”+ Ceuk Saul, ”Mangga.”
17 Samuél ngomong deui, ”Basa anjeun dijadikeun pamingpin kaom-kaom Israél sarta basa anjeun dilantik ku Yéhuwa jadi raja Israél,+ anjeun téh ngarasa diri teu penting, pan?+ 18 Terus Yéhuwa méré tugas kieu ka anjeun, ’Jung indit, musnakeun urang Amalék,+ jalma-jalma nu dosa téa. Perangan maranéhna nepi ka béak.’+ 19 Jadi, ku naon anjeun ayeuna teu taat kana kekecapan Yéhuwa? Anjeun kalah ka sarakah nyokotan jarahan+ jeung ngalampahkeun nu jahat dina pandangan Yéhuwa!”
20 Saul némbalan Samuél, ”Tapi abdi geus ngalaksanakeun kekecapan Yéhuwa. Abdi geus ngajalankeun tugas ti Yéhuwa. Abdi geus néwak Agag raja Amalék jeung ngamusnakeun urang Amalék.+ 21 Tapi, para prajurit nyokotan domba jeung sapi nu pangalusna tina jarahan nu kudu dimusnakeun téh ngarah bisa dikurbankeun ka Yéhuwa Allahna Bapa di Gilgal.”+
22 Tuluy Samuél ngomong, ”Mana nu leuwih dipikaresep ku Yéhuwa: Ngabaktikeun kurban beuleuman jeung kurban séjénna+ atawa taat kana kekecapan Yéhuwa? Taat téh leuwih penting tibatan ngabaktikeun kurban,+ jeung ngadéngékeun Allah leuwih penting tibatan ngabaktikeun gajih+ domba jalu. 23 Barontak+ téh sarua goréngna jeung ngajalankeun élmu ramal,+ sarta lancang téh sarua goréngna jeung maké élmu gaib sarta nyembah ka berhala.* Anjeun geus nolak firman Yéhuwa,+ ku kituna Anjeunna gé nolak anjeun salaku raja.”+
24 Tuluy Saul ngomong ka Samuél, ”Abdi rumasa dosa lantaran geus ngaléngkahan paréntah Yéhuwa jeung pituduh Bapa, da abdi téh sieun ka jalma-jalma, jadi wéh abdi ngadéngékeun maranéhna. 25 Ayeuna, hampura dosa abdi atuh Bapa. Hayu urang mulih sasarengan supaya abdi tiasa sujud ka Yéhuwa.”+ 26 Tapi Samuél ngomong kieu ka Saul, ”Moal, Bapa moal balik bareng jeung anjeun lantaran anjeun geus nolak firman Yéhuwa. Yéhuwa gé geus nolak anjeun salaku raja Israél.”+ 27 Barang Samuél malik rék indit, Saul nyekel tungtung rompi panjangna Samuél nepi ka soéh. 28 Ningali kitu Samuél ngomong ka manéhna, ”Poé ieu, Yéhuwa geus nyoéhkeun* karajaan Israél ti anjeun, jeung éta bakal dibikeun ku Anjeunna ka hiji jalma nu leuwih hadé tibatan anjeun.+ 29 Allah Israél nu Mulya+ tara bohong+ jeung tara barobah pikiran,* sabab Anjeunna lain manusa nu sok barobah pikiran.”*+
30 Ngadéngé kitu Saul ngomong, ”Abdi rumasa dosa. Tapi Bapa, hayu atuh mulih bareng jeung abdi, supaya abdi dihormat hareupeun kokolot bangsa abdi jeung sakabéh urang Israél. Abdi badé sujud ka Yéhuwa Allahna Bapa.”+ 31 Jadi Samuél balik bareng jeung Saul, tuluy Saul sujud ka Yéhuwa. 32 Geus kitu Samuél ngomong, ”Bawa ka dieu Agag raja Amalék téh.” Tuluy Agag nyampeurkeun Samuél bari sieun,* sabab tadina mah manéhna mikir kieu, ’Aing teu jadi dipaéhan yeuh.’ 33 Tapi ceuk Samuél, ”Pedang manéh geus ngalantarankeun para indung kaleungitan anak. Ayeuna, indung manéh anu bakal kaleungitan anak.” Geus kitu, Agag dipotong-potong ku Samuél hareupeun Yéhuwa di Gilgal.+
34 Tuluy Samuél balik ka Rama, ari Saul mah balik ka imahna di Gibéah. 35 Ti harita nepi ka maotna, Samuél teu panggih deui jeung Saul, lantaran Samuél kanyenyerian ku Saul.+ Yéhuwa gé ngarasa sedih* geus ngangkat Saul jadi raja Israél.+