1 Samuél
14 Hiji poé, Yonatan anak Saul ngomong ka palayan nu mawa senjatana, ”Hayu urang meuntas ka ditu, ka pos pasukan Filistin.” Tapi manéhna teu bébéja ka bapana. 2 Ari Saul keur aya di pasisian Gibéah, di handapeun tangkal dalima di Migron. Aya kira-kira 600 prajurit nu milu jeung manéhna. 3 (Nu maké éfod harita téh Ahiya anak Ahitub, dulurna Ikhabod. Ahiya téh incuna Pinéhas jeung buyutna Éli, imam Yéhuwa di Syilo.) Euweuh nu nyaho Yonatan téh keur indit. 4 Jalan nu rék diliwatan ku Yonatan pikeun meuntas ka pos pasukan Filistin dihapit ku dua cadas nu bentukna siga huntu. Nu hiji ngaranna Bozéz, jeung nu hiji deui ngaranna Séné. 5 Cadas nu di kalér mah luhur jeung nyanghareup ka Mikhmash, ari cadas nu di kidul nyanghareup ka Géba.
6 Yonatan ngomong ka palayan nu mawa senjatana, ”Hayu urang meuntas ka pos jalma-jalma nu teu disunatan éta. Sugan Yéhuwa bakal nulungan urang, sabab Yéhuwa bisa nyalametkeun teu sual ku lobaan atawa saeutikan.” 7 Palayanna némbalan, ”Mangga lampahkeun sakumaha kahoyong haté Juragan jeung angkat ka mana waé hoyongna. Abdi mah bakal ngiring ka mana waé Juragan angkat.” 8 Tuluy Yonatan ngomong, ”Hayu urang meuntas sina katénjoeun ku maranéhna. 9 Lamun maranéhna ngomong, ’Cicing di dinya, urang nu ka ditu!’ urang bakal cicing jeung teu naék nyampeurkeun maranéhna. 10 Tapi lamun maranéhna ngomong, ’Sok naék, lawan urang!’ nya urang bakal naék, lantaran Yéhuwa bakal nyerahkeun maranéhna ka urang. Éta bakal jadi tanda keur urang.”
11 Tuluy duanana némbongkeun diri ka pasukan Filistin di pos éta. Urang Filistin ngomong, ”Tuh, aya urang Ibrani nu bijil tina liang panyumputanana.” 12 Seug para prajurit di pos éta ngomong ka Yonatan jeung palayanna, ”Ka dieu siah naék, rék dibéré palajaran ku urang!” Yonatan langsung ngomong ka palayanna, ”Tuturkeun kuring, sabab Yéhuwa bakal nyerahkeun maranéhna ka Israél.” 13 Térékél Yonatan naék kana cadas, dituturkeun ku palayan nu mawa senjatana. Urang Filistin tinggolépak diserang ku Yonatan tuluy dipaéhan ku palayanna di tukangeunana. 14 Dina serangan nu mimiti, Yonatan jeung palayanna maéhan kira-kira 20 urang dina medan nu legana kira-kira satengah héktar.*
15 Sakabéh pasukan nu aya di pakémahan jeung nu aya di pos di luhureun cadas pada sarieuneun, kitu ogé jeung para prajurit nu rék ngajarah. Bumi eundeur, sarta Allah ngalantarankeun urang Filistin kasieunan pisan. 16 Prajurit Saul nu jaraga di Gibéah Bényamin ningali kaayaan di pakémahan Filistin beuki kacow.
17 Tuluy Saul ngomong ka pasukanna, ”Cik itung prajurit, pariksa saha nu euweuh.” Sanggeus diitung, ari pék téh Yonatan jeung palayan nu mawa senjatana nu euweuh. 18 Geus kitu, Saul ngomong ka Ahiya, ”Bawa ka dieu peti perjangjian Allah nu bener téh!” (Harita* peti perjangjian Allah nu bener aya di urang Israél.) 19 Waktu Saul keur ngomong ka imam, pakémahan Filistin beuki kacow waé. Tuluy kieu ceuk Saul ka imam, ”Geus, teu kudu diteruskeun.” 20 Jadi, Saul jeung sakabéh pasukanna ngumpul tuluy indit ka pangperangan. Ari pék téh di dinya urang Filistin keur silih serang ku pedang. Kaayaanana meni kacow pisan. 21 Salian ti éta, urang Ibrani nu tadina mihak ka urang Filistin sarta datang ka pakémahan maranéhna téh ayeuna malik mihak ka Israél nu dipingpin ku Saul jeung Yonatan. 22 Sakabéh urang Israél nu nyumput di daérah pagunungan Éfraim ngadéngé urang Filistin geus kalabur, jadi maranéhna gé milu ngudag jeung merangan urang Filistin. 23 Maranéhna perang nepi ka Bét-awén. Poé éta, Yéhuwa nyalametkeun Israél.
24 Tapi urang Israél geus kacapéan pisan poé éta, lantaran Saul geus sumpah kieu di hareupeun maranéhna, ”Sing dikutuk saha waé nu barang dahar* saacan peuting jeung saacan kuring ngabales musuh-musuh kuring!” Jadi, euweuh nu wani dahar nanaon.
25 Geus kitu, sakabéh pasukan asup ka leuweung. Aya loba madu di dinya. 26 Barang asup ka leuweung, maranéhna ningali madu nyakclakan, tapi euweuh nu wani ngadahar, da sieun ku sumpahna Saul. 27 Ari Yonatan teu ngadéngé bapana sumpah di hareupeun para prajurit, jadi manéhna nyolok sayang madu ku tungtung iteukna. Waktu maduna didahar, manéhna jadi kuat deui.* 28 Ningali kitu, salah saurang prajurit ngomong, ”Bapa anjeun geus sumpah kieu di hareupeun para prajurit, ’Sing dikutuk saha waé nu barang dahar poé ieu!’ Éta sababna para prajurit lalungséeun pisan.” 29 Tapi ceuk Yonatan, ”Si Bapa téh bet ngaripuhkeun saréréa. Yeuh, kuring dahar madu saeutik gé jadi kuat deui. 30 Coba mun poé ieu sakabéh prajurit bébas ngadahar naon waé nu dijarah ti musuh, tangtu leuwih loba deui urang Filistin nu dipaéhan!”
31 Poé éta, para prajurit terus maéhan urang Filistin ti Mikhmash nepi ka Aiyalon, ku kituna maranéhna béak tanaga. 32 Jadi, maranéhna parebut nyokotan barang jarahan sarta nyokotan domba jeung sapi tuluy dipareuncitan di dinya kénéh. Dagingna didahar jeung getih-getihna. 33 Geus kitu, aya nu ngalapor ka Saul, ”Tuh, para prajurit nyieun dosa ka Yéhuwa, da ngadahar daging jeung getih-getihna.” Ngadéngé kitu Saul ngomong, ”Maranéh geus teu satia. Gancang gulingkeun batu gedé ka dieu.” 34 Saul ngomong deui, ”Béjaan sakabéh prajurit, ’Masing-masing kudu mawa sapi jeung dombana ka dieu, tuluy peuncit di luhureun batu ieu, geus kitu kakara didahar. Ulah ngadahar daging jeung getihna, éta téh dosa ka Yéhuwa.’” Ku kituna peuting éta, unggal prajurit mawa sapina tuluy dipeuncit di dinya. 35 Saul gé nyieun mézbah keur Yéhuwa. Éta mézbah nu mimiti nu dijieun ku manéhna keur Yéhuwa.
36 Tuluy Saul ngomong, ”Hayu udag urang Filistin engké peuting, urang jarah maranéhna nepi ka isuk. Ulah aya saurang gé nu salamet.” Ceuk maranéhna, ”Mangga, kumaha saéna Juragan wéh.” Tuluy ceuk imam, ”Hayu urang nanya ka Allah nu bener di dieu.” 37 Saul nanya ka Allah, ”Abdi kedah nyerang urang Filistin atawa ulah? Gusti bakal nyerahkeun maranéhna ka urang Israél atawa henteu?” Tapi poé éta Allah teu ngajawab manéhna. 38 Jadi Saul ngomong, ”Para pamingpin pasukan, ka darieu kabéh. Pariksa dosa naon anu geus dijieun poé ieu. 39 Demi Yéhuwa nu hirup, nu nyalametkeun Israél, jalma nu nyieun dosa éta kudu dipaéhan, sanajan éta Yonatan anak kuring.” Tapi euweuh nu ngajawab manéhna. 40 Saul ngomong deui ka sakabéh urang Israél, ”Maranéh narangtung di beulah ditu, kuring jeung Yonatan anak kuring rék nangtung di beulah dieu.” Jalma-jalma ngajawab kieu ka Saul, ”Mangga, kumaha saéna Juragan wéh.”
41 Tuluy Saul ngomong ka Yéhuwa, ”Nun Allah Israél, mugi Gusti ngajawab ku Tumim.” Nu kapilih téh Yonatan jeung Saul, ari para prajurit mah bébas. 42 Ceuk Saul, ”Sok undi, kuring atawa Yonatan anak kuring nu salah.” Nu kapilih téh Yonatan. 43 Geus kitu, Saul ngomong ka Yonatan, ”Sok ngomong, manéh nyieun salah naon?” Yonatan némbalan, ”Abdi ngan ngasaan saeutik madu tina tungtung iteuk abdi. Mangga, abdi siap maot!”
44 Ngadéngé kitu, Saul ngomong, ”Bapa sing dihukum sabeurat-beuratna ku Allah lamun manéh teu maot, Yonatan.” 45 Tapi para prajurit ngomong kieu ka Saul, ”Piraku Yonatan kudu maot, pan anjeunna nu ngalantarankeun Israél sakieu unggulna?* Ulah! Demi Yéhuwa nu hirup, moal aya salambar buukna nu bakal ragrag kana taneuh, sabab anjeunna bisa kitu poé ieu téh da dibantuan ku Allah.” Ku kituna, Yonatan disalametkeun* ku para prajurit. Manéhna teu jadi dipaéhan.
46 Saul teu ngudag urang Filistin deui. Urang Filistin gé balik ka daérahna.
47 Kakawasaan Saul di Israél beuki kuat. Sakabéh musuh di sakurilingna diperangan. Manéhna merangan urang Moab, urang Ammon, urang Édom, raja-raja Zoba, jeung urang Filistin. Unggal perang di mana waé, manéhna unggul. 48 Manéhna gé wani merangan jeung nalukkeun urang Amalék, sarta nyalametkeun Israél ti musuh nu ngajarah.
49 Anak-anak lalaki Saul téh nyaéta Yonatan, Iswi, jeung Malkhi-syua. Manéhna gé boga dua anak awéwé, nyaéta Mérab jeung Mikhal adina. 50 Pamajikan Saul ngaranna Ahinoam anak Ahimaaz, ari panglima tentarana ngaranna Abnér anak Nér, emangna Saul. 51 Kis téh bapana Saul, sarta Nér bapana Abnér téh anak Abiél.
52 Sapanjang hirup Saul, aya waé perang gedé jeung urang Filistin. Di mana waé Saul ningali jalma nu wani jeung kuat, ku manéhna dijadikeun prajuritna.