PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Samuél 9
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Samuél

      • Daud nunjukkeun asih satia ka Méfibosyét (1-13)

2 Samuél 9:1

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih satia”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 18:1, 3; 20:15, 42

2 Samuél 9:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 16:1; 19:17

2 Samuél 9:3

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih satia”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 4:4; 9:13; 19:26

2 Samuél 9:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 17:27-29

2 Samuél 9:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”asih satia”.

  • *

    As. ”dahar roti”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Sil 11:17
  • +2Sam 19:28; Sil 11:25

2 Samuél 9:8

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Sam 24:14

2 Samuél 9:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 9:1; 16:4; 19:29

2 Samuél 9:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 19:28
  • +2Sam 19:17

2 Samuél 9:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +1Bab 8:34; 9:40

2 Samuél 9:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +2Sam 9:7; 19:28
  • +2Sam 4:4

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

2 Sam. 9:11Sam 18:1, 3; 20:15, 42
2 Sam. 9:22Sam 16:1; 19:17
2 Sam. 9:32Sam 4:4; 9:13; 19:26
2 Sam. 9:42Sam 17:27-29
2 Sam. 9:7Sil 11:17
2 Sam. 9:72Sam 19:28; Sil 11:25
2 Sam. 9:81Sam 24:14
2 Sam. 9:92Sam 9:1; 16:4; 19:29
2 Sam. 9:102Sam 19:28
2 Sam. 9:102Sam 19:17
2 Sam. 9:121Bab 8:34; 9:40
2 Sam. 9:132Sam 9:7; 19:28
2 Sam. 9:132Sam 4:4
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Samuél 9:1-13

2 Samuél

9 Ka dieunakeun, Daud ngomong, ”Aya teu ti kulawargana Saul nu hirup kénéh? Lamun aya, kuring rék nunjukkeun kanyaah* ka manéhna demi Yonatan.”+ 2 Kulawarga Saul téh boga palayan nu ngaranna Ziba.+ Jadi manéhna dititah ngadep ka Daud. Raja nanya ka manéhna, ”Manéh téh Ziba?” Dijawabna, ”Sumuhun, Raja.” 3 Raja nanya deui, ”Aya teu ti kulawargana Saul nu hirup kénéh? Lamun aya, kuring rék nunjukkeun kanyaah* ka manéhna, sakumaha Allah nunjukkeun kanyaah-Na.” Ziba ngajawab Raja, ”Aya kénéh hiji anak lalakina Yonatan. Sampéanna duanana cacad.”+ 4 Raja nanya, ”Di mana ayeuna?” Dijawab ku Ziba, ”Di bumina Makhir+ anak Amiél di Lo-débar.”

5 Raja Daud gancang ngirim utusan sina mawa manéhna ti imahna Makhir anak Amiél di Lo-débar. 6 Waktu Méfibosyét anak Yonatan incuna Saul geus aya di hareupeun Daud, bruk Méfibosyét langsung sujud. Ceuk Daud, ”Méfibosyét!” Jawabna, ”Sumuhun, Raja.” 7 Daud ngomong ka manéhna, ”Ulah sieun. Kuring rék nunjukkeun kanyaah*+ ka manéh demi Yonatan bapa manéh. Kuring rék mulangkeun ka manéh sakabéh tanahna Saul aki manéh. Manéh gé bakal terus dahar* saméja jeung kuring.”+

8 Ngadéngé kitu, Méfibosyét sujud tuluy ngomong, ”Saha atuh abdi téh dugi ka Raja merhatikeun abdi nu siga anjing paéh+ ieu?” 9 Tuluy, Raja ngageroan Ziba palayanna Saul. Ceuk Raja, ”Sagala harta bandana Saul jeung kulawargana ku kuring dibikeun ka Méfibosyét incuna dunungan manéh.+ 10 Tanahna panggarapkeun ku manéh, ku anak-anak manéh, jeung ku palayan-palayan manéh. Engké hasilna kumpulkeun keur nyadiakeun dahareun jang kulawargana Méfibosyét incuna dunungan manéh. Ari Méfibosyét mah bakal terus dahar saméja jeung kuring.”+

Ziba téh boga 15 anak lalaki jeung 20 palayan.+ 11 Ceuk Ziba ka Raja, ”Sagala paréntah Gusti Raja bakal dilaksanakeun ku abdi.” Jadi, Méfibosyét dahar saméja jeung Daud, siga putra raja. 12 Méfibosyét gé boga anak lalaki nu leutik kénéh, ngaranna Mika.+ Sakabéh jalma nu cicing di imahna Ziba jadi palayanna Méfibosyét. 13 Ari Méfibosyét cicingna di Yérusalém, sabab manéhna terus dahar saméja jeung Raja.+ Suku Méfibosyét téh duanana cacad.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun