2 Samuél
11 Dina awal taun,* waktu raja-raja maraju perang, Daud ngutus Yoab bareng jeung para palayanna sarta sakabéh pasukan Israél sina ngancurkeun urang Ammon. Maranéhna ngepung Raba,+ tapi Daud mah tetep di Yérusalém.+
2 Hiji peuting,* Daud hudang saré tuluy leuleumpangan di hateup* istanana. Ti dinya, manéhna ningali awéwé keur mandi. Éta awéwé téh geulis pisan. 3 Seug Daud ngutus jalma sina tatanya saha éta awéwé téh. Tuluy éta jalma ngalapor kieu, ”Manéhna téh Bat-syéba+ anak Éliam,+ istrina Uria+ urang Hét.”+ 4 Geus kitu, Daud ngirim utusan sina mawa éta awéwé.+ Jadi manéhna datang, tuluy disaréan* ku Daud.+ (Harita éta awéwé keur nyucikeun diri.*)+ Sanggeusna, éta awéwé balik ka imahna.
5 Teu lila, éta awéwé ngandung, tuluy manéhna ngirim pesen ka Daud, ”Abdi ngandung.” 6 Ngadéngé kitu, Daud ngirim pesen ka Yoab, ”Uria urang Hét téh titah datang ka dieu.” Jadi, Yoab nitah Uria sina ngadep ka Daud. 7 Waktu Uria datang, Daud nanyakeun kabarna Yoab, para prajurit, jeung kumaha kaayaan perang. 8 Tuluy Daud ngomong ka Uria, ”Jig geura balik, istirahat* di imah.” Sanggeus Uria kaluar ti istana, Raja ngirimkeun hadiah* keur manéhna. 9 Ari pék téh Uria teu balik ka imahna. Manéhna kalah ka saré di gerbang istana bareng jeung sakabéh palayan Raja. 10 Daud dibéjaan, ”Uria teu balik ka imahna.” Ngadéngé kitu, Daud ngomong ka Uria, ”Manéh pan kakara mulang ti perjalanan, ku naon bet teu balik ka imah?” 11 Uria némbalan ka Daud, ”Peti perjangjian+ sarta urang Israél jeung Yéhuda aya di kémah-kémah. Yoab panglima abdi gé keur aya di kémah di tegalan bareng jeung anak buahna. Jadi maenya abdi balik ka imah jang dahar, nginum, sarta saré* jeung pamajikan?+ Demi hirup Raja, abdi sumpah moal ngalampahkeun éta!”
12 Tuluy Daud ngomong ka Uria, ”Nya, cicing wéh di dieu poé ieu. Isukan ku urang manéh diidinan indit.” Jadi poé éta jeung poé isukna, Uria cicing di Yérusalém. 13 Tuluy, ku Daud manéhna diondang dahar jeung nginum nepi ka mabok. Tapi peuting éta gé manéhna angger teu balik ka imah. Manéhna saré bareng jeung para palayan Raja. 14 Isukna, Daud nulis surat keur Yoab tuluy dititipkeun ka Uria. 15 Eusina téh kieu, ”Tempatkeun Uria panghareupna, di médan perang nu pangbahayana, tuluy tinggalkeun sina diserang nepi ka tiwas.”+
16 Harita, Yoab geus nilik-nilik kota musuh. Manéhna nyaho di mana ayana prajurit-prajurit musuh nu kuat. Seug Uria ditempatkeun di dinya. 17 Burudul jalma-jalma ti éta kota kalaluar nyerang Yoab. Sababaraha prajurit Daud tiwas, kaasup Uria urang Hét téa.+ 18 Ti dinya, Yoab ngirim laporan perang ka Daud. 19 Kieu pesenna ka nu diutus, ”Engké sanggeus manéh nepikeun sagala laporan perang ka Raja, 20 Raja meureun bakal ambek tuluy ngomong kieu ka manéh, ’Ku naon perang téh deukeut-deukeut teuing ka kota? Teu nyaho kitu maranéh bakal dipanah ti luhureun témbok? 21 Saha nu maéhan Abimélékh+ anak Yérubésyét+ waktu keur di Tébéz? Lain ku hiji awéwé nu ngaragragkeun batu panggilingan* ti luhureun témbok? Ku naon maranéh téh bet deukeut-deukeut teuing kana témbok?’ Lamun Raja geus ngomong kitu, ngomong wéh kieu, ’Uria urang Hét, hamba Raja, gé tiwas.’”
22 Jadi, utusan téh indit sarta ngabéjakeun ka Daud sagala pesen Yoab. 23 Éta utusan ngomong kieu ka Daud, ”Pasukan musuh leuwih kuat tibatan urang. Maranéhna kalaluar nyerang urang di tegalan, tapi urang ngadesek maranéhna nepi ka malundur ka gerbang kota. 24 Tuluy, para prajurit Raja dihujanan ku panah ti luhureun témbok. Aya sababaraha prajurit Raja nu tiwas, kaasup Uria urang Hét.”+ 25 Ngadéngé kitu, Daud ngomong ka éta utusan, ”Béjakeun kieu ka Yoab, ’Geus, teu kudu dipikiran. Jamak mun aya nu tiwas di pangperangan mah. Ayeuna, serang wéh ku sakuat tanaga jeung talukkeun éta kota.’+ Manéh kudu nyumangetan Yoab.”
26 Ngadéngé salakina maot, pamajikan Uria nyeungceurikan salakina. 27 Sanggeus bérés mangsa sungkawa, Daud ngirim utusan sina mawa éta awéwé ka istana. Manéhna jadi pamajikan Daud+ tuluy ngalahirkeun anak lalaki. Tapi, kalakuan Daud éta bener-bener teu dipikaresep ku* Yéhuwa.+