2 Samuél
15 Sanggeus kajadian éta, Absalom nyiapkeun hiji karéta sarta kuda-kuda keur manéhna sorangan. Manéhna gé nitah 50 pangawal lumpat hareupeun manéhna.+ 2 Absalom sok hudang isuk-isuk tuluy nangtung di sisi jalan nu rék ka gerbang kota.+ Unggal aya nu rék mawa kasus hukum ka Raja,+ ku Absalom sok digeroan tuluy ditanya, ”Ti kota mana anjeun téh?” Éta jalma bakal ngajawab, ”Hamba Juragan ieu téh ti salah sahiji kaom di Israél.” 3 Terus Absalom bakal ngomong kieu, ”Dina kasus anjeun mah anjeun nu bener. Tapi hanjakalna, euweuh pajabat Raja nu bisa ngadéngékeun kasus anjeun.” 4 Absalom bakal ngomong deui, ”Coba mun kuring nu dilantik jadi hakim di ieu nagri! Saha waé nu boga kasus atawa masalah hukum bisa datang ka kuring. Kuring bakal adil ngurus masalahna.”
5 Lamun aya jalma nu nyampeurkeun rék sujud ka manéhna, ku Absalom geuwat dicekel tuluy dicium.+ 6 Éta nu dilampahkeun ku Absalom ka sakabéh urang Israél nu datang pikeun ménta kasus hukumna diurus ku Raja. Atuh urang Israél téh kabeuli haténa.+
7 Opat taun* ti harita, Absalom ngomong ka Raja, ”Abdi nyuhunkeun idin angkat ka Hébron,+ badé ngalaksanakeun ikrar abdi ka Yéhuwa. 8 Basa di Gésyur+ di Siria, abdi nyieun ikrar+ kieu, ’Lamun Yéhuwa mawa abdi balik ka Yérusalém, abdi bakal ngabaktikeun kurban ka* Yéhuwa.’” 9 Raja ngajawab, ”Heug, sing salamet.” Ku kituna, Absalom indit ka Hébron.
10 Tuluy Absalom ngutus mata-mata ka sakabéh kaom Israél sina ngomong kieu, ”Waktu kadéngé sora tarompét tanduk, maranéh kudu ngumumkeun ieu, ’Absalom geus jadi raja di Hébron!’”+ 11 Aya 200 urang ti Yérusalém nu indit ka ditu bareng jeung Absalom. Lantaran diajak, maranéhna milu wéh teu curiga, da teu nyahoeun bakal aya kajadian naon. 12 Waktu ngabaktikeun kurban, Absalom ngutus jalma sina ngageroan Ahitofél+ panaséhat Daud.+ Harita Ahitofél keur aya di Gilo+ kota asalna. Rencana pikeun ngalawan Raja téh beuki lancar, nu ngadukung Absalom gé beuki loba.+
13 Ahirna aya nu ngabéjaan Daud, ”Urang Israél geus mihak ka Absalom.” 14 Harita kénéh Daud ngomong ka sakabéh palayanna di Yérusalém, ”Hayu urang kabur,+ sabab urang moal bisa lolos ti Absalom! Gancang, bisi manéhna nyusul tuluy ngéléhkeun urang, sarta maéhan sakabéh penduduk kota ku pedang!”+ 15 Palayan-palayan Raja némbalan, ”Naon waé nu diputuskeun ku Gusti Raja badé dilaksanakeun ku abdi sadaya.”+ 16 Jadi, Raja indit bareng jeung saeusi rumah tanggana. Tapi aya sapuluh selir+ nu ditinggalkeun pikeun ngurus istana. 17 Raja sarta sakabéh jalma nu milu jeung manéhna neruskeun perjalanan, tuluy maranéhna eureun di Bét-mérhak.
18 Nu indit bareng jeung* Raja téh nyaéta sakabéh palayanna, sakabéh pangawal pribadina,*+ sarta 600 urang Gat+ nu nuturkeun manéhna ti Gat.+ Maranéhna kabéh liwat di hareupeun Raja bari dipariksa ku manéhna. 19 Geus kitu Raja ngomong ka Ittai+ urang Gat, ”Ku naon bet milu? Geus balik deui wéh, cicing jeung raja nu anyar, da anjeun téh urang asing sarta teu bisa balik deui ka tempat anjeun. 20 Anjeun pan kakara datang, jadi jang naon milu aprak-aprakan jeung urang kabéh? Kuring gé teu nyaho rék indit ka mana. Jung balik wéh, bawa dulur-dulur anjeun. Mugia Yéhuwa bageur* jeung satia ka anjeun!”+ 21 Tapi Ittai némbalan Raja, ”Demi Yéhuwa nu hirup jeung demi hirup Gusti Raja, ka mana waé Gusti Raja indit, rék hirup rék maot, abdi bakal milu!”+ 22 Ngadéngé kitu, Daud ngomong ka Ittai,+ ”Mun kitu mah sok atuh meuntas.” Jadi Ittai urang Gat téh meuntas bareng jeung baladna sarta anak-anakna.
23 Waktu sakabéh jalma mareuntas, sakabéh penduduk éta nagri careurik mani tarik. Raja mah nangtung di deukeut Lebak Kidron.+ Ari éta rombongan mareuntas ka jalan nu rék ka tanah gurun. 24 Zadok+ gé aya di dinya bareng jeung sakabéh urang Léwi+ nu mawa peti+ perjangjian Allah nu sajati.+ Tuluy, peti Allah nu sajati téh diteundeun. Abiatar+ gé aya di dinya waktu sakabéh jalma ninggalkeun kota jeung meuntas. 25 Tapi Raja ngomong ka Zadok, ”Éta peti perjangjian Allah nu sajati téh pulangkeun deui ka kota.+ Lamun kuring dipikaresep ku Yéhuwa, Anjeunna bakal mawa kuring balik sarta ngidinan kuring ningali éta peti jeung tempatna.+ 26 Tapi lamun Allah teu resep ka kuring, nya geus kumaha saéna Anjeunna wéh, kuring mah narima.” 27 Raja ngomong kieu ka Imam Zadok, ”Anjeun téh jurutingal, pan?+ Sok balik deui ka kota, sing salamet. Bawa sakalian Ahimaaz anak anjeun sarta Yonatan+ anak Abiatar. 28 Kuring rék cicing di deukeut pameuntasan di tanah gurun, ngadagoan kabar ti aranjeun.”+ 29 Jadi Zadok jeung Abiatar mawa balik peti perjangjian Allah nu sajati ka Yérusalém. Maranéhna tetep cicing di ditu.
30 Daud naék ka Gunung* Zaitun+ bari ceurik. Sirahna ditutupan, leumpangna teu maké sendal-sendal acan. Kabéh jalma nu milu jeung manéhna naék gunung gé nutupan sirahna bari careurik. 31 Aya nu ngalapor kieu ka Daud, ”Ahitofél geus sakongkol+ jeung Absalom.”+ Ngadéngé kitu Daud ngomong, ”Nun Yéhuwa,+ mugia naséhat Ahitofél dianggap naséhat jalma bodo!”+
32 Waktu Daud nepi ka puncak, tempat jalma-jalma biasana ibadah ka Allah, Husyai+ urang Arkhi+ manggihan manéhna. Bajuna geus disoéhkeun, jeung dina sirahna aya taneuh. 33 Tapi, Daud ngomong kieu ka manéhna, ”Lamun manéh milu meuntas jeung urang, manéh moal bisa nulungan urang. 34 Leuwih alus manéh balik ka kota tuluy ngomong kieu ka Absalom, ’Nun Raja, abdi téh hamba anjeun. Mémang kapungkur abdi hamba bapa anjeun, tapi ayeuna abdi hamba anjeun.’+ Engké naséhat Ahitofél gagalkeun ku manéh.+ 35 Imam Zadok jeung Imam Abiatar aya di ditu ogé, pan? Sagala nu didéngé ku manéh di istana raja kudu dibéjakeun ka maranéhna.+ 36 Anak-anakna gé aya di ditu, nyaéta Ahimaaz+ anak Zadok jeung Yonatan+ anak Abiatar. Engké maranéhna nu bakal nepikeun ka urang sagala nu didéngé ku manéh.” 37 Jadi Husyai sobat* Daud+ indit ka kota. Kabeneran harita Absalom gé asup ka Yérusalém.