Raja-Raja nu Kadua
24 Dina jaman pamaréntahan Yéhoyakim, Nébukhadnézar+ raja Babilon datang nyerang manéhna. Jadi salila tilu taun, Yéhoyakim ngalalayanan manéhna. Tapi ahirna, Yéhoyakim barontak. 2 Tuluy, Yéhuwa ngadatangkeun pasukan rampog ti Khaldéa,+ Siria, Moab, jeung Ammon pikeun nyerang manéhna. Anjeunna terus ngadatangkeun maranéhna pikeun nyerang jeung numpes Yéhuda, sakumaha ucapan Yéhuwa+ nu ditepikeun ku para nabi-Na. 3 Pangna kajadian kitu ka Yéhuda téh lantaran paréntah Yéhuwa. Anjeunna hayang nyingkirkeun maranéhna ti hareupeuna-Na+ lantaran sakabéh dosa Manasyé.+ 4 Manasyé geus maéhan loba jalma nu teu salah,+ nepi ka Yérusalém banjir ku getih maranéhna. Ku kituna, Yéhuwa embung ngahampura Yéhuda.+
5 Riwayat Yéhoyakim, kaasup sagala nu dilampahkeunana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Yéhuda.+ 6 Ahirna Yéhoyakim maot siga karuhunna.+ Yéhoyakhin anakna ngaganti manéhna jadi raja.
7 Raja Mesir jeung pasukanna geus tara budal deui ti nagrina, lantaran raja Babilon geus nyokot sakabéh wilayah milik raja Mesir,+ ti Wadi* Mesir+ nepi ka Walungan Éfrat.+
8 Basa jadi raja, Yéhoyakhin+ téh umur 18 taun. Manéhna maréntah salila tilu bulan di Yérusalém.+ Ngaran indungna téh Néhusta anak Élnatan, asalna ti Yérusalém. 9 Manéhna terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa, sakumaha bapana. 10 Harita, para perwira Nébukhadnézar raja Babilon nyerang jeung ngepung kota Yérusalém.+ 11 Waktu éta kota keur dikepung, Nébukhadnézar raja Babilon datang.
12 Yéhoyakhin raja Yéhuda bareng jeung indungna, para palayanna, para pamingpinna, jeung para pajabat istanana+ taluk ka raja Babilon.+ Jadi dina taun kadalapan pamaréntahan raja Babilon, Yéhoyakhin diboyong jadi tawanan.+ 13 Geus kitu, raja Babilon ngakutan sakabéh harta nu aya di bumina Yéhuwa jeung di istana.+ Manéhna gé ngancur-ngancurkeun kabéh parabot emas beunang nyieun Sulaéman raja Israél pikeun bumina Yéhuwa.+ Éta téh kajadian percis sakumaha nu geus diucapkeun ku Yéhuwa saacanna. 14 Nu diboyong ku raja Babilon téh nyaéta kabéh urang Yérusalém, kabéh pamingpin,+ kabéh prajurit nu perkasa, kabéh tukang beusi,*+ jeung kabéh jalma nu ahli nyieun rupa-rupa barang, kabéhanana téh aya 10.000 urang. Euweuh nu teu diboyong, kajaba jalma-jalma nu malarat pisan.+ 15 Jadi, Yéhoyakhin+ diboyong ti Yérusalém ka Babilon+ pikeun dijadikeun tawanan, kitu ogé jeung indungna, pamajikan-pamajikanana, para pajabat istana, jeung jalma-jalma penting di éta nagri. 16 Raja Babilon gé ngaboyong kabéh prajurit, kabéhanana aya 7.000 urang. Tukang beusi* jeung jalma nu ahli nyieun rupa-rupa barang gé diboyong ku raja Babilon, kabéhanana aya 1.000 urang. Maranéhna kabéh téh jalma nu perkasa jeung geus dilatih supaya siap perang. 17 Matania emangna Yéhoyakhin+ ku raja Babilon diangkat jadi raja ngaganti Yéhoyakhin. Ngaran Matania gé diganti jadi Zédékia.+
18 Basa jadi raja, Zédékia téh umur 21 taun. Manéhna maréntah salila 11 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Hamutal+ anak Yérémia, asalna ti Libna. 19 Manéhna terus milampah nu jahat dina pandangan Yéhuwa, sakumaha kabéh lalampahan Yéhoyakim.+ 20 Ayana kajadian goréng di Yérusalém jeung di Yéhuda téh lantaran Yéhuwa geus ambek jeung hayang nyingkirkeun maranéhna ti hareupeuna-Na.+ Teu lila ti dinya, Zédékia barontak ngalawan ka raja Babilon.+