Ayub
30 ”Ari ayeuna, ku nu leuwih ngora gé
Urang diseungseurikeun,+
Padahal bapa maranéhna gé
Teu pantes ngajaga ingon-ingon bareng jeung anjing-anjing urang.
2 Kakuatan maranéhna euweuh gunana keur urang.
Maranéhna geus béakkeun tanaga.
3 Ku miskin-miskinna, ku lapar-laparna, maranéhna jadi lemah.
Maranéhna ngagayem naon waé nu aya dina taneuh nu garing,
Nyaéta taneuh nu geus ancur jeung teu diurus.
4 Maranéhna nyabutan daun-daun asin tina rungkun.
Akar-akar pait tina tangkal jadi dahareunana.
5 Maranéhna téh jalma-jalma nu diusir ti masarakat.+
Jalma-jalma gogorowokan ka maranéhna kawas ka bangsat.
6 Caricingna téh di lamping-lamping* di sisi leuwi,
Di guha-guha di jero taneuh, sarta di gunung-gunung batu.
7 Maranéhna ngajerit tina rungkun
Sarta pajejel di antara pepelakan liar.
8 Maranéhna téh turunan jalma bodo jeung euweuh gunana,
Ku kituna maranéhna diusir ti lemburna.
9 Tapi ayeuna nu karitu patut gé moyokan urang, malahan dina lagu-laguna.+
Urang dijadikeun sindiran ku maranéhna.+
10 Maranéhna nyingkah lantaran geuleuheun ka urang.+
Maranéhna teu asa-asa nyiduhan beungeut urang.+
11 Maranéhna teu asa-asa ngalawan urang,
Pédah urang keur direndahkeun jeung dijadikeun teu walakaya ku Allah.
12 Ti beulah katuhu, maranéhna ngarempug urang,
Nu matak urang kudu kabur.
Sajajalan, maranéhna neundeun hahalang-hahalang supaya urang binasa.
13 Maranéhna ngaruksak jalan-jalan urang.
Gara-gara maranéhna, urang jadi beuki sangsara.+
Euweuh nu ngeureunkeun* maranéhna deuih.
14 Saolah maranéhna datang liwat témbok nu geus bobol.
Maranéhna narajang tempat nu geus ancur.
15 Urang dilimpudan ku kasieun.
Martabat urang leungit kabawa angin.
Harepan urang pikeun salamet sirna kawas méga* kasapu angin.
18 Pakéan urang dipuril-puril ku kakuatan nu gedé.*
Kawas liang beuheung baju nu sempit éta nyekék urang.
19 Allah miceun urang kana leutak.
Urang jadi kawas kekebul jeung lebu.
20 Abdi ngajerit ménta tulung, tapi ku Gusti teu diwaro.+
Abdi cengkat, tapi ku Gusti ngan ditingali wungkul.
21 Ku kejem-kejemna, Gusti nyerang abdi.+
Sataker kebek Gusti neunggeul abdi.
22 Ku Gusti abdi diangkat sina diapung-apung ku angin
Tuluy dibuntang-banting ku topan.*
23 Abdi terang Gusti bakal nyandak abdi kana ajal,
Ka pamatuhan sadaya jalmi, tempat maranéhna bakal ngumpul.
24 Mémangna aya nu téga neunggeul jalma nu teu walakaya*+
Waktu manéhna ngajerit ménta tulung lantaran sangsara?
25 Lain baheula téh urang sok milu ceurik ka nu sangsara
Jeung milu sedih ka nu miskin?+
26 Nu diarep-arep téh kahadéan, nu ditarima kalah ka kagoréngan.
Nu didago-dago téh caang, nu datang kalah ka poék.
27 Haté urang guligah teu eureun-eureun.
Saban poé urang sangsara.
28 Urang leumpang bari nguyung,+ teu ningali panonpoé.
Di antara jalma réa, urang nangtung jeung ngajerit ménta tulung.
29 Urang jadi dulurna anjing leuweung
Sarta baturna manuk onta.+
30 Kulit jadi hideung jeung molotok.+
Tulang-tulang asa panas kawas kaduruk.*
31 Harpa urang ngan dipaké waktu aya nu sungkawa.
Suling urang dipaké waktu aya nu ceurik.