Jabur
Jabur karangan Daud. Lagu.
110 Saur Yéhuwa ka Juragan abdi,
”Diuk katuhueun Kuring+
Nepi ka Kuring nalukkeun kabéh musuh manéh handapeun suku manéh.”+
2 Yéhuwa bakal ngalantarankeun anjeun ngawasa ka tempat-tempat séjén, teu ngan saukur di Zion. Saur Anjeunna,
”Geura ngawasa di tengah musuh-musuh manéh.”+
3 Waktu anjeun mingpin pasukan pikeun perang, rahayat anjeun bakal maju sukaréla.
Pasukan anjeun téh barudak ngora nu kawas ciibun nu turun isuk-isuk.
Maranéhna téh nya éndah nya suci.
Anjeunna moal barobah pikiran.*
5 Yéhuwa bakal aya katuhueun anjeun.+
Dina poé Anjeunna ngabudalkeun amarah, raja-raja bakal dibasmi.+
Anjeunna bakal ngancurkeun pamingpin* ti nagri nu lega.*
7 Anjeunna* bakal nginum tina walungan di sisi jalan.
Anjeunna bakal unggul.