Jabur
Pujian Daud.
א [Alef]
145 Abdi badé ngagungkeun Gusti, nun Allah, Raja abdi.+
Abdi badé muji nami Gusti pikeun salalanggengna.+
ב [Bet]
2 Sadinten jeput abdi badé muji Gusti.+
Abdi badé muji nami Gusti pikeun salalanggengna.+
ג [Gimel]
ד [Dalet]
4 Jalma-jalma bakal muji padamelan Gusti ti jaman ka jaman,
Maranéhna bakal nyaritakeun padamelan Gusti nu hébat.+
ה [He]
5 Maranéhna bakal nyaritakeun kamulyaan jeung kahormatan Gusti.+
Abdi bakal mikirkeun padamelan Gusti nu kacida hébatna.
ו [Waw]
6 Maranéhna bakal nyaritakeun tindakan* Gusti nu matak tajub.
Abdi bakal nguarkeun kaagungan Gusti.
ז [Zayin]
7 Waktu inget kana kasaéan Gusti nu sakitu seueurna, maranéhna terus muji Gusti.+
Maranéhna surak gumbira lantaran Gusti téh adil.+
ח [Khet]
ט [Tet]
9 Yéhuwa téh bageur ka sadaya ciptaan.+
Tina hasil karya-Na, katingal Anjeunna téh karunyaan.
י [Yod]
10 Nun Yéhuwa, sadaya ciptaan bakal ngamulyakeun Gusti.+
Hamba Gusti nu satia gé bakal muji Gusti.+
כ [Kaf]
11 Maranéhna bakal nguarkeun pamaréntahan Gusti nu mulya+
Sarta bakal nyaritakeun kakuatan Gusti,+
ל [Lamed]
12 Sangkan jalma-jalma tarerangeun kana tindakan Gusti nu hébat+
Sarta pamaréntahan Gusti nu mulya.+
מ [Mem]
13 Pamaréntahan Gusti bakal aya salalanggengna,
Sarta kakawasaan Gusti bakal terus aya ti jaman ka jaman.+
ס [Samekh]
14 Yéhuwa nulungan sadaya jalma nu téréh tigubrag+
Sarta nguatkeun sadaya nu kabeungbeurat ku masalah.+
ע [Ayin]
15 Sadaya ciptaan ngaharep ka Gusti.
Gusti masihan tuangeun dina waktuna.+
פ [Pe]
צ [Tsade]
ק [Qof]
ר [Res]
19 Anjeunna nyumponan kahayang jalma-jalma nu hormat* ka Anjeunna.+
Anjeunna ngadangukeun waktu maranéhna ménta tulung, seug nyalametkeun maranéhna.+
ש [Syin]
20 Yéhuwa bakal ngajaga jalma-jalma nu nyaah ka Anjeunna,+
Sabalikna nu jahat mah bakal dibinasakeun ku Anjeunna.+
ת [Taw]
21 Biwir abdi bakal muji Yéhuwa.+
Mugia sadaya jalmi muji nami suci Anjeunna salalanggengna.+