Siloka
10 Paribasa-paribasa Sulaéman.+
Budak bijaksana, bapa nu bungah.+
Ari budak bodo mah indung nu nalangsa.
2 Harta banda beunang teu jujur mah euweuh gunana,
Tapi lalampahan nu bener bisa nyalametkeun jalma tina maot.+
3 Jalma bener moal diantep kalaparan ku Yéhuwa,+
Ari nu jahat mah angen-angenna gé bakal digagalkeun.
5 Budak anu boga pangarti téh ngumpulkeun hasil panén dina usum halodo,
Ari budak anu ngérakeun dirina sorangan mah ngadon saré waé dina usum panén.+
6 Jalma bener bakal narima berkah,+
Tapi nu jahat mah nutupan niat jahatna ku ucapanana.
7 Jalma bener moal dipopohokeun tapi bakal diberkahan,+
Sabalikna nu jahat mah ngaranna bakal dipopohokeun.+
8 Jalma nu bijaksana mah dibéré naséhat* téh daék,+
Tapi nu asal ngomong mah bakal ngalaman kasusah.+
13 Jalma nu boga pangarti omonganana bijaksana,+
Tapi nu teu boga pikiran mah tonggongna kudu digebug ku tongkat.+
14 Jalma bijaksana téh terus diajar sagala nu aya paédahna,+
Ari ucapan jalma bodo mah ngadatangkeun masalah.+
15 Kakayaan ngabénténg nu beunghar,
Ari nu miskin mah sangsara lantaran teu boga nanaon.+
16 Lalampahan jalma bener téh nungtun kana hirup,
Ari lalampahan jalma jahat mah nungtun kana dosa.+
17 Jalma nu daék narima didikan téh nuduhkeun jalan kahirupan ka batur,*
Tapi nu embung dipapatahan mah nyasabkeun batur.
20 Omongan jalma bener téh saibarat pérak murni,+
Tapi pipikiran jalma jahat mah taya hargana.
21 Omongan jalma bener nyegerkeun* jalma réa,+
Sabalikna nu bodo mah paéh ku lantaran teu boga pikiran.+
22 Nu ngabeungharkeun téh berkah ti Yéhuwa,+
Jeung berkahna téh teu dibarengan ku kasedih.
23 Keur jalma bodo, kalakuan nu ngérakeun téh dianggap heureuy,
Tapi nu bisa nimbang-nimbang mah bijaksana.+
24 Naon nu dipikasieun ku jalma jahat, éta nu bakal kaalaman ku manéhna,
Tapi kahayang jalma bener mah bakal dikabulkeun.+
25 Sanggeus angin topan liwat, jalma jahat geus moal aya deui,+
Tapi jalma bener mah kawas pondasi nu salilana weweg.+
26 Keur dununganana, jalma kedul téh
Kawas cuka nu matak linu kana huntu, kawas haseup nu matak peurih kana panon.
29 Keur jalma nu hirupna bersih, sagala tindakan Yéhuwa téh jadi panyalindunganana,+
Tapi keur jalma nu kalakuanana jahat mah éta téh musibat.+
31 Jalma bener téh omonganana bijaksana,
Ari sungut nu nyasabkeun mah bakal dibekem salilana.
32 Jalma bener téh nyaho kana pitutur anu nyukakeun haté,
Ari nu jahat mah omonganana nyasabkeun.