Hoséa
4 Éh urang Israél, déngékeun firman Yéhuwa.
Yéhuwa boga perkara hukum jeung penduduk ieu nagri,+
Sabab di ieu nagri téh euweuh bebeneran, euweuh asih satia, sarta euweuh pangarti ngeunaan Allah.+
Jalma-jalmana haben waé silih paéhan.+
3 Éta sababna ieu nagri bakal sungkawa,+
Sakabéh pendudukna bakal paraéh.
Sato-sato galak di tegalan, manuk-manuk di langit,
Malah lauk-lauk di lautan gé bakal paraéh kabéh.
4 ”Tapi, ulah aya nu ngabantah atawa nyarék maranéh,+
Sabab maranéh téh kawas jalma nu ngabantah imam.+
5 Ti beurang maranéh bakal titajong, kawas jalma nu titajong ti peuting.
Nabi gé bakal titajong cara kitu.
Kuring bakal maéhan* indung maranéh.
6 Umat Kuring bakal diparaéhan* ku lantaran teu wanoh ka Kuring.
Maranéh teu daék wanoh ka Kuring,+
Nya Kuring gé bakal nolak maranéh sabagé imam nu ngalalayanan Kuring.
7 Beuki loba jumlah maranéhna, beuki loba ogé dosa maranéhna ka Kuring.+
Kamulyaan maranéhna ku Kuring bakal diganti ku kahinaan.*
8 Para imam dalahar sarta jadi lalintuh ku lantaran dosa umat Kuring.*
Éta sababna, maranéhna hayang umat Kuring téh terus marigawé dosa.
9 Boh imam boh rahayat ku Kuring sarua bakal dihukum ku lantaran kalakuanana.
Maranéhna rék disina nanggung balukar tina tindakanana.+
10 Maranéhna bakal dahar, tapi moal seubeuh.+
Maranéhna bakal ngalampahkeun nu cabul ka loba awéwé,* tapi moal boga turunan,+
Lantaran maranéhna teu hormat ka Yéhuwa.
11 Ku lantaran palacuran,* cianggur heubeul, jeung cianggur anyar,
Jalma jadi teu boga kahayang ngalampahkeun nu bener.+
12 Umat Kuring tatanya ka berhala-berhala tina kai.
Maranéhna nuturkeun pituduh ti iteukna.*
Maranéhna teu satia ku lantaran hayang ngalacur.*
Maranéhna teu nurut ka Allahna ku cara ngalacur.
13 Maranéhna ngurban di puncak-puncak gunung.+
Maranéhna meuleum kurban di pasir-pasir,*
Di handapeun tangkal ék, tangkal storaks, jeung sakabéh tangkal gedé,+
Pédah tempatna iuh.
Éta sababna anak-anak awéwé maranéh ngalacur,*
Sarta minantu-minantu awéwé maranéh jinah.
14 Kuring moal ngahukum anak-anak awéwé maranéh nu ngalacur,*
Moal ngahukum minantu-minantu awéwé maranéh nu jinah,
Sabab lalaki-lalaki gé arindit jeung palacur
Sarta ngurban jeung para palacur kuil.
Jelema-jelema nu bodo+ siga kitu bakal binasa.
16 Urang Israél téh bedegong kawas sapi nu teu nurut.+
Kuring, Yéhuwa, moal ngangon maranéhna cara ngangon anak domba di tegal jukut.*
17 Éfraim geus nyembah ka berhala-berhala.+
Kajeun, antep sakarepna!
Para pamingpinna resep pisan kana lampah hina.+
19 Maranéhna bakal leungit kabawa ku angin,
Bakal éra ku lantaran kurban-kurban nu dibaktikeunana.”