Nu Ditulis ku Yahya
19 Pilatus nitah sangkan Isa dipecutan.+ 2 Tuluy, para prajurit nyieun mamakutaan nu dianyam tina cucuk, rap diterapkeun kana sirahna Isa, geus kitu Isa dibajuan ku jubah ungu.+ 3 Maranéhna teterusan nyampeurkeun Isa, pok moyok kieu, ”Salam, Raja Urang Yahudi!” bari terus nyarabokan.+ 4 Pilatus kaluar deui tuluy ngomong ka jalma-jalma, ”Yeuh, ieu jalma ku urang dibawa kaluar supaya maranéh nyaho yén urang teu manggih kasalahan nanaon ti manéhna.”+ 5 Ti dinya Isa kaluar, masih kénéh maké mamakutaan tina cucuk jeung jubah ungu. Pilatus ngomong ka jalma-jalma, ”Tah tempo, ieu jalmana!” 6 Barang imam-imam kapala jeung tukang-tukang jaga ningali Isa, maranéhna gogorowokan, ”Paéhan dina tihang! Paéhan dina tihang!”+ Pilatus ngomong ka maranéhna, ”Bawa wéh ku sorangan tuluy paéhan, da urang mah teu manggih kasalahan nanaon ti manéhna.”+ 7 Urang Yahudi ngajawab, ”Urang téh boga hukum. Nurutkeun hukum, manéhna téh kudu dipaéhan+ sabab ngaku-ngaku putra Allah.”+
8 Ngadéngé omongan maranéhna kitu, Pilatus jadi beuki sieun. 9 Manéhna asup deui ka imah gubernur tuluy nanya ka Isa, ”Manéh téh asalna ti mana?” Tapi ku Isa teu dijawab.+ 10 Jadi Pilatus ngomong, ”Embung ngajawab manéh téh? Teu nyaho kitu urang téh boga kawasa pikeun ngabébaskeun atawa ngahukum pati manéh?” 11 Isa némbalan, ”Bapa moal boga kawasa naon-naon ka abdi lamun teu dipasihan ku Allah. Éta sababna jalma nu nyerahkeun abdi ka Bapa téh dosana leuwih gedé.”
12 Ku sabab éta, Pilatus terus néangan cara pikeun ngabébaskeun Isa, tapi urang Yahudi ngagorowok, ”Lamun éta jalma dibébaskeun, éta buktina Bapa téh lain sobatna Kaisar. Nu ngaku dirina raja téh hartina ngalawan ka Kaisar.”+ 13 Ngadéngé kitu, Pilatus mawa Isa kaluar tuluy diuk dina korsi pangadilan di tempat nu disebut Lanté Batu, nu dina basa Ibrani disebut Gabata. 14 Harita téh poé Persiapan Paskah,+ kira-kira jam 12 beurang.* Pilatus ngomong ka urang Yahudi, ”Tah, ieu raja maranéh téh!” 15 Tapi maranéhna gogorowokan, ”Singkirkeun! Singkirkeun! Paéhan dina tihang!” Ceuk Pilatus, ”Maenya urang kudu ngahukum pati raja maranéh?” Imam-imam kapala ngajawab, ”Urang mah teu boga deui raja salian ti Kaisar.” 16 Tungtungna, Pilatus nitah sangkan Isa dihukum pati dina tihang.+
Jadi Isa dibawa ku maranéhna. 17 Bari manggul tihang siksaanana* sorangan, Isa indit ka tempat nu disebut Tempat Tangkorék,+ nu dina basa Ibrani disebut Golgota.+ 18 Di dinya, Isa dipakukeun kana tihang+ bareng jeung dua lalaki séjén, hiji di kénca hiji di katuhu. Isa di tengah-tengah maranéhna.+ 19 Luhureun tihang siksaan,* Pilatus nulis ieu gelaran: ”Isa urang Nazarét, Raja Urang Yahudi”.+ 20 Loba urang Yahudi maca éta gelaran, lantaran tempat Isa dipaku dina tihang téh deukeut kota, sarta ditulisna téh maké basa Ibrani, Latin, jeung Yunani. 21 Tapi, imam-imam kapala urang Yahudi ngomong kieu ka Pilatus, ”Kalimahna ulah ’Raja Urang Yahudi’. Tulis wéh sakumaha ceuk manéhna, ’Abdi téh Raja Urang Yahudi.’” 22 Pilatus ngajawab, ”Anu geus ditulis ku urang teu meunang dirobah.”
23 Para prajurit nu makukeun Isa kana tihang téh nyokot baju luar Isa, tuluy dibagi opat, dibagikeun hiji séwang. Maranéhna gé nyokot baju bagian jerona, tapi éta mah euweuh kaputanana sabab ditinun ti luhur nepi ka handap. 24 Jadi, ceuk maranéhna ka pada baturna, ”Ulah disoéhkeun ieu mah, urang undi wéh ku saha engké beunangna.”+ Ku kituna, ieu ayat jadi kanyataan, ”Baju abdi dibagi-bagikeun di antara maranéhna sorangan, pakéan abdi gé diundi.”+ Éta pisan nu dilampahkeun ku para prajurit.
25 Di dinya, ibuna Isa+ sarta dulur awéwéna, Maryam pamajikanana Klopas, jeung Maryam Magdaléna+ téh narangtung di deukeut tihang siksaan* Isa. 26 Waktu Isa ningali yén ibuna sarta muridna nu dipikanyaah+ nangtung di deukeutna, Isa ngomong kieu ka ibuna, ”Ibu, éta téh putra Ibu!” 27 Terus Isa ngomong ka éta murid, ”Éta téh indung manéh!” Ti saprak harita, ibuna Isa ku éta murid dibawa ka imahna.
28 Geus kitu, basa Isa nyaho ayeuna sagalana geus laksana, anjeunna ngomong, ”Urang haus.”+ Ku ngomong kitu, éta ayat jadi kanyataan. 29 Di dinya, aya cianggur haseum dina wadah. Jadi, sababaraha urang nu nangtung di deukeutna nyokot sepon* nu geus dianclomkeun kana cianggur haseum tuluy digagangan ku dahan hisop,* seug diantelkeun kana baham Isa.+ 30 Sanggeus ngasaan cianggur haseum, Isa ngomong, ”Geus bérés!”+ Sirahna tungkul, les anjeunna maot.+
31 Lantaran harita téh poé Persiapan,+ teu meunang aya jasad nu ngagantung dina tihang siksaan*+ dina poé Sabat (sabab éta téh poé Sabat nu istiméwa).+ Jadi, urang Yahudi ménta ka Pilatus supaya suku éta jalma-jalma dipotongkeun sarta jasadna diturunkeun. 32 Jadi, suku dua jalma nu dipaku gigireun Isa téh ku para prajurit dipotongkeun. 33 Barang maranéhna ngadeukeutan Isa, ari pék téh Isa mah geus maot, jadi sukuna teu dipotongkeun. 34 Tapi, aya hiji prajurit nu nubleskeun tumbak kana bagian rusukna,+ brey bijil getih jeung cai. 35 Murid nu nyaritakeun ieu téh geus nyaksian sorangan, caritana téh bisa dipercaya. Manéhna nyaho yén nu diomongkeunana téh bener, sarta manéhna nyarita téh supaya maranéh ogé percaya.+ 36 Éta téh bener-bener kajadian, ku kituna ieu ayat laksana, ”Tulangna hiji gé euweuh nu dipotongkeun.”*+ 37 Aya ogé ayat nu nyebutkeun, ”Maranéhna bakal neuteup jalma anu ditubles ku maranéhna.”+
38 Sanggeus kajadian éta, Yusuf ti Arimatéa, ménta idin ka Pilatus pikeun mawa jasadna Isa, seug diidinan. Ku kituna, jasadna Isa dibawa ku manéhna.+ Yusuf téh muridna Isa, ngan teu wani terus terang ngaku murid lantaran sieun ku urang Yahudi.+ 39 Salian ti éta, Nikodémus,+ nu pernah datang peuting-peuting ka Isa, datang ogé bari mawa campuran* emur* jeung gaharu* nu beuratna kira-kira 30 kilogram.*+ 40 Jadi, maranéhna mawa jasadna Isa tuluy dibulen ku kaén linén jeung rempah-rempah,+ sakumaha kabiasaan urang Yahudi ngamakamkeun mayit. 41 Di tempat Isa dihukum pati* téh aya taman. Di éta taman, aya makam anyar+ nu can pernah dipaké. 42 Ku sabab harita téh poé Persiapan+ urang Yahudi, sarta makamna deukeut, Isa digolérkeun di dinya.