Nu Ditulis ku Yahya
20 Subuh-subuh dina poé nu kahiji minggu éta, poék-poék kénéh, Maryam Magdaléna datang ka makam,+ seug katempo yén batu tutup makam téh aya nu mindahkeun.+ 2 Beretek manéhna lumpat manggihan Simon Pétrus jeung murid nu dipikanyaah ku Isa+ téa, pok ngomong kieu, ”Aya nu mawa Juragan ti jero makam,+ tapi duka dibawa ka mana.”
3 Jadi Pétrus jeung éta murid indit ka makam. 4 Beretek duanana lumpat, tapi éta murid leuwih gancang tibatan Pétrus. Manéhna nepi ti heula ka makam. 5 Tapi manéhna mah teu asup, ngan ngalongok ka jero, tuluy katempo kaén-kaén linén téh numpuk di dinya.+ 6 Teu lila, jol Simon Pétrus nyusul. Ari Pétrus mah asup ka jero makam, tuluy katempo kaén-kaén linén téh numpuk di dinya. 7 Tapi kaén urut ngabulen sirah Isa mah geus ngagulung, misah ti kaén-kaén séjén. 8 Terus, murid nu nepi ti heula téa milu asup. Sanggeus ningali, manéhna percaya kana naon nu geus dibéjakeun téa. 9 Tapi, maranéhna duaan can ngarti kana ayat nu nyebutkeun yén Isa kudu dihirupkeun deui tina maotna.+ 10 Jadi, murid-murid téh baralik deui ka imah.
11 Ari Maryam mah nangtung kénéh di luar makam bari ceurik. Tuluy, manéhna ngalongok ka jero makam, 12 seug katempo dua malaikat+ maké baju bodas, keur diuk di tempat tadina Isa digolérkeun. Nu hiji di palebah urut sirahna Isa, nu hiji deui di palebah urut sukuna. 13 Maranéhna nanya ka Maryam, ”Nyai, ku naon bet ceurik?” Dijawab, ”Aya nu mawa Juragan abdi, tapi duka dibawa ka mana.” 14 Sanggeus ngomong kitu, Maryam ngalieuk, bréh katingali aya jelema keur nangtung. Éta téh Isa, tapi manéhna teu engeuheun yén éta téh Isa.+ 15 Isa nanya ka manéhna, ”Nyai, ku naon ceurik? Néangan saha?” Panyangka Maryam, anjeunna téh tukang kebon. Jadi Maryam ngomong, ”Pa, lamun mayitna dibawa ku Bapa, béjaan dibawa ka mana, ku abdi rék dibawa deui.” 16 Ceuk Isa, ”Maryam!” Maryam malik deui, pok ngomong ku basa Ibrani, ”Rabuni!” (nu hartina ”Guru!”) 17 Isa ngomong, ”Ulah nyekelan waé urang, da urang tacan indit ka Bapa. Ayeuna mah sok panggihan dulur-dulur urang,+ béjaan kieu, ’Urang rék indit ka Bapa urang+ jeung Bapa maranéh, ka Allah+ urang jeung Allah maranéh.’” 18 Maryam Magdaléna indit tuluy ngabéjaan murid-murid, ”Urang geus panggih jeung Juragan!” Geus kitu, Maryam nyaritakeun naon nu diomongkeun ku Isa ka manéhna.+
19 Peutingna, dina poé kahiji minggu éta, murid-murid karumpul. Pantona dikaroncian, sabab maranéhna sieun ku urang Yahudi. Bréh baé Isa ngadeg di tengah-tengah maranéhna tuluy ngomong, ”Mugia maranéh narima katengtreman.”+ 20 Sanggeus ngomong kitu, anjeunna némbongkeun leungeun jeung bagian cangkéngna urut ditubles téa.+ Murid-murid atoh pisan ningali Juraganna.+ 21 Isa ngomong deui, ”Mugia maranéh narima katengtreman.+ Bapa geus ngutus urang,+ jadi urang gé rék ngutus maranéh.”+ 22 Sanggeus ngomong kitu, Isa niupkeun napas ka maranéhna tuluy ngomong, ”Pék tarima kawasa suci.+ 23 Saha waé anu ku maranéh dihampura dosana, nya ku Allah gé bakal dihampura. Tapi lamun ku maranéh henteu dihampura, nya ku Allah gé moal dihampura.”
24 Tapi Tomas,+ salah saurang ti 12 rasul, nu disebut ogé si Kembar, waktu Isa datang téh keur euweuh. 25 Jadi murid-murid séjén ngabéjaan manéhna, ”Urang geus panggih jeung Juragan!” Tapi ceuk manéhna, ”Lamun can ningali sorangan, can nyabak tapak paku dina leungeunna, jeung can nyabak cangkéngna,+ urang mah moal percaya.”
26 Dalapan poé sanggeusna, murid-murid karumpul deui di hiji rohangan, ayeuna mah Tomas aya. Bréh baé Isa ngadeg di tengah-tengah maranéhna, padahal panto-panto téh dikoncian. Ceuk Isa, ”Mugia maranéh narima katengtreman.”+ 27 Tuluy Isa ngomong ka Tomas, ”Yeuh, tempo jeung cabak leungeun urang, cabak ogé cangkéng urang. Ulah cangcaya deui, sing percaya.” 28 Tomas ngomong ka anjeunna, ”Juragan abdi, Allah abdi!”* 29 Ceuk Isa, ”Manéh percaya téh lantaran geus ningali urang? Bagja jalma nu percaya sanajan teu ningali.”
30 Tangtu loba kénéh mujijat nu dijieun ku Isa hareupeun murid-muridna, nu teu ditulis dina ieu gulungan.+ 31 Tapi ieu kabéh ditulis supaya maranéh percaya yén Isa téh Al-Masih, Putra Allah. Lamun percaya, maranéh bakal meunangkeun hirup langgeng ku jalan ngaranna.+