PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • yc bab 8 kaca 18-19
  • Yosia Boga Babaturan nu Bageur

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

  • Yosia Boga Babaturan nu Bageur
  • Ajar Anak Sadérék
  • Bahan nu Sarupa
  • Yosia Cinta Hukum Allah
    Palajaran tina Kisah-Kisah Alkitab
Ajar Anak Sadérék
yc bab 8 kaca 18-19
Raja Yosia ngagugu ka Yérmia

PALAJARAN 8

Yosia Boga Babaturan nu Bageur

Pernah teu hidep ngarasa hésé ngalakukeun nu bener?​— Loba nu ngarasa hésé. Kitab Suci nyaritakeun aya hiji budak lalaki nu ngaranna Yosia. Manéhna ngarasa hésé ngalakukeun nu bener. Tapi, Yosia boga babaturan nu ngabantu manéhna ngalakukeun nu bener. Hayu urang tingali carita ngeunaan Yosia jeung babaturanana.

Bapana Yosia téh Amon, raja di Yuda. Amon téh raja nu jahat pisan. Manéhna nyembah brahala atawa patung. Waktu bapana maot, Yosia jadi raja di Yuda. Padahal, basa éta umurna masih dalapan taun. Ceuk hidep, manéhna jahat teu, jiga bapana?​— Henteu, Yosia mah teu jahat!

Nabi Sépanya nepikeun béja ti Yéhuwa ka urang Yuda

Sépanya ngabéjaan jalma-jalma sangkan teu nyembah brahala

Sanajan ngora kénéh, Yosia hayang nurut ka Yéhuwa. Jadi, manéhna milih babaturan nu nyaah ka Yéhuwa. Maranéhna ngabantu Yosia ngalakukeun nu bener. Saha waé babaturan Yosia téh?

Salah sahijina téh Sépanya. Sépanya téh nabi nu ngabéjaan urang Yuda yén lamun maranéhna terus nyembah ka brahala, maranéhna bakal cilaka. Yosia ngagugu ka Sépanya. Manéhna teu nyembah brahala, tapi nyembah ka Yéhuwa.

Babaturan Yosia nu séjénna téh Yérmia. Umurna sapantaran, imahna gé padeukeut waktu maranéhna digedékeun. Maranéhna téh nyobat pisan. Waktu Yosia maot, Yérmia nyieun lagu nu ngagambarkeun kasedihna ka Yosia. Yérmia jeung Yosia silih bantu supaya bisa ngalakukeun nu bener jeung nurut ka Yéhuwa.

Yosia jeung Yérmia silih bantu pikeun ngalakukeun nu bener

Naon nu bisa hidep conto ti Yosia?​— Sanajan leutik kénéh, Yosia hayang ngalakukeun nu bener. Yosia ngan hayang boga babaturan nu nyaah ka Yéhuwa. Jadi, hidep ogé perlu milih babaturan nu nyaah ka Yéhuwa sarta bisa ngabantu hidep ngalakukeun nu bener!

BACA DINA KITAB SUCI

  • 2 Babad 33:21-25; 34:1, 2; 35:25

PANANYA:

  • Saha bapana Yosia? Raja nu saperti kumaha bapana Yosia téh?

  • Sanajan ngora kénéh, Yosia hayang ngalakukeun naon?

  • Saha ngaran dua babaturan Yosia?

  • Naon nu bisa hidep conto ti Yosia?

    Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
    Kaluar
    Asup
    • Sunda
    • Bagikeun
    • Pengaturan
    • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
    • Sarat Ngagunakeun
    • Kawijakan Privasi
    • Pengaturan Privasi
    • JW.ORG
    • Asup
    Bagikeun