Kajadian
24 Ibrahim téh geus kolot pisan jeung diberkahan ku Yéhuwa dina sagala hal. 2 Ibrahim ngomong ka palayan nu pangkolotna di rumah tanggana, nu ngurus sagala harta bandana, ”Sok jangji ka kuring.* 3 Manéh kudu sumpah demi Yéhuwa, Allah nu ngawasaan sorga jeung Allah nu ngawasaan bumi, yén manéh moal milih awéwé Kanaan nu cicing di sakurilingeun kuring pikeun dijadikeun pamajikan anak kuring. 4 Sok indit ka nagri kuring, ka baraya kuring. Téang awéwé keur pipamajikaneun Ishak anak kuring.”
5 Tapi, palayan éta nanya kieu, ”Kumaha lamun awéwéna teu daékeun dibawa ka nagri ieu? Ishak waé kitu nu dibawa ka ditu, ka nagri asal Juragan?” 6 Ibrahim ngajawab, ”Ulah, kadé ulah mawa anak kuring ka ditu. 7 Yéhuwa téh Allah nu ngawasaan sorga, nu mawa kuring ti kulawarga bapa kuring jeung ti nagri baraya kuring. Anjeunna geus ngomong jeung sumpah kieu ka kuring, ’Ku Kuring tanah ieu bakal dibikeun ka turunan* manéh.’ Jadi Anjeunna bakal ngutus malaikat-Na pikeun nungtun manéh. Manéh pasti mawa awéwé ti ditu keur jadi pamajikan anak kuring. 8 Tapi lamun awéwéna teu daékeun milu jeung manéh, manéh bébas tina sumpah ieu. Pokona mah anak kuring ulah dibawa ka ditu.” 9 Seug palayan éta jangji ka Ibrahim dununganana sarta sumpah ngeunaan hal éta.
10 Jadi, palayan éta mawa sapuluh onta sarta rupa-rupa barang nu aralus milik dununganana. Bral manéhna indit ka kota tempatna Nahor di Mésopotamia. 11 Pas nepi di sumur nu aya di luareun kota, manéhna eureun ngarah onta-ontana istirahat heula. Harita téh pasosoré, waktuna awéwé-awéwé ngarala cai. 12 Tuluy manéhna ngadoa, ”Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, tulungan abdi sangkan sagalana dilancarkeun dinten ieu. Mugia Gusti némbongkeun kanyaah* ka Ibrahim dunungan abdi. 13 Ayeuna abdi nuju aya di deukeut sumur, nuju ngantosan mojang-mojang ti kota ieu nu badé ngarala cai. 14 Engké abdi badé nyarios ka salah saurang mojang, ’Cik ménta cai tina kendi keur nginum.’ Lamun manéhna ngajawab, ’Sok mangga, engké onta-onta Bapa gé bakal dibéré nginum ku abdi,’ éta hartina manéhna nu dipilih ku Gusti keur Ishak hamba Gusti. Ku kituna, abdi terang Gusti tos némbongkeun kanyaah* ka dunungan abdi.”
15 Saacan manéhna bérés ngadoa, jol Ribka datang bari mawa kendi cai dina taktakna. Ribka téh anak awéwéna Bétuél. Ari Bétuél téh anak lalakina Milka jeung Nahor, lanceukna Ibrahim. 16 Éta mojang téh meni geulis pisan jeung parawan kénéh, can pernah ngalakukeun hubungan séks jeung lalaki. Manéhna turun ngeusian kendi ku cai tina sumur, tuluy naék deui. 17 Éta palayan langsung lumpat nyampeurkeun manéhna jeung ngomong, ”Cik Bapa ménta cai saeutik tina kendi éta.” 18 Ribka ngajawab, ”Mangga, Juragan.” Buru-buru manéhna nurunkeun kendina tuluy méré nginum palayan éta. 19 Sanggeus méré nginum palayan éta, Ribka ngomong, ”Engké onta-onta Juragan gé rék dipangalakeun cai ku abdi, sina nginum nepi ka seubeuh.” 20 Cai tina kendi téh gancang dikucurkeun ku manéhna kana bak paranti nginum. Tuluy manéhna lumpat bulak-balik ngala cai ka sumur nepi ka onta-ontana kabéh ngarinum. 21 Salila éta, palayan téh teu ngomong nanaon, ngan terus merhatikeun mojang éta bari ngarasa tajub. Manéhna gé hayang nyaho, Yéhuwa téh bakal ngalancarkeun perjalanan manéhna atawa henteu.
22 Sanggeus onta-ontana bérés nginum, palayan éta méré anting irung tina emas nu beuratna satengah syékel* jeung dua geulang emas nu beuratna sapuluh syékel* ka Ribka. 23 Tuluy manéhna nanya, ”Punten, ari Enéng téh anak saha? Ari di bumi bapa Enéng aya tempat mondok teu keur abdi sadaya?” 24 Ribka ngajawab, ”Abdi téh anakna Bétuél, incuna Milka jeung Nahor.” 25 Ceuk manéhna deui, ”Di bumi aya da tempat keur mondok mah, jarami aya, parab onta gé seueur.” 26 Tuluy éta palayan sujud nganuhunkeun ka Yéhuwa, 27 seug ngomong, ”Mugia Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, dipuji lantaran Anjeunna terus némbongkeun kanyaah* sarta ngalaksanakeun jangji-Na ka dunungan abdi. Yéhuwa tos nungtun abdi ka imahna dulur dunungan abdi.”
28 Geus kitu, éta mojang lumpat tuluy ngabéjakeun sagalana ka indungna jeung nu séjénna. 29 Ribka téh boga lanceuk lalaki nu ngaranna Laban. Jadi Laban lumpat manggihan palayan éta nu keur aya di deukeut sumur. 30 Waktu Laban ningali anting irung jeung geulang di leungeun adina sarta ngadéngé carita Ribka adina ngeunaan palayan éta, manéhna manggihan palayan éta nu keur nangtung di gigireun onta-ontana di deukeut sumur. 31 Ceuk Laban, ”Juragan téh diberkahan ku Yéhuwa. Hayu atuh urang ka bumi, ulah di dieu. Abdi tos nyiapkeun tempat keur Juragan di bumi sarta tempat keur onta-onta.” 32 Jadi palayan éta milu ka imahna Laban, tuluy manéhna* nurunkeun muatan tina onta-onta, méré jarami jeung parab keur onta-onta, méré cai keur ngumbah suku palayan éta sarta jalma-jalma nu milu jeung manéhna. 33 Tapi waktu dahareun geus disuguhkeun, palayan éta ngomong, ”Abdi moal waka tuang saacan abdi nyaritakeun naon maksud abdi datang ka dieu.” Jadi ceuk Laban, ”Sok atuh, mangga!”
34 Seug éta palayan ngomong, ”Abdi téh palayanna Ibrahim. 35 Yéhuwa ngaberkahan pisan dunungan abdi sarta ngajadikeun anjeunna kacida beungharna. Anjeunna dibéré domba jeung sapi, onta jeung kaldé, pérak jeung emas, sarta palayan awéwé jeung lalaki. 36 Lain éta hungkul, Sara pamajikan dunungan abdi, sanajan geus kolot gé, bisa ngalahirkeun anak lalaki keur dunungan abdi. Éta budak bakal dibéré sagalana ku dunungan abdi. 37 Abdi téh dititah sumpah ku dunungan, ’Manéh ulah milih awéwé Kanaan nu cicing di sakurilingeun kuring pikeun dijadikeun pamajikan anak kuring. 38 Manéh kudu indit ka kulawarga bapa kuring, téang awéwé keur pipamajikaneun anak kuring.’ 39 Abdi téh némbalan ka dunungan, ’Kumaha lamun awéwéna teu daék milu jeung abdi?’ 40 Dunungan abdi ngajawab, ’Yéhuwa, nu dilalayanan ku kuring, bakal ngutus malaikat-Na pikeun nungtun manéh jeung ngalancarkeun perjalanan manéh. Manéh kudu milih awéwé keur pipamajikaneun anak kuring ti kulawarga bapa kuring. 41 Manéh dibébaskeun tina sumpah manéh ka kuring, lamun manéh indit ka kulawarga kuring tapi maranéhna teu daék mikeun anak awéwéna ka manéh. Ieu nu ngabébaskeun manéh tina sumpah.’
42 ”Pas abdi nepi di sumur poé ieu, abdi ngadoa, ’Nun Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, sing dilancarkeun perjalanan abdi. 43 Ayeuna, abdi aya di deukeut sumur, abdi badé ngomong kieu ka mojang nu rék ngala cai ka dieu, ”Cik Bapa ménta cai saeutik tina kendi éta.” 44 Lamun manéhna ngajawab, ”Sok mangga, engké onta-onta Juragan gé rék dipangalakeun cai ku abdi,” éta hartina mojang éta nu dipilih ku Yéhuwa pikeun anak dunungan abdi.’
45 ”Saacan abdi bérés ngadoa di jero haté, jol Ribka datang bari mawa kendi cai dina taktakna. Manéhna turun ka sumur pikeun ngala cai. Tuluy abdi ngomong ka manéhna, ’Cik Bapa ménta cai keur nginum.’ 46 Gancang manéhna nurunkeun kendi cai tina taktakna tuluy ngomong, ’Sok mangga, engké onta-onta Juragan gé bakal dibéré nginum ku abdi.’ Seug abdi téh nginum, manéhna gé méré nginum onta-onta abdi. 47 Geus kitu, ku abdi ditanya, ’Ari Enéng téh anak saha?’ Manéhna ngajawab, ’Abdi anakna Bétuél. Bapa abdi téh anakna Nahor jeung Milka.’ Jadi, abdi masangkeun anting kana irungna jeung geulang kana leungeunna. 48 Ti dinya, abdi téh sujud nganuhunkeun ka Yéhuwa jeung muji Yéhuwa, Allahna Ibrahim dunungan abdi, lantaran Anjeunna geus nungtun abdi panggih jeung anak awéwé ti lanceuk dunungan abdi. Anak awéwé éta bakal jadi pamajikanana anak dunungan abdi. 49 Ayeuna abdi hoyong terang, aranjeun rék némbongkeun kanyaah* jeung kasatiaan ka dunungan abdi henteu? Lamun henteu, béjaan, ngarah abdi terang kedah kumaha.”*
50 Laban jeung Bétuél ngajawab, ”Lantaran ieu téh dibingbing ku Yéhuwa, urang teu bisa ngajawab enya atawa henteu ka anjeun.* 51 Ieu Ribka, mangga bawa sina jadi pamajikanana anak dunungan anjeun sakumaha ucapan Yéhuwa.” 52 Ngadéngé jawaban maranéhna, palayan Ibrahim langsung sujud nganuhunkeun ka Yéhuwa. 53 Tuluy palayan éta ngaluar-luarkeun perhiasan tina pérak jeung emas sarta pakéan, tuluy dibikeun ka Ribka. Manéhna gé méré barang-barang nu aralus ka lanceuk jeung indungna. 54 Geus kitu, manéhna jeung jalma-jalma nu maturan manéhna téh dahar, nginum, sarta marondok di dinya.
Isuk-Isuk manéhna hudang jeung ngomong, ”Abdi badé pamit mulang ka dunungan abdi.” 55 Ngadéngé kitu, lanceuk jeung indungna ngomong kieu, ”Engké deui atuh inditna, si Enéng sina di dieu heula sapuluh poé deui mah.” 56 Tapi éta palayan ngajawab, ”Ulah nahan-nahan abdi, da Yéhuwa tos ngalancarkeun perjalanan abdi. Tos, idinan wéh abdi uih ka dunungan abdi.” 57 Jadi ceuk maranéhna, ”Urang geroan heula wéh Ribkana, keun kumaha manéhna.” 58 Maranéhna ngageroan Ribka jeung nanyakeun, ”Enéng daék milu ka ditu?” Manéhna ngajawab, ”Enya, daék.”
59 Jadi maranéhna ngidinan Ribka jeung pangasuhna* indit bareng jeung palayanna Ibrahim sarta rombonganana. 60 Maranéhna ngaberkahan Ribka, ”Ribka, turunan* manéh sing loba nepi ka mangjuta-juta, jeung mugia turunan* manéh ngarebut kota-kota* jalma-jalma nu ngéwa ka maranéhna.” 61 Geus kitu Ribka jeung para palayan awéwéna siap-siap, tuluy numpak onta sarta nuturkeun palayan Ibrahim. Jadi palayan éta mawa Ribka. Bral maranéhna indit.
62 Ishak téh matuh di tanah Négéb. Manéhna kakara datang ti arah Béér-lahai-roi. 63 Pas geus téréh poék, Ishak leuleumpangan di tegalan bari mikirkeun* itu ieu. Tuluy manéhna nempo aya onta-onta daratang. 64 Ribka gé ningali Ishak, gancang manéhna turun tina onta. 65 Tuluy manéhna nanya ka palayan éta, ”Ari lalaki nu keur leumpang ka dieu téh saha?” Palayan éta ngajawab, ”Dunungan abdi.” Seug baé Ribka ditiung. 66 Tuluy palayan éta nyaritakeun sagalana ka Ishak. 67 Geus kitu, Ribka dibawa ku Ishak ka kémah Sara indungna, tuluy ditikah. Ribka dipikacinta ku Ishak, ku kituna Ishak kaupahan sanggeus ditinggal maot ku indungna.