Kajadian
25 Ibrahim kawin deui jeung awéwé nu ngaranna Kétura. 2 Ka dieunakeun, Kétura ngalahirkeun Zimran, Yoksyan, Médan, Midian, Isbak, jeung Syuah.
3 Yoksyan téh bapana Syéba jeung Dédan.
Turunan Dédan téh nyaéta Assyurim, Létusyim, jeung Léumim.
4 Anak-anak lalaki Midian nyaéta Éfa, Éfér, Hanokh, Abida, jeung Éldaa.
Kabéhanana téh turunan Kétura.
5 Ka dieunakeun, Ibrahim ngawariskeun sagala hartana ka Ishak. 6 Ari anak-anak lalaki ti selir-selirna mah dibéré hadiah. Saacan maot, Ibrahim nitah maranéhna pindah ka beulah wétan, nyaéta ka nagri Wétan, jauh ti Ishak anakna. 7 Ibrahim hirup nepi ka umur 175 taun. 8 Manéhna geus kolot pisan jeung bagja hirupna. Geus kitu, manéhna maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna. 9 Ku anak-anakna, nyaéta Ishak jeung Ismail, manéhna dikuburkeun di Guha Makhpéla di deukeut Mamré, nu aya di tanahna Éfron anak Zohar, urang Hét téa. 10 Tanah éta geus dibeuli ku Ibrahim ti urang Hét. Di dinya, Ibrahim dikuburkeun bareng jeung Sara pamajikanana. 11 Sanggeus Ibrahim maot, Allah terus ngaberkahan Ishak. Manéhna matuh di deukeut Béér-lahai-roi.
12 Ieu sajarahna Ismail anakna Ibrahim nu dilahirkeun ku Hajar, urang Mesir téa, palayanna Sara.
13 Ieu ngaran anak-anak lalaki Ismail, nyaéta turunanana: Anak cikal Ismail téh Nébayot, tuluy Kédar, Adbéél, Mibsam, 14 Misma, Duma, Masa, 15 Hadad, Téma, Yétur, Nafis, jeung Kédéma. 16 Éta ngaran anak-anak lalakina Ismail nu jadi 12 pamingpin kaom. Ngaran maranéhna gé jadi ngaran kampung jeung pakémahan* maranéhna. 17 Ismail hirup nepi ka umur 137 taun. Ahirna, manéhna maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna. 18 Daérah pamatuhan turunan Ismail téh dimimitian ti Hawila nepi ka Asiria. Hawila téh aya di deukeut Syur, teu jauh ti Mesir. Maranéhna cicing di deukeut dulur-dulurna.*
19 Ieu sajarahna Ishak anak lalakina Ibrahim.
Ibrahim téh bapana Ishak. 20 Waktu umur 40 taun, Ishak kawin jeung Ribka, anak awéwéna Bétuél, urang Aram nu cicing di Padan-aram. Ribka téh adina Laban, urang Aram. 21 Lantaran pamajikanana mandul, Ishak terus ngadoakeun pamajikanana ka Yéhuwa. Ku Yéhuwa paméntana dikabul, jadi Ribka ngandung. 22 Anak-anak lalaki nu aya dina kandunganana garelut, nepi ka Ribka ngomong, ”Mun sangsara siga kieu mah mending kénéh aing paéh.” Ku kituna Ribka ménta pituduh ka Yéhuwa. 23 Yéhuwa ngomong ka manéhna, ”Aya dua anak lalaki* dina kandungan manéh nu engkéna bakal jadi dua bangsa nu papisah. Nu hiji bakal jadi bangsa nu leuwih kuat tibatan nu hijina deui, sarta nu bungsu bakal dilayanan ku nu cikal.”
24 Pas waktuna Ribka ngalahirkeun, ari pék téh anakna kembar! 25 Anu lahir ti heula, awakna beureum jeung pinuh ku bulu, nu matak dingaranan Ésau.* 26 Geus kitu adina lahir. Leungeunna nyekelan keuneung* Ésau, nu matak dingaranan Yakub.* Umur Ishak 60 taun waktu Ribka ngalahirkeun maranéhna.
27 Budak téh duanana geus gedé. Ésau jago kana moro sato, sarta resepna téh ngencar di luar. Ari Yakub mah jalma bener, sarta resepna téh cicing di kémah. 28 Ishak nyaahna ka Ésau lantaran Ishak resep dahar daging meunang moro, ari Ribka nyaahna ka Yakub. 29 Hiji poé, waktu Yakub keur masak bubur, jol Ésau balik ti tegalan. Manéhna téh capé pisan, 30 tuluy ngomong ka Yakub, ”Cik urang ménta saeutik* mah bubur beureum nu keur dipasak téh.* Burukeun, geus leuleus* yeuh!” Éta sababna manéhna gé dingaranan Édom.* 31 Ku Yakub ditémbalan, ”Sok jual heula ka urang hak manéh salaku anak cikal!” 32 Ésau ngajawab, ”Urang geus téréh paéh kalaparan! Naon untungna hak anak cikal keur urang?” 33 Ceuk Yakub, ”Sok sumpah heula ka urang!” Seug Ésau sumpah tuluy ngajual hakna salaku anak cikal ka Yakub. 34 Geus kitu, Yakub méré roti jeung bubur kacang* ka Ésau. Ésau dahar, nginum, léos wéh indit. Tah kitu, Ésau teu ngahargaan hakna salaku anak cikal.