Kajadian
28 Jadi Ishak ngageroan Yakub, ngaberkahan manéhna, tuluy méré paréntah kieu, ”Manéh ulah kawin jeung awéwé Kanaan. 2 Sok indit ka Padan-aram ka kulawargana Bétuél aki manéh.* Heug kawin ka salah saurang anak awéwéna Laban ua manéh. 3 Manéh bakal diberkahan ku Allah Nu Mahakawasa, sarta turunan manéh bakal dijadikeun loba pisan. Manéh gé bakal jadi karuhun ti bangsa nu gedé. 4 Anjeunna bakal méré berkah ka manéh sarta turunan* manéh, nyaéta berkah nu dijangjikeun ku Anjeunna ka Ibrahim. Manéh bakal ngapimilik tanah nu dicicingan ku manéh salaku urang asing, nyaéta tanah nu dibikeun ku Allah ka Ibrahim.”
5 Jadi Yakub dititah indit ku Ishak. Yakub indit ka Padan-aram, ngajugjug ka Laban anak Bétuél urang Aram. Laban téh lanceukna Ribka, indungna Yakub jeung Ésau.
6 Ésau ningali Ishak ngaberkahan Yakub sarta nitah manéhna indit ka Padan-aram sina néangan pamajikan di ditu. Ésau gé ningali Ishak ngaberkahan Yakub sarta ngomat-ngomat kieu, ”Ulah kawin jeung awéwé Kanaan.” 7 Ésau nyahoeun Yakub téh nurut ka indung bapana tuluy indit ka Padan-aram. 8 Jadi Ésau sadar, Ishak bapana téh teu resepeun ka awéwé-awéwé Kanaan. 9 Ku kituna, Ésau manggihan Ismail anak Ibrahim tuluy kawin jeung Mahalat, adina Nébayot anak Ismail, padahal Ésau téh geus boga dua pamajikan.
10 Yakub indit ti Béér-syéba ngajugjug ka Haran. 11 Ahirna, manéhna nepi di hiji tempat tuluy siap-siap rék meuting di dinya lantaran panonpoé geus surup. Manéhna nyokot hiji batu pikeun dijadikeun bantal, seug ngagoler di dinya. 12 Tuluy manéhna ngimpi, aya tangga di bumi nu tungtungna nepi ka sorga. Éta tangga dipaké naék turun ku para malaikat Allah. 13 Bréh Yéhuwa katingali di luhureunana. Anjeunna ngomong,
”Kuring téh Yéhuwa, Allahna Ibrahim aki manéh jeung Allahna Ishak. Tanah tempat manéh ngagolér ku Kuring bakal dibikeun ka manéh sarta turunan* manéh. 14 Turunan* manéh pasti bakal loba pisan siga kekebul taneuh sarta bakal nyebar ka kulon, wétan, kalér, jeung kidul. Ku jalan manéh jeung turunan* manéh, sakabéh kulawarga di bumi pasti meunang berkah. 15 Kuring bakal nyarengan manéh sarta ngajaga manéh ka mana waé manéh indit. Kuring gé bakal mawa manéh balik ka tanah ieu. Kuring moal ninggalkeun manéh nepi ka Kuring ngalaksanakeun jangji Kuring ka manéh.”
16 Koréjat Yakub hudang tuluy ngomong, ”Geuningan Yéhuwa aya di tempat ieu, aing karék nyaho.” 17 Manéhna jadi sieun jeung tajub tuluy ngomong deui, ”Tempat ieu luar biasa! Ieu pasti imahna Allah jeung gerbangna sorga.” 18 Yakub hudang isuk-isuk. Batu nu dijadikeun bantal téa dicokot ku manéhna, tuluy ditangtungkeun jadi batu pangéling-ngéling, cur dikucuran minyak di luhurna. 19 Seug ku manéhna tempat éta dingaranan Bétel,* tadina mah kota éta téh ngaranna Luz.
20 Tuluy Yakub nyieun ikrar kieu, ”Lamun Allah terus nyarengan abdi, ngajaga abdi di perjalanan, méré abdi roti keur didahar, méré baju keur dipaké, 21 sarta abdi bisa salamet balik ka imah bapa abdi, bakal kabukti Yéhuwa téh Allah abdi. 22 Batu ieu nu dijadikeun batu pangéling-ngéling ku abdi bakal jadi imah Allah. Abdi gé pasti nyanggakeun sapersapuluh tina sakabéh hal nu dipasihkeun ku Gusti ka abdi.”