Kajadian
35 Geus kitu, Allah nyarios ka Yakub, ”Jung indit ka Bétel+ tuluy matuh di dinya. Sok jieun mézbah di dinya keur Allah nu sajati, nu némbongan ka manéh basa manéh kabur ti Ésau lanceuk manéh.”+
2 Tuluy, Yakub ngomong kieu ka kulawargana sarta ka jalma-jalma nu bareng jeung manéhna, ”Piceunan patung allah-allah palsu nu aya di maranéh.+ Sucikeun diri maranéh jeung ganti baju maranéh. 3 Hayu urang indit ka Bétel. Di dinya, kuring rék nyieun mézbah keur Allah nu sajati, nu ngajawab paménta kuring basa kuring keur kasusahan, sarta nu terus nyarengan kuring ka mana waé kuring indit.”*+ 4 Jadi maranéhna mikeun sakabéh patung allah-allah palsu ka Yakub, kitu ogé anting-anting dina ceuli maranéhna. Geus kitu, Yakub ngubur* kabéhanana handapeun tangkal gedé di deukeut Syikhém.
5 Di sapanjang perjalanan maranéhna, Allah ngalantarankeun jalma-jalma di kota-kota sabudeureunana sarieuneun, jadi euweuh nu wani ngudag anak-anak Yakub nu lalaki. 6 Ahirna, Yakub sarta jalma-jalma nu milu jeung manéhna nepi ka Luz,+ nyaéta Bétel, di tanah Kanaan. 7 Di dinya manéhna nyieun mézbah, tuluy éta tempat disebut Él-bétel,* lantaran di dinya Allah nu sajati némbongan ka manéhna basa manéhna kabur ti lanceukna.+ 8 Ka dieunakeun, Débora+ pangasuhna Ribka maot tuluy dikuburkeun handapeun tangkal gedé* di deukeut Bétel. Jadi éta tempat dingaranan Alon-bakut* ku Yakub.
9 Waktu Yakub di perjalanan ti Padan-aram, Allah sakali deui némbongan ka manéhna sarta ngaberkahan manéhna. 10 Saur Allah, ”Ngaran manéh Yakub,+ tapi manéh moal disebut Yakub deui. Ti semet ayeuna, ngaran manéh jadi Israél.” Ti harita, Allah nyebut manéhna Israél.+ 11 Allah neruskeun, ”Kuring téh Allah Nu Mahakawasa.+ Sing loba anak, sarta turunan manéh sing beuki ngalobaan.+ Manéh bakal jadi karuhun ti bangsa nu gedé sarta karuhunna raja-raja.+ 12 Tanah nu geus dibikeun ku Kuring ka Ibrahim jeung Ishak bakal dibikeun ka manéh sarta turunan manéh.”+ 13 Sanggeus nyarios jeung Yakub, Allah indit ninggalkeun manéhna.
14 Jadi, Yakub ngadegkeun hiji batu pangéling-ngéling di tempat Allah nyarios jeung manéhna. Tuluy, éta batu dikucuran cianggur jeung minyak ku manéhna.+ 15 Ku Yakub tempat Allah nyarios jeung manéhna tetep disebut Bétel.+
16 Geus kitu, maranéhna indit ti Bétel. Waktu maranéhna jauh kénéh ti Éfrata, Rakhél rék ngajuru, tapi ngajuruna téh mani hésé pisan. 17 Waktu Rakhél keur susah payah rék ngajuru, bidanna ngomong kieu, ”Tong sieun, Nyai bakal boga budak lalaki deui.”+ 18 Waktu geus téréh maot (ku lantaran keur sakarat), Rakhél méré ngaran éta budak Bén-oni,* tapi ku bapana mah disebut Bényamin.*+ 19 Rakhél maot tuluy dikuburkeun di jalan nu rék ka Éfrata, nyaéta Bétléhém.+ 20 Yakub neundeun batu gedé luhureun kuburan Rakhél. Éta batu aya kénéh di kuburan Rakhél nepi ka ayeuna.
21 Sanggeus éta, Israél indit tuluy masang kémah beulah ditueun Munara Édér. 22 Waktu Israél cicing di éta tanah, Rubén saré* jeung Bilha selir bapana. Éta kadéngéeun ku Israél.+
Yakub boga 12 anak lalaki. 23 Anak-anak nu dilahirkeun ku Léa téh nyaéta Rubén anak cikalna Yakub,+ tuluy Siméon, Léwi, Yéhuda, Isakhar, jeung Zébulon. 24 Anak-anak nu dilahirkeun ku Rakhél téh nyaéta Yusuf jeung Bényamin. 25 Anak-anak nu dilahirkeun ku Bilha palayan Rakhél téh nyaéta Dan jeung Naftali. 26 Anak-anak nu dilahirkeun ku Zilpa palayan Léa téh nyaéta Gad jeung Asyér. Éta anak-anak Yakub nu lalaki nu lahir di Padan-aram.
27 Ahirna Yakub nepi ka tempat Ishak bapana di Mamré,+ di daérah Kiriat-arba, nyaéta Hébron. Di dinya, Ibrahim jeung Ishak cicing jadi urang asing.+ 28 Ishak hirup nepi ka umur 180 taun.+ 29 Ahirna, Ishak maot tuluy dikuburkeun cara karuhunna. Umurna panjang, hirupna gé bagja. Manéhna dikuburkeun+ ku Ésau jeung Yakub, anak-anakna nu lalaki.