Kajadian
34 Dina, anak awéwéna Yakub jeung Léa,+ sering ulin jeung* barudak awéwé urang dinya.+ 2 Di dinya, aya hiji lalaki nu ngaranna Syikhém anak Hamor urang Héwi,+ pamingpin di éta tanah. Manéhna melong ka Dina, tuluy Dina dibawa jeung diperkosa ku manéhna. 3 Sanggeus éta, manéhna jadi teu bisa pisah jeung Dina anak awéwéna Yakub. Syikhém bogoh ka éta mojang sarta terus ngolo manéhna supaya haténa kabeuli. 4 Ahirna, Syikhém ngomong ka Hamor+ bapana, ”Pa, panglamarkeun éta mojang ngarah jadi pamajikan abdi.”
5 Waktu Yakub dibéjaan yén Dina anakna nu awéwé diperkosa, anak-anakna nu lalaki keur ngangon di tegalan. Jadi Yakub teu ngomong nanaon nepi ka maranéhna baralik. 6 Ka dieunakeun, Hamor bapana Syikhém manggihan Yakub rék ngomong jeung manéhna. 7 Waktu ngadéngé kajadian éta, anak-anak Yakub nu lalaki langsung baralik ti tegalan. Maranéhna nyeri haté jeung ambek pisan lantaran Syikhém geus ngahina Israél ku cara merkosa anak Yakub nu awéwé.+ Éta téh tindakan nu jahat.+
8 Hamor ngomong kieu, ”Syikhém anak abdi bogoh pisan ka anak Bapa. Kumaha upami anak Bapa jadi pamajikan anak abdi? 9 Urang sadaya bisa jadi dulur lantaran katalian* ku perkawinan. Engké anak-anak aranjeun nu awéwé jadi pamajikan urang, anak-anak urang nu awéwé jadi pamajikan aranjeun.+ 10 Aranjeun tiasa matuh sasarengan sareng abdi sadaya. Mangga wéh pilih badé di mana tanahna mah. Badé dagang sareng matuh di dieu gé sok baé.” 11 Tuluy, Syikhém ngomong ka bapa jeung lanceuk-lanceukna Dina, ”Cumponan atuh paménta abdi. Engké paménta aranjeun gé ku abdi bakal dicumponan. 12 Badé nyuhunkeun maskawin sareng hadiah anu sakumaha mahalna gé+ ku abdi bakal dipasihan, asal éta mojang kénging jadi pamajikan abdi.”
13 Lantaran Syikhém geus merkosa Dina adi maranéhna, anak-anak Yakub nu lalaki boga niat rék nipu Syikhém jeung Hamor bapana. 14 Ceuk maranéhna, ”Moal mungkin urang mikeun adi urang ka lalaki nu teu disunatan,*+ da éta téh aéb keur urang. 15 Paménta aranjeun bakal dilaksanakeun, tapi ieu saratna: unggal lalaki di antara aranjeun kedah disarunatan siga urang.+ 16 Mun geus kitu, anak-anak urang nu awéwé bakal jadi pamajikan aranjeun, sarta anak-anak aranjeun nu awéwé bakal jadi pamajikan urang. Ku kituna, urang bakal matuh bareng jeung aranjeun sarta jadi hiji bangsa. 17 Tapi upami aranjeun teu satuju jeung teu daék disarunatan, adi urang rék dicandak, tuluy urang rék angkat ti dieu.”
18 Hamor+ jeung Syikhém anakna+ satuju kana omongan maranéhna. 19 Paménta maranéhna buru-buru dilaksanakeun ku Syikhém,+ lantaran manéhna bogoh pisan ka anakna Yakub. Syikhém téh jalma nu paling dihormat di kulawarga bapana.
20 Geus kitu, Hamor jeung Syikhém anakna indit ka gerbang kota. Maranéhna ngomong kieu ka lalaki-lalaki di kotana,+ 21 ”Éta jalma-jalma daék ngabalad jeung urang. Tanah urang pan lega kénéh, keun wéh maranéhna sina matuh jeung dagang di dieu. Anak-anak maranéhna nu awéwé bisa dikawin ku urang, anak-anak urang nu awéwé gé bisa dikawin ku maranéhna.+ 22 Maranéhna satuju matuh di dieu sarta jadi hiji bangsa jeung urang, tapi ieu saratna: unggal lalaki di antara urang kudu disunatan siga maranéhna.+ 23 Tah engké, sagala milik maranéhna, hartana, jeung ingon-ingonna bakal jadi milik urang ogé, pan? Jadi, hayu urang cumponan paméntana ngarah maranéhna daék matuh jeung urang.” 24 Sakabéh lalaki di éta kota nurut kana omongan Hamor jeung Syikhém anakna, ku kituna kabéh lalaki disarunatan.
25 Tapi dina poé nu katilu, waktu sakabéh lalaki di éta kota keur nyeri-nyerina, dua anak lalaki Yakub nu ngaranna Siméon jeung Léwi, nyaéta lanceuk-lanceukna Dina,+ nyokot pedang tuluy asup ka kota. Euweuh nu curiga ka maranéhna. Ari pék téh maranéhna maéhan sakabéh lalaki di éta kota.+ 26 Hamor jeung Syikhém anakna gé dipaéhan ku maranéhna, tuluy Dina dibawa indit ti imahna Syikhém. 27 Anak-anak lalaki Yakub nu séjénna daratang ka éta kota. Ningali kabéh lalaki geus diparaéhan, maranéhna ngajarah éta kota lantaran adina geus diperkosa.+ 28 Maranéhna ngajarah embé, domba, sapi, kaldé, jeung sagala nu aya di kota sarta di tegalan. 29 Maranéhna gé ngajarah sagala milik kabéh lalaki éta, néwak pamajikan jeung barudakna, sarta ngajarah sakabéh nu aya di imah-imah.
30 Jadi Yakub ngomong kieu ka Siméon jeung Léwi,+ ”Gara-gara maranéh, Bapa jadi meunang masalah nu gedé.* Urang Kanaan jeung urang Périz nu cicing di dieu pasti geuleuheun ka Bapa. Maranéhna pasti bakal ngumpulkeun balad tuluy nyerang jeung maéhan Bapa sarta kulawarga urang, da urang mah ngan saeutikan.” 31 Tapi ceuk maranéhna, ”Bongan saha adi urang dikitu-kitu siga ka palacur waé?”