PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Kajadian 41
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Kajadian

      • Yusuf ngajelaskeun harti impian Firaun (1-36)

      • Yusuf dilantik jadi pajabat luhur ku Firaun (37-46a)

      • Yusuf ngatur sisimpenan dahareun (46b-57)

Kajadian 41:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Dan 2:1

Kajadian 41:2

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:18-21

Kajadian 41:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:22-24

Kajadian 41:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 40:2, 3

Kajadian 41:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 40:5

Kajadian 41:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 39:1
  • +Kaj 40:8

Kajadian 41:13

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 40:21, 22

Kajadian 41:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”sumur; lombang”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 105:20
  • +Kaj 40:15

Kajadian 41:15

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Dan 5:12; Kis 7:9, 10

Kajadian 41:16

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 40:8; Dan 2:23, 28

Kajadian 41:18

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:2-4

Kajadian 41:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:5-7

Kajadian 41:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:8; Dan 2:2
  • +Dan 2:27; 4:7

Kajadian 41:25

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Dan 2:28; Am 3:7

Kajadian 41:30

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kis 7:11

Kajadian 41:34

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:26, 47

Kajadian 41:35

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:48, 49; Kis 7:12

Kajadian 41:36

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 45:9, 11; 47:13, 19

Kajadian 41:40

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”ku lantaran ieu tahta”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 39:6; Jab 105:21; Kis 7:9, 10

Kajadian 41:41

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Dan 5:7

Kajadian 41:43

Catetan Handap

  • *

    Katingalina ieu téh kecap nu dipaké keur nitah jalma-jalma némbongkeun hormat.

Kajadian 41:44

Catetan Handap

  • *

    As. ”euweuh nu bisa ngangkat leungeun atawa sukuna”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 44:18; 45:8; Kis 7:9, 10

Kajadian 41:45

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta Héliopolis.

  • *

    Atawa ”ngideran”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 46:20
  • +Jab 105:21

Kajadian 41:46

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”manéhna mimiti ngalalayanan”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Bil 4:3; 2Sam 5:4; Luk 3:23

Kajadian 41:50

Catetan Handap

  • *

    Nyaéta Héliopolis.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 48:5

Kajadian 41:51

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Ku Lantaran Anjeunna, Urang Bisa Poho”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 50:23; Bil 1:34, 35

Kajadian 41:52

Catetan Handap

  • *

    Hartina ”Subur Pisan”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 48:17; Bil 1:32, 33; Pam 33:17; Yos 14:4
  • +Jab 105:17, 18; Kis 7:9, 10

Kajadian 41:53

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:26

Kajadian 41:54

Catetan Handap

  • *

    As. ”roti”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:30; Kis 7:11
  • +Kaj 45:9, 11; 47:17

Kajadian 41:55

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 47:13
  • +Jab 105:21

Kajadian 41:56

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 43:1
  • +Kaj 41:48, 49; 47:16

Kajadian 41:57

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 47:4

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Kaj. 41:1Dan 2:1
Kaj. 41:2Kaj 41:18-21
Kaj. 41:5Kaj 41:22-24
Kaj. 41:10Kaj 40:2, 3
Kaj. 41:11Kaj 40:5
Kaj. 41:12Kaj 39:1
Kaj. 41:12Kaj 40:8
Kaj. 41:13Kaj 40:21, 22
Kaj. 41:14Jab 105:20
Kaj. 41:14Kaj 40:15
Kaj. 41:15Dan 5:12; Kis 7:9, 10
Kaj. 41:16Kaj 40:8; Dan 2:23, 28
Kaj. 41:18Kaj 41:2-4
Kaj. 41:22Kaj 41:5-7
Kaj. 41:24Kaj 41:8; Dan 2:2
Kaj. 41:24Dan 2:27; 4:7
Kaj. 41:25Dan 2:28; Am 3:7
Kaj. 41:30Kis 7:11
Kaj. 41:34Kaj 41:26, 47
Kaj. 41:35Kaj 41:48, 49; Kis 7:12
Kaj. 41:36Kaj 45:9, 11; 47:13, 19
Kaj. 41:40Kaj 39:6; Jab 105:21; Kis 7:9, 10
Kaj. 41:41Dan 5:7
Kaj. 41:44Kaj 44:18; 45:8; Kis 7:9, 10
Kaj. 41:45Kaj 46:20
Kaj. 41:45Jab 105:21
Kaj. 41:46Bil 4:3; 2Sam 5:4; Luk 3:23
Kaj. 41:50Kaj 48:5
Kaj. 41:51Kaj 50:23; Bil 1:34, 35
Kaj. 41:52Kaj 48:17; Bil 1:32, 33; Pam 33:17; Yos 14:4
Kaj. 41:52Jab 105:17, 18; Kis 7:9, 10
Kaj. 41:53Kaj 41:26
Kaj. 41:54Kaj 41:30; Kis 7:11
Kaj. 41:54Kaj 45:9, 11; 47:17
Kaj. 41:55Kaj 47:13
Kaj. 41:55Jab 105:21
Kaj. 41:56Kaj 43:1
Kaj. 41:56Kaj 41:48, 49; 47:16
Kaj. 41:57Kaj 47:4
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
  • 30
  • 31
  • 32
  • 33
  • 34
  • 35
  • 36
  • 37
  • 38
  • 39
  • 40
  • 41
  • 42
  • 43
  • 44
  • 45
  • 46
  • 47
  • 48
  • 49
  • 50
  • 51
  • 52
  • 53
  • 54
  • 55
  • 56
  • 57
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kajadian 41:1-57

Kajadian

41 Dua taun ti harita, Firaun ngimpi+ manéhna keur nangtung di sisi Walungan Nil. 2 Ti Walungan Nil, bijil tujuh sapi anu aralus jeung lalintuh. Éta sapi-sapi ngahakan jukut di sisi walungan.+ 3 Geus kitu, bijil deui ti Walungan Nil tujuh sapi séjén nu garoréng jeung baregang. Éta sapi-sapi narangtung gigireun sapi-sapi nu lalintuh di sisi Walungan Nil. 4 Tuluy, sapi-sapi anu garoréng jeung baregang téh ngahakan tujuh sapi nu aralus jeung lalintuh. Ti dinya Firaun hudang.

5 Geus kitu, manéhna saré deui tuluy ngimpi kadua kalina. Manéhna ningali aya tujuh ranggeuy dina sagagang gandum, nya baleuneur nya aralus.+ 6 Tuluy, aya tujuh ranggeuy gandum nu jaradi. Nu ieu mah sikina lalemét jeung gararing lantaran katiup ku angin panas ti wétan. 7 Geus kitu, ranggeuyan-ranggeuyan anu sikina lalemét ngahakan tujuh ranggeuyan anu baleuneur jeung aralus. Ti dinya Firaun hudang. Manéhna nyaho yén éta téh ngan saukur ngimpi.

8 Isuk-isukna, manéhna guligah. Jadi, manéhna ngageroan sakabéh tukang sihir jeung jalma bijaksana di Mesir. Firaun nyaritakeun impianana ka maranéhna, tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina.

9 Ku kituna, pangurus inuman ngomong kieu ka Firaun, ”Dinten ieu abdi badé ngaku dosa. 10 Nu Mulya Firaun, Juragan pernah bendu ka abdi sareng ka pangurus roti,+ nepi ka abdi duaan dipanjarakeun di bumina kapala pangawal. 11 Hiji wengi, abdi duaan téh ngimpi, masing-masing aya hartina.+ 12 Tah, di dinya téh aya lalaki ngora urang Ibrani, palayanna kapala pangawal.+ Abdi duaan nyaritakeun impian masing-masing,+ tuluy manéhna ngajelaskeun hartina. 13 Leres wéh kajadian percis sakumaha nu dijelaskeun ku manéhna. Jabatan abdi dibalikkeun deui, ari pangurus roti mah digantung.”+

14 Jadi, Firaun nitah Yusuf ngadep ka manéhna.+ Gancang Yusuf dikaluarkeun ti panjara.*+ Yusuf dicukur, ngaganti pakéanana, tuluy ngadep ka Firaun. 15 Geus kitu, Firaun ngomong ka Yusuf, ”Urang téh ngimpi, tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina. Cenah manéh bisa ngajelaskeun harti impian.”+ 16 Ngadéngé kitu Yusuf ngajawab, ”Sanés abdi, Juragan! Allah nu bakal masihan warta hadé kanggo Firaun.”+

17 Firaun nyarita ka Yusuf, ”Urang téh ngimpi, urang keur nangtung di sisi Walungan Nil. 18 Ari pék téh bijil tujuh sapi anu aralus jeung lalintuh ti Walungan Nil. Éta sapi-sapi ngahakan jukut di sisi walungan.+ 19 Geus kitu, bijil tujuh sapi séjénna anu garoréng patut jeung baregang kari tulang. Urang can pernah ningali sapi nu goréng patut siga kitu di sakuliah Mesir. 20 Éta sapi-sapi anu baregang jeung garoréng téh ngahakan tujuh sapi anu lalintuh. 21 Tapi sakitu geus ngahakan kabéhanana gé, angger wéh éta sapi-sapi téh garoréng patut jeung baregang siga saacanna, teu kaciri geus dahar. Geus kitu urang hudang.

22 ”Terus urang ngimpi deui, aya tujuh ranggeuy gandum nu jadi dina sagagang, nya baleuneur nya aralus.+ 23 Tuluy aya tujuh ranggeuy séjén nu jaradi, tapi nu ieu mah sikina paréot, lalemét, jeung gararing lantaran katiup ku angin panas ti wétan. 24 Seug ranggeuyan-ranggeuyan nu sikina lalemét téh ngahakan tujuh ranggeuy anu aralus. Éta impian ku urang dicaritakeun ka tukang-tukang sihir,+ tapi euweuh nu bisa ngajelaskeun hartina.”+

25 Yusuf ngomong ka Firaun, ”Impian Firaun téh duanana sami hartina. Allah nu sajati tos ngawartosan ka Firaun naon nu bakal dilaksanakeun ku Anjeunna.+ 26 Tujuh sapi nu aralus téh hartina tujuh taun, kitu ogé tujuh ranggeuy gandum nu aralus téh hartina tujuh taun. Éta impian téh duanana sami hartina. 27 Tujuh sapi nu baregang jeung garoréng anu bijil sanggeusna sarta tujuh ranggeuy gandum anu hapa jeung garing lantaran katiup ku angin panas ti wétan, hartina tujuh taun kalaparan. 28 Sakumaha nu tos disebutkeun ku abdi tadi: Allah nu sajati tos némbongkeun ka Firaun naon nu bakal dilaksanakeun ku Anjeunna.

29 ”Bakal aya seueur pisan tuangeun salami tujuh taun di sakuliah Mesir. 30 Tapi saatosna, bakal aya tujuh taun kalaparan. Éta kalaparan bener-bener ngabalangsakkeun Mesir.+ Jalma-jalma nepi ka teu inget pernah aya seueur tuangeun di Mesir. 31 Mangsa-mangsa seueur tuangeun di ieu tanah moal kainget-inget, ku hébat-hébatna kalaparan saatosna. 32 Firaun ngimpi dugi ka dua kali téh lantaran éta perkara tos ditetepkeun ku Allah nu sajati. Éta bakal énggal dilaksanakeun ku Allah nu sajati.

33 ”Mangga ayeuna mah Firaun milarian hiji pameget anu pinter sareng bijaksana sina ngatur sakuliah Mesir. 34 Pilih ogé pangawas-pangawas di sakuliah Mesir. Maranéhna sina ngumpulkeun saperlima hasil tanah Mesir salami tujuh taun mangsa kamakmuran.+ 35 Éta pangawas-pangawas kedah ngumpulkeun sadaya tuangeun salami mangsa kamakmuran éta. Maranéhna kedah numpuk sadaya gandum di kota-kota kanggo bahan tuangeun, tuluy dijaga.+ Sadayana aya dina kakawasaan Firaun. 36 Éta tuangeun bakal jadi bekel kanggo mangsa kalaparan salami tujuh taun nu bakal kajadian di Mesir. Ku kituna, jalma-jalma sareng ingon-ingon moal musna ku kalaparan.”+

37 Firaun jeung kabéh hambana nganggap éta saran téh alus. 38 Jadi Firaun ngomong ka hamba-hambana, ”Saha deui jalma nu kawas kieu nu boga kawasa Allah?” 39 Tuluy Firaun ngomong ka Yusuf, ”Lantaran Allah geus méré nyaho ieu kabéh ka manéh, euweuh deui anu pinter jeung bijaksana kawas manéh. 40 Manéh bakal jadi pangawas di imah urang, sarta sakabéh rahayat bakal nurut kana sakabéh paréntah manéh.+ Euweuh nu leuwih luhur ti manéh kajaba urang, ku lantaran urang téh raja.”* 41 Firaun neruskeun, ”Ayeuna, urang ngalantik manéh jadi pangawasa di sakuliah Mesir.”+ 42 Geus kitu Firaun nyabut cingcin cap tina ramona, tuluy dipasangkeun kana ramo Yusuf. Yusuf dibajuan ku pakéan tina linén lemes jeung dikangkalungan ku kongkorong emas. 43 Salian ti éta, Firaun nitah Yusuf tumpak karéta kadua tutunggangan raja sarta nitah jalma-jalma ngagero, ”Avrékh!”* hareupeun Yusuf. Kitu carana Yusuf diangkat jadi pangawasa di sakuliah Mesir ku Firaun.

44 Firaun ngomong deui ka Yusuf, ”Urang Firaun, tapi lamun teu diidinan ku manéh, euweuh nu bisa ngalampahkeun nanaon* di sakuliah Mesir.”+ 45 Geus kitu, Yusuf dibéré ngaran Zafénat-panéah ku Firaun. Manéhna gé dikawinkeun jeung Asénat+ anak Potiféra, imam di On.* Ti dinya Yusuf mulai ngawaskeun* sakuliah Mesir.+ 46 Umur Yusuf 30 taun+ basa manéhna ngadep ka* Firaun raja Mesir.

Geus kitu, Yusuf indit ti hareupeun Firaun tuluy ngider ka sakuliah Mesir. 47 Salila tujuh taun kamakmuran, loba pisan hasil tanah nu dihasilkeun di Mesir. 48 Salila tujuh taun éta, manéhna terus ngumpulkeun dahareun ti sakuliah Mesir, tuluy éta ditumpuk-tumpukkeun di kota-kota. Dahareun nu disimpen di unggal kota téh asalna ti kebon-kebon sakurilingeun éta kota. 49 Yusuf terus numpuk-numpukkeun gandum nepi ka loba pisan siga keusik di laut. Ahirna, éta kabéh geus teu kaitung deui ku maranéhna.

50 Saacan mangsa kalaparan datang, Yusuf boga dua anak lalaki+ ti Asénat anak Potiféra imam di On.* 51 Anak cikalna dingaranan Manasyé*+ ku Yusuf, da ceuk manéhna, ”Ku bantuan Allah, urang jadi bisa poho kana masalah urang jeung ka kulawarga bapa urang.” 52 Anak nu kadua dingaranan Éfraim,*+ da ceuk manéhna, ”Allah masihan anak-anak ka urang di tempat urang sangsara.”+

53 Sanggeus tujuh taun, euweuh kamakmuran deui di Mesir.+ 54 Tuluy tujuh taun mangsa kalaparan dimimitian, sakumaha nu diucapkeun ku Yusuf.+ Di nagri-nagri séjén aya kalaparan, tapi di sakuliah Mesir mah aya dahareun.*+ 55 Ahirna, sakuliah Mesir ogé sangsara ku kalaparan, ku kituna rahayat méménta dahareun ka Firaun.+ Ceuk Firaun ka sakabéh urang Mesir, ”Jung indit ka Yusuf, tuturkeun paréntah manéhna.”+ 56 Kalaparan terus narajang ka sakuliah bumi.+ Ku parah-parahna kalaparan di Mesir, Yusuf muka tempat-tempat panyimpenan dahareun nu aya di Mesir tuluy ngajual dahareunana ka urang Mesir.+ 57 Salian ti éta, jalma-jalma di sakuliah bumi daratang ka Mesir rék meuli dahareun ka Yusuf, lantaran kalaparan di sakuliah bumi téh parah pisan.+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun