Kajadian
44 Ka dieunakeun, Yusuf méré paréntah ka pangurus imahna, ”Eusian karung-karung maranéhna ku dahareun saloba-lobana, sasanggupna maranéhna mawa wéh. Asupkeun ogé duit maranéhna kana karungna masing-masing.+ 2 Tapi kana karung nu bungsu mah, salian ti duit, asupkeun ogé gelas pérak urang.” Jadi paréntah Yusuf téh dilaksanakeun ku manéhna.
3 Isukna waktu bray caang, adi lanceukna Yusuf indit tumpak kaldé. 4 Maranéhna can jauh ti kota waktu Yusuf ngomong kieu ka pangurus imahna, ”Geuwat udag maranéhna! Mun geus kasusul, béjakeun kieu, ’Ku naon maranéh ngabales kahadéan ku kajahatan? 5 Ku naon gelas dunungan urang bet dicokot? Éta téh sok dipaké nginum jeung ngaramal ku anjeunna. Kalakuan maranéh téh jahat.’”
6 Jadi sanggeus maranéhna kasusul, pangurus imahna Yusuf ngabejakeun éta ucapan. 7 Tapi maranéhna ngajawab, ”Ku naon Juragan téh bet nyarios kitu? Teu mungkin abdi sadaya ngalampahkeun hal éta. 8 Artos anu kapendak dina karung-karung gé ku abdi sadaya dibawa deui ti tanah Kanaan+ terus dipulangkeun ka Juragan. Jadi, piraku abdi sadaya mawa pérak atawa emas ti bumi dunungan Juragan? 9 Upami éta kapendak di salah saurang hamba Juragan ieu, sok wéh paéhan manéhna, sésana bakal jadi budak beulian Juragan.” 10 Jadi manéhna ngomong, ”Enya, tapi jalma nu nyokot éta gelas wungkul nu bakal jadi budak beulian urang, sésana mah teu salah.” 11 Gancang maranéhna nurunkeun karung-karungna, terus dibarukaan ku masing-masing. 12 Seug éta pangurus mariksa mani taliti, ti mimiti nu cikal nepi ka nu bungsu. Ahirna, éta gelas kapanggih dina karungna Bényamin.+
13 Béréwék maranéhna nyoéhkeun bajuna. Geus kitu, karung-karungna dimuatkeun deui kana kaldé, terus maranéhna balik deui ka kota. 14 Waktu Yéhuda+ jeung adi lanceukna asup ka imah Yusuf, Yusuf aya kénéh di dinya. Bruk maranéhna sujud ka manéhna.+ 15 Ceuk Yusuf, ”Ku naon maranéh bet kitu? Teu nyaho kitu jalma siga aing téh jago ngaramal?”+ 16 Yéhuda ngajawab, ”Juragan, abdi sadaya tos teu tiasa nyarios nanaon deui. Kumaha abdi tiasa ngabuktikeun abdi téh teu salah? Allah nu sajati tos nembrakkeun kasalahan hamba-hamba Juragan ieu.+ Ayeuna abdi sadaya sarta jalma nu dina karungna aya gelas Juragan jadi budak beulian Juragan!” 17 Tapi ceuk Yusuf, ”Moal, moal mungkin aing siga kitu! Ngan jalma nu dina karungna aya gelas éta nu bakal jadi budak beulian aing.+ Tapi sésana mah moal dikukumaha, jung wéh baralik ka bapa maranéh.”
18 Yéhuda ngadeukeutan Yusuf tuluy ngomong, ”Punten Juragan, hamba Juragan ieu badé nyarios. Juragan ulah ambek nya, da Juragan téh saperti Firaun.+ 19 Kapungkur pan Juragan pernah naros, abdi sadaya téh gaduh kénéh bapa atanapi dulur sanés teu. 20 Jadi saur abdi sadaya téh, ’Bapa aya kénéh, ngan tos sepuh, sarta aya nu bungsu+ nu lahir saparantos bapa sepuh. Nu bungsu téh gaduh lanceuk nu saindung, ngan tos maot.+ Jadi ngan manéhna nu aya kénéh.+ Pun bapa nyaaheun ka manéhna.’ 21 Tos kitu, Juragan téh miwarang manéhna dicandak supaya Juragan tiasa pendak.+ 22 Tapi abdi sadaya nyarios ka Juragan, ’Budak téh teu tiasa pisah sareng bapana. Upami manéhna ninggalkeun bapana, bapana pasti maot.’+ 23 Teras Juragan nyarios ka abdi sadaya, upami nu bungsu teu dicandak, abdi sadaya teu kénging pendak sareng Juragan.+
24 ”Jadi abdi sadaya wangsul ka pun bapa, hamba Juragan, tuluy nyaritakeun ucapan Juragan. 25 Ka dieunakeun, pun bapa miwarang abdi sadaya balik deui ka dieu kanggo meser tuangeun sakedik.+ 26 Abdi sadaya nyarios moal angkat. Tapi lamun nu bungsu kénging dicandak, abdi angkat, da saur Juragan téh abdi sadaya teu kénging pendak sareng Juragan upami nu bungsu teu dicandak.+ 27 Tah, pun bapa téh nyarios kieu, ’Maranéh nyaho pan, pamajikan Bapa téh ngan boga dua anak.+ 28 Tapi nu saurang geus leungit. Manéhna pasti geus disasaak ku sato galak.+ Buktina, nepi ka ayeuna Bapa teu panggih jeung manéhna. 29 Lamun nu ieu ogé dibawa, tuluy manéhna cilaka nepi ka maot, Bapa nu geus kolot ieu pasti maot*+ ku lantaran nalangsa,+ éta téh gara-gara maranéh.’
30 ”Pun bapa nyaah pisan ka ieu budak, sarta teu tiasa hirup upami manéhna teu aya. Jadi, upami ayeuna abdi mulih ka pun bapa bari teu bareng jeung ieu budak, 31 pun bapa pasti maot, da teu ningali ieu budak. Tah, salah abdi sadaya upami pun bapa nu tos sepuh maot* ku lantaran sedih. 32 Abdi tos ngajamin kasalametan ieu budak ka pun bapa. Saur abdi, ’Lamun abdi teu bisa mawa manéhna balik deui ka Bapa, saumur-umur abdi dosa ka Bapa.’+ 33 Jadi Juragan, ayeuna abdi badé nyuhunkeun, tos wéh abdi nu jadi budak beulian Juragan gaganti ieu budak, ngarah manéhna tiasa mulih sareng lanceuk-lanceukna. 34 Abdi teu tiasa wangsul ka pun bapa upami henteu sareng ieu budak. Abdi teu kiat ningali pun bapa nalangsa!”