PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • Kajadian 45
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama Kajadian

      • Yusuf ngungkabkeun dirina (1-15)

      • Adi lanceuk Yusuf balik ka Yakub (16-28)

Kajadian 45:1

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 43:30
  • +Kis 7:13

Kajadian 45:4

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 37:28; Kis 7:9

Kajadian 45:5

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 47:23, 25; 50:20; Jab 105:17

Kajadian 45:6

Catetan Handap

  • *

    Ngaguar taneuh.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:30; 47:18

Kajadian 45:7

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”di ieu nagri”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 46:26

Kajadian 45:8

Catetan Handap

  • *

    As. ”jadi bapana”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 105:21; Kis 7:9, 10

Kajadian 45:9

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 45:26
  • +Kis 7:14

Kajadian 45:10

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 46:33, 34; 47:1; Bud 8:22; 9:26

Kajadian 45:11

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 47:12

Kajadian 45:12

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 42:23

Kajadian 45:14

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 46:29

Kajadian 45:18

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”hirup ti”.

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 47:6

Kajadian 45:19

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 41:39, 40
  • +Kaj 45:27; 46:5
  • +Kaj 47:9

Kajadian 45:20

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 46:6

Kajadian 45:22

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 43:34

Kajadian 45:24

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 42:21, 22

Kajadian 45:26

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Jab 105:21
  • +Kaj 42:38; 44:27, 28

Kajadian 45:28

Réferénsi nu Aya Patalina

  • +Kaj 46:30

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.

Kabéh Ayat

Kaj. 45:1Kaj 43:30
Kaj. 45:1Kis 7:13
Kaj. 45:4Kaj 37:28; Kis 7:9
Kaj. 45:5Kaj 47:23, 25; 50:20; Jab 105:17
Kaj. 45:6Kaj 41:30; 47:18
Kaj. 45:7Kaj 46:26
Kaj. 45:8Jab 105:21; Kis 7:9, 10
Kaj. 45:9Kaj 45:26
Kaj. 45:9Kis 7:14
Kaj. 45:10Kaj 46:33, 34; 47:1; Bud 8:22; 9:26
Kaj. 45:11Kaj 47:12
Kaj. 45:12Kaj 42:23
Kaj. 45:14Kaj 46:29
Kaj. 45:18Kaj 47:6
Kaj. 45:19Kaj 41:39, 40
Kaj. 45:19Kaj 45:27; 46:5
Kaj. 45:19Kaj 47:9
Kaj. 45:20Kaj 46:6
Kaj. 45:22Kaj 43:34
Kaj. 45:24Kaj 42:21, 22
Kaj. 45:26Jab 105:21
Kaj. 45:26Kaj 42:38; 44:27, 28
Kaj. 45:28Kaj 46:30
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
Kajadian 45:1-28

Kajadian

45 Ngadéngé kitu, Yusuf teu bisa nahan parasaanana deui. Manéhna nitah para palayanna,+ ”Kalaluar kabéh!” Waktu ngan aya adi lanceukna wungkul, Yusuf ngungkabkeun saha manéhna téh.+

2 Segruk manéhna ceurik mani tarik, nepi ka kadéngé ku urang Mesir jeung saeusi imah Firaun. 3 Ahirna, Yusuf ngomong ka adi lanceukna, ”Urang téh Yusuf. Ari si Bapa aya kénéh?” Tapi, maranéhna ngadon caricing bakating ku reuwas. 4 Jadi Yusuf ngomong ka maranéhna, ”Sok ka darieu atuh.” Ku kituna, maranéhna ngadeukeutan Yusuf.

Tuluy ceuk Yusuf, ”Urang téh Yusuf adi maranéh nu dijual ka Mesir.+ 5 Geus, ayeuna mah ulah hariwang jeung teu kudu silih salahkeun lantaran geus ngajual urang ka dieu. Allah nu ngutus urang ti heula ka dieu supaya bisa nyalametkeun hirup maranéh.+ 6 Ieu téh kakara taun kadua kalaparan,+ masih aya kénéh lima taun deui, moal aya nu bisa ngawuluku* atawa ngala hasil panén. 7 Éta sababna, Allah ngutus urang ti heula ngarah bisa nyalametkeun maranéh ku cara nu luar biasa, sarta ngarah turunan maranéh tetep aya+ di bumi.* 8 Jadi urang aya di dieu téh lain ku lantaran maranéh, tapi lantaran diutus ku Allah nu sajati, supaya urang dilantik jadi panaséhat utama* Firaun, jadi pangawasa istanana, sarta jadi pangawasa sakuliah Mesir.+

9 ”Jung geura balik ka si Bapa, tepikeun pesen ti urang, ’Allah geus ngalantik anak Bapa jadi pangawasa sakuliah Mesir.+ Énggal ka dieu, ulah ngaengké-engké.+ 10 Supaya caket sareng abdi, Bapa bisa matuh di tanah Gosyén+ bareng jeung anak incu Bapa, sakabéh ingon-ingon, jeung sagala pangaboga Bapa. 11 Abdi bakal nyadiakeun tuangeun kanggo Bapa, rumah tangga Bapa, sarta sagala milik Bapa, supaya Bapa teu kalaparan sarta supaya sagala milik Bapa henteu béak, da ieu kalaparan téh masih lima taun deui.’+ 12 Maranéh jeung Bényamin adi urang ningali sorangan, nu ngomong ka maranéh téh mémang urang.+ 13 Sok caritakeun ka si Bapa ngeunaan kakawasaan urang di Mesir jeung sagala nu ditingali ku maranéh. Gancang bawa si Bapa ka dieu.”

14 Gabrug Yusuf nangkeup Bényamin adina tuluy ceurik, Bényamin gé ceurik bari ngarangkul Yusuf.+ 15 Terus Yusuf nyium lanceuk-lanceukna jeung nangkeup maranéhna bari ceurik. Geus kitu, maranéhna ngobrol.

16 Béja ngeunaan datangna dulur-dulur Yusuf kadéngé ka istana Firaun. Ngadéngé éta béja, Firaun jeung hamba-hambana aratoheun. 17 Jadi Firaun ngomong ka Yusuf, ”Béjaan dulur-dulur manéh supaya ngamuatan sasatoan maranéhna ku dahareun tuluy balik ka tanah Kanaan. 18 Sok bawa ka dieu bapa manéh jeung kulawarga manéh. Engké ku urang rék dibéré barang-barang alus ti Mesir. Maranéhna gé bakal ngadahar* hasil tanah nu pangalusna di ieu nagri.+ 19 Paréntahkeun ogé maranéhna+ sina mawa karéta-karéta+ ti Mesir. Anak pamajikan maranéhna jeung si Bapa sina tumpak éta karéta ka dieu.+ 20 Maranéhna teu kudu mikiran barang-barangna,+ da barang-barang nu aralus di sakuliah Mesir téh milik maranéhna.”

21 Éta dilaksanakeun ku anak-anak Israél nu lalaki. Sakumaha paréntah Firaun, Yusuf méré karéta-karéta jeung bekel keur maranéhna di perjalanan. 22 Maranéhna masing-masing dibéré baju anyar hiji séwang, tapi Bényamin mah dibéré 300 duit pérak jeung lima baju anyar.+ 23 Ari keur bapana, Yusuf ngirim sapuluh kaldé nu ngakut barang-barang alus ti Mesir, sarta sapuluh kaldé bikang nu ngakut gandum, roti, jeung dahareun séjénna keur bekel bapana di perjalanan. 24 Jadi, manéhna nganteur dulur-dulurna indit, tuluy ngomong kieu, ”Kadé engké di jalan, ulah paraséa nya.”+

25 Geus kitu, maranéhna indit ti Mesir tuluy nepi ka tanah Kanaan sarta panggih jeung Yakub bapana. 26 Maranéhna ngabéjaan kieu, ”Yusuf hirup kénéh, ayeuna manéhna jadi pangawasa di sakuliah Mesir!”+ Tapi Yakub teu ngomong nanaon, da teu percayaeun kana omongan maranéhna.+ 27 Sanggeus ngadéngé sakabéh pesen Yusuf nu ditepikeun ku maranéhna, sarta ningali karéta-karéta nu dikirim ku Yusuf keur ngajemput manéhna, Yakub sumanget deui. 28 Ceuk Israél, ”Ayeuna Bapa percaya! Yusuf anak Bapa hirup kénéh! Saacan maot, Bapa kudu indit manggihan manéhna!”+

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kabijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun