Kajadian
8 Allah teu mopohokeun Nuh jeung sakabéh sato leuweung sarta sato piaraan nu aya dina kapal.* Allah ngagerakkeun angin di bumi supaya cai lalaunan surud. 2 Cai nu kacida lobana nu turun ti langit geus eureun. Lawang-lawang cai di langit gé geus nutup, jadi hujanna raat. 3 Cai di bumi beuki lila beuki surud. Sanggeus 150 poé, caina ngurangan. 4 Dina poé nu ka-17 bulan nu katujuh, kapal téh nyangsang di Pagunungan Ararat. 5 Cai terus surud nepi ka bulan nu kasapuluh. Dina poé nu kahiji bulan nu kasapuluh, puncak-puncak gunung mulai katémbong.
6 Sanggeus 40 poé, Nuh mukakeun jandéla kapal éta 7 tuluy ngaleupaskeun manuk gagak. Gagak téh hiber bulak-balik ka kapal, nepi ka cai di bumi saat.
8 Ka dieunakeun, Nuh ngaleupaskeun manuk japati. Manéhna hayang nyaho cai téh geus surud atawa acan. 9 Tapi ku sabab bumi katutup kénéh ku cai, éta japati teu manggih tempat keur eunteup, jadi balik deui ka kapal. Nuh ngasongkeun leungeunna ka luar, tuluy manuk téh diasupkeun ka jero kapal. 10 Manéhna ngadagoan tujuh poé deui, tuluy japati téh dileupaskeun deui. 11 Pasosoré, éta japati balik deui bari mawa pucuk zaitun nu seger kénéh dina pamatukna! Jadi Nuh nyaho, cai di bumi téh geus surud. 12 Manéhna ngadagoan tujuh poé deui. Tuluy éta japati dileupaskeun, tapi ayeuna mah teu balik deui.
13 Dina taun nu ka-601, dina poé nu kahiji bulan nu kahiji, cai geus saat. Terus Nuh muka panutup nu aya dina hateup kapal tuluy ningali ka luar, ari pék téh taneuh geus rada garing. 14 Dina poé nu ka-27 bulan nu kadua, bumi geus bener-bener garing.
15 Tuluy Allah ngomong ka Nuh, 16 ”Geura kaluar ti kapal, nya manéh, anak pamajikan, jeung minantu-minantu manéh. 17 Kaluarkeun ogé sagala jinis sasatoan, nyaéta sato nu hiber, sato piaraan, sato leuweung, jeung sakabéh sato séjénna* sina aranakan jeung ngalobaan di bumi.”
18 Jadi Nuh, anak pamajikan, jeung minantuna kaluar ti kapal. 19 Kabéh sasatoan, nya sato nu hiber, sato séjénna,* jeung kabéh nu hirup di darat, kalaluar ti kapal nurutkeun jinisna. 20 Tuluy Nuh nyieun mézbah keur Yéhuwa. Manéhna nyokot sababaraha sato jeung manuk nu teu haram pikeun dikorbankeun jeung dibeuleum dina mézbah. 21 Éta korban kaambeuna meni seungit ku Yéhuwa. Anjeunna jadi bungah.* Yéhuwa ngomong di jero haté-Na, ”Moal sakali-kali deui Kuring ngutuk tanah ku lantaran manusa, sabab ti leuleutik gé nu dipikiran ku manusa téh ngan nu goréng hungkul. Kuring moal ngamusnakeun deui sakabéh mahluk hirup cara kieu. 22 Ti ayeuna mah di bumi bakal terus aya usum* melak jeung usum panén, hawa panas jeung hawa tiis, usum halodo jeung usum tiris, beurang jeung peuting.”