Kajadian
9 Tuluy Allah ngaberkahan Nuh jeung anak-anak lalakina. Ceuk Anjeunna, ”Sing loba anak, turunan maranéh sing nepi ka minuhan ieu bumi. 2 Kabéh sasatoan di bumi, nyaéta sato nu hiber, sato nu hirup di darat, jeung lauk di laut bakal sieun ka maranéh. Kabéhanana bakal dikawasakeun ka maranéh. 3 Kabéh sasatoan di bumi meunang didahar ku maranéh. Éta kabéh dibikeun keur dahareun maranéh, sakumaha Kuring geus méré pepelakan héjo keur dahareun maranéh. 4 Tapi daging nu aya kénéh getihna ulah didahar, sabab getih ngahartikeun nyawa. 5 Salian ti éta, lamun aya nu ngucurkeun getih* manéh, nu ngahartikeun nyawa manéh, Kuring rék ménta tanggung jawab. Lamun éta téh sato, satona kudu dipaéhan. Lamun éta téh manusa, manéhna kudu mayar ku nyawana, lantaran manéhna geus maéhan dulurna. 6 Manusa téh diciptakeunana sarupa jeung Allah. Ku kituna, saha waé nu maéhan* manusa bakal dipaéhan ku manusa. 7 Ari maranéh mah sing loba anak, sarta turunan maranéh sing beuki ngalobaan nepi ka minuhan ieu bumi.”
8 Tuluy Allah ngomong ka Nuh jeung anak-anak lalakina, 9 ”Ayeuna Kuring nyieun perjangjian jeung maranéh, turunan maranéh, 10 sarta sakabéh sasatoan* nu kaluar ti kapal* bareng jeung maranéh, nyaéta manuk, sato piaraan, jeung sato leuweung, nya sakabéh sasatoan nu aya di bumi. 11 Kieu perjangjian Kuring jeung maranéh: Kuring moal sakali-kali deui ngabinasakeun sakabéh mahluk hirup ku caah gedé, jeung moal ngancurkeun deui bumi ku caah gedé.”
12 Allah gé ngomong, ”Kuring rék méré tanda pikeun perjangjian antara Kuring jeung maranéh sarta sakabéh sasatoan* nu aya jeung maranéh. Tanda éta bakal aya saterusna pikeun sakabéh turunan maranéh. 13 Kuring rék nempatkeun katumbiri* dina awan. Éta bakal jadi tanda perjangjian antara Kuring jeung bumi. 14 Waktu Kuring ngadatangkeun awan tuluy turun hujan, bakal muncul katumbiri dina awan. 15 Kuring pasti inget kana perjangjian antara Kuring jeung maranéh sarta sagala jinis sasatoan.* Kuring moal ngabinasakeun deui sakabéh mahluk hirup ku caah gedé. 16 Waktu dina awan aya katumbiri, tangtu Kuring ningali tuluy inget kana perjangjian nu langgeng antara Kuring jeung sakabéh mahluk hirup di bumi.”
17 Allah ngomong deui ka Nuh, ”Ieu tanda keur perjangjian nu dijieun antara Kuring jeung sakabéh mahluk hirup di bumi.”
18 Anak-anak lalaki Nuh nu kaluar ti kapal téh nyaéta Sém, Ham, jeung Yafét. Ka dieunakeun, Ham boga budak nu dingaranan Kanaan. 19 Tiluanana téh anak-anak lalakina Nuh. Maranéhna jadi karuhunna sakabéh manusa nu mencar ka sakuliah bumi.
20 Nuh jadi tukang tani jeung boga kebon anggur. 21 Hiji waktu, manéhna nginum cianggur tuluy mabok. Seug manéhna saré di jero kémah bari taranjang. 22 Ham bapa Kanaan ningali bapana taranjang, tuluy manéhna ngabéjaan dua lanceukna nu aya di luar. 23 Jadi Sém jeung Yafét nyokot hiji jubah, tuluy éta disampaykeun dina taktak maranéhna. Maranéhna asup ka kémah bari leumpang mundur. Geus kitu, maranéhna nutupan bapana ku éta jubah, tapi teu nyanghareup ka bapana ngarah teu ningali bapana nu keur taranjang.
24 Barang Nuh geus sadar, manéhna nyahoeun naon nu dilakukeun ku anak bungsuna. 25 Manéhna ngomong kieu,
”Kanaan sing dikutuk.
Manéhna sing jadi palayan nu pangrendahna keur dulur-dulurna.”
26 Manéhna ngomong deui,
”Puji Yéhuwa Allahna Sém.
Kanaan bakal jadi palayan manéhna.
27 Mugia Allah ngurniakeun daérah nu lega ka Yafét,
Jeung mugia manéhna matuh di kémah-kémahna Sém.
Kanaan bakal jadi palayan manéhna ogé.”
28 Sanggeus Caah Gedé, Nuh hirup 350 taun deui. 29 Jadi Nuh hirup salila 950 taun, tuluy maot.