PERPUSTAKAAN ONLINE Warta Hadé
PERPUSTAKAAN ONLINE
Warta Hadé
Sunda
é
  • é É
  • ALKITAB
  • PUBLIKASI
  • PASAMOAN
  • 2 Samuél 7
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar

Teu aya vidéo dina bagian ieu.

Punten, aya éror waktu nyetél vidéona.

Topik-Topik Utama 2 Samuél

      • Lain Daud nu bakal ngabangun bait (1-7)

      • Perjangjian jeung Daud pikeun hiji karajaan (8-17)

      • Doa ucapan sukur Daud (18-29)

2 Samuél 7:6

Catetan Handap

  • *

    As. ”leuleumpangan”.

2 Samuél 7:7

Catetan Handap

  • *

    As. ”putra-putra Israél”.

2 Samuél 7:11

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”dinasti karajaan”.

2 Samuél 7:12

Catetan Handap

  • *

    As. ”binih”.

2 Samuél 7:14

Catetan Handap

  • *

    As. ”dipapatahan ku tongkat manusa”.

  • *

    Atawa bisa jadi ”putra-putra Adam”.

2 Samuél 7:15

Catetan Handap

  • *

    As. ”nunjukkeun asih nu satia”.

2 Samuél 7:19

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”paréntah”.

2 Samuél 7:27

Catetan Handap

  • *

    Atawa ”dinasti karajaan”.

Tarjamahan Séjénna

Pilih nomer ayat pikeun némbongkeun tarjamahan séjénna.
  • Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
  • 1
  • 2
  • 3
  • 4
  • 5
  • 6
  • 7
  • 8
  • 9
  • 10
  • 11
  • 12
  • 13
  • 14
  • 15
  • 16
  • 17
  • 18
  • 19
  • 20
  • 21
  • 22
  • 23
  • 24
  • 25
  • 26
  • 27
  • 28
  • 29
Kitab Suci Tarjamahan Dunya Anyar
2 Samuél 7:1-29

2 Samuél

7 Raja geus cicing di istanana. Yéhuwa geus ngabébaskeun manéhna ti sakabéh musuh di sakurilingna. 2 Harita, Raja ngomong ka Nabi Natan, ”Kuring cicing di istana tina kai aras, ari peti perjangjian Allah nu bener cicingna di jero kémah.” 3 Ditémbalan ku Natan, ”Mangga, laksanakeun kahoyong Juragan, da Juragan disarengan ku Yéhuwa.”

4 Tapi peuting éta kénéh, Yéhuwa nepikeun firman-Na ka Natan, 5 ”Béjakeun kieu ka Daud hamba Kuring, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa, ”Mémangna manéh perlu ngabangun imah keur Kuring? 6 Ti saprak Kuring mawa bangsa Israél kaluar ti Mesir nepi ka ayeuna gé Kuring teu pernah matuh di hiji imah. Salila pundah-pindah* téh Kuring matuh di kémah jeung di tabernakel. 7 Salila Kuring indit bareng jeung sakabéh urang Israél* gé, pernah kitu Kuring ngomong kieu ka salah saurang pamingpin kaom Israél, nu dilantik ku Kuring pikeun ngangon Israél umat Kuring, ’Ku naon maranéh teu ngabangun imah tina kai aras keur Kuring?’”’ 8 Ayeuna béjakeun kieu ka Daud hamba Kuring, ’Ieu nu diucapkeun ku Yéhuwa pangawasa pasukan sorga, ”Baheula manéh téh ngangon domba di tegalan, tapi ku Kuring manéh dijadikeun pamingpin Israél umat Kuring. 9 Kuring bakal nyarengan manéh ka mana waé manéh indit. Kuring bakal nyingkirkeun sakabéh musuh ti hareupeun manéh. Kuring gé bakal ngamashurkeun ngaran manéh kawas ngaran jalma-jalma nu hébat di bumi. 10 Kuring rék nyadiakeun tempat keur Israél umat Kuring, tuluy nempatkeun maranéhna di dinya. Maranéhna bakal matuh di dinya sarta moal aya nu ngaganggu maranéhna. Jalma jahat moal nindes maranéhna deui siga baheula, 11 basa Kuring ngalantik hakim-hakim keur Israél umat Kuring. Kuring gé bakal ngabébaskeun manéh ti sakabéh musuh manéh.

”’”Yéhuwa gé pernah ngomong yén Yéhuwa bakal ngabangun imah* keur manéh. 12 Waktu engké manéh maot siga karuhun manéh, Kuring bakal ngalantik turunan* manéh, anak manéh sorangan, jadi raja sarta Kuring bakal ngukuhkeun karajaanana. 13 Nya manéhna nu bakal ngabangun imah keur ngaran Kuring. Kuring bakal ngukuhkeun tahta karajaanana keur salilana. 14 Kuring bakal jadi Bapa manéhna, sarta manéhna bakal jadi anak Kuring. Lamun manéhna nyieun salah, manéhna ku Kuring bakal dipapatahan.* Manéhna bakal digebug ku Kuring, sarua siga digebug ku putra-putra manusa.* 15 Kuring bakal terus nyaah* ka manéhna. Kanyaah Kuring moal dipegatkeun cara ka Saul, nu geus disingkirkeun ku Kuring ti hareupeun manéh. 16 Turunan jeung karajaan manéh bakal aya salilana. Tahta manéh gé bakal kukuh salilana.”’”

17 Natan ngabéjakeun kabéh kekecapan sarta titingalian éta ka Daud.

18 Ngadéngé kitu, Raja Daud diuk di hareupeun Yéhuwa. Ceuk manéhna, ”Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, saha atuh abdi téh? Saha atuh kulawarga abdi téh, nepi ka Gusti ngalampahkeun ieu sadaya kanggo abdi? 19 Teu ngan saukur éta hungkul Gusti Nu Maha Agung Yéhuwa, Gusti ogé nyaritakeun ngeunaan kulawarga hamba Gusti ieu bakal kumaha engkéna dina mangsa ka payun. Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, éta dijadikeun aturan* keur sadaya umat manusa ku Gusti. 20 Naon deui atuh anu tiasa dicarioskeun ku Daud, hamba Gusti ieu? Da Gusti kenal pisan ka abdi, nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung. 21 Sagala hal nu luar biasa ieu tos dilampahkeun ku Gusti, sarta disingkabkeun ka abdi hamba Gusti demi firman Gusti, sarta éta téh sajalan jeung kahoyong haté Gusti. 22 Éta sababna Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Gusti téh kacida hébatna. Sagala nu tos didangu ku abdi sadaya ngabuktikeun yén taya deui nu sapertos Gusti, sarta taya Allah salian ti Gusti. 23 Bangsa mana di bumi ieu nu sapertos Israél umat Gusti? Maranéhna ditebus sarta dijadikeun umat Gusti. Nami Gusti jadi kasohor ku lantaran Gusti ngalampahkeun hal-hal nu hébat sarta luar biasa keur maranéhna. Gusti nyingkirkeun bangsa-bangsa sarta allah-allahna demi umat Gusti, nu ditebus ku Gusti ti Mesir. 24 Israél umat Gusti dijadikeun milik Gusti keur salamina, sareng Gusti, nun Yéhuwa, Gusti jadi Allah maranéhna.

25 ”Nun Allah Yéhuwa, mangga terus laksanakeun salamina jangji Gusti ngeunaan hamba Gusti ieu sarta turunanana. Mugia Gusti ngalaksanakeun naon nu tos dijangjikeun ku Gusti. 26 Mugia nami Gusti diagungkeun salalanggengna, supaya jalma-jalma nyebutkeun yén Yéhuwa pangawasa pasukan sorga téh Allahna Israél, sarta mugia turunan Daud, hamba Gusti, tetep aya di payuneun Gusti. 27 Nun Yéhuwa, pangawasa pasukan sorga, Allah Israél, hamba Gusti ieu wani ngadoa kieu ka Gusti téh sabab saur Gusti ka abdi, ’Kuring bakal ngabangun imah* keur manéh.’ 28 Nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Gusti téh Allah nu bener, firman Gusti salawasna bener, sarta Gusti tos ngajangjikeun hal-hal nu hadé ieu ka abdi, hamba Gusti. 29 Jadi, mugia Gusti kersa ngaberkahan turunan hamba Gusti ieu, sarta mugia maranéhna terus aya di payuneun Gusti, sabab nun Yéhuwa, Gusti Nu Maha Agung, Gusti tos jangji. Jadi, mugia Gusti terus ngaberkahan turunan hamba Gusti ieu salalanggengna.”

Publikasi Bahasa Sunda (2014-2025)
Kaluar
Asup
  • Sunda
  • Bagikeun
  • Pengaturan
  • Copyright © 2026 Watch Tower Bible and Tract Society of Pennsylvania
  • Sarat Ngagunakeun
  • Kawijakan Privasi
  • Pengaturan Privasi
  • JW.ORG
  • Asup
Bagikeun