Raja-Raja nu Kahiji
10 Sulaéman jadi kasohor ku lantaran nami Yéhuwa. Kamashuranana nepi ka kadéngé ku ratu ti Syéba. Manéhna nganjang ka Sulaéman pikeun nguji kabijaksanaan Sulaéman ku rupa-rupa pananya nu hésé.* 2 Sang ratu datang ka Yérusalém bareng jeung rombonganana nu kacida lobana. Manéhna gé diiring ku onta-onta anu mawa minyak balsem sarta emas jeung batu permata anu loba pisan. Waktu panggih jeung Sulaéman, manéhna nanyakeun sagala nu aya dina pikiran manéhna. 3 Kabéh pananya dijawab jeung diterangkeun ku Sulaéman. Keur Sulaéman mah teu aya pananya nu hésé-hésé teuing.
4 Basa nyaksian Sulaéman nu sakitu bijaksanana, istana nu dibangunna, 5 dahareun dina méjana, cara tempat diuk para pajabatna diatur, cara palayan ngalayanan di méjana, papakéan para palayanna, pangurus inumanana, jeung kurban beuleuman nu sok dibaktikeun ku Sulaéman di imah Yéhuwa, sang ratu meni tajub pisan.* 6 Pokna ka Raja, ”Di nagri abdi, abdi nguping ngeunaan kahébatan* sareng kabijaksanaan Raja, geuning éta téh leres. 7 Tadina mah abdi téh teu percanten, tapi saatosna dongkap sarta ningal nyalira, sihoréng anu kakuping téh teu satengah-satengahna acan! Kabijaksanaan sareng kamakmuran Raja téh langkung-langkung tibatan nu kakuping. 8 Kacida bagjana rahayat Raja sareng para palayan anu teras sasarengan sareng Raja, sabab maranéhna tiasa ngadangu kabijaksanaan Raja! 9 Muga-muga Yéhuwa Allahna Raja dipuji. Raja téh dipikasuka ku Anjeunna dugi ka dijenengkeun raja Israél. Kanyaah Yéhuwa ka Israél téh teu aya tungtungna. Éta sababna anjeun dijadikeun raja, sangkan Israél gaduh raja nu adil sareng bener.”
10 Geus kitu, ratu ti Syéba méré emas 4.104 kilo,* batu permata, jeung minyak balsem nu loba pisan ka Raja. Teu pernah aya deui nu mawa minyak balsem sakitu lobana kawas nu dibikeun ku ratu ti Syéba ka Raja Sulaéman.
11 Kapal-kapal lautna Hiram nu ngakut emas ti Ofir téh ngakutan ogé kai candana nu kacida lobana jeung batu-batu permata. 12 Kai-kai candana téh ku Raja dipaké jang nyieun panyangga keur imah Yéhuwa sarta istana. Éta kai gé dipaké jang nyieun harpa jeung alat musik séjénna nu maké senar keur para juru kawih. Nepi ka ayeuna, teu pernah aya deui anu mawa atawa ningali kai-kai candana kawas kitu.
13 Ari pamulang ti Raja Sulaéman ka ratu ti Syéba téh nyaéta sagala nu dipikahayang jeung dipénta ku ratu. Salian ti éta, aya ogé rupa-rupa hadiah anu dibikeun ku Sulaéman ku lantaran Sulaéman téh béréhan. Geus kitu, ratu balik ka nagrina bareng jeung para palayanna.
14 Unggal taunna, emas nu ditarima ku Sulaéman téh beuratna kira-kira 23 ton.* 15 Éta téh can kaasup kauntungan ti para sudagar, para padagang, raja-raja Arab, jeung para gubernur di éta nagri.
16 Raja Sulaéman nyieun 200 taméng tina emas campuran, unggal taméng téh maké emas kira-kira 7 kilo.* 17 Manéhna gé nyieun 300 taméng leutik* tina emas campuran, unggal taméng téh maké emas kira-kira 1,7 kilo.* Kabéhanana ku Raja diteundeun di Gedong Leuweung Lébanon.
18 Raja gé nyieun singgasana nu agréng tina gading, éta kabéh dilapis ku emas murni. 19 Di hareup singgasana téh aya tangga genep umpak. Di tukang singgasana, aya nu kawas tiung bunder. Dina dua sisi korsi karajaan, aya leungeun singgasana. Terus dina unggal sisi leungeun singgasana, aya sisingaan. 20 Dina unggal umpak tangga, kénca katuhuna téh aya sisingaan. Jadi, kabéhanana aya 12 sisingaan. Euweuh karajaan séjén anu singgasanana kawas kitu.
21 Cangkir-cangkir Raja Sulaéman kabéh dijieun tina emas. Parabot di Gedong Leuweung Lébanon kabéhanana tina emas murni, teu aya nu tina pérak, da dina jaman Sulaéman mah pérak téh teu aya hargana. 22 Raja téh boga kapal-kapal Tarsyis nu balayar bareng jeung kapal-kapal Hiram. Tilu taun sakali, éta kapal-kapal Tarsyis téh mawaan emas, pérak, gading, monyét, jeung merak.
23 Jadi boh dina kabeungharan boh dina kabijaksanaan, Raja Sulaéman téh leuwih unggul tibatan kabéh raja di bumi. 24 Jalma sadunya téh harayangeun panggih jeung Sulaéman ngarah bisa ngadéngékeun kabijaksanaan nu dikurniakeun ku Allah ka manéhna. 25 Jalma-jalma téh daratang bari babawaan. Aya nu méré barang-barang tina pérak jeung emas, pakéan, pakarang perang, minyak balsem, kuda, jeung bagal.* Kitu terus unggal taunna téh.
26 Karéta perang jeung kuda* Sulaéman téh terus nambahan. Manéhna nepi ka boga 1.400 karéta perang jeung 12.000 kuda.* Éta kabéh ditempatkeun ku manéhna di kota-kota tempat nyimpen karéta jeung di deukeut istana raja di Yérusalém.
27 Dina jaman Sulaéman, pérak di Yérusalém téh kacida lobana kawas batu. Kitu deui jeung kai aras, lobana téh kawas tangkal ara leuweung di Syéféla.
28 Kuda-kuda Sulaéman téh didatangkeun ti Mesir.* Éta kuda-kuda* téh dibeulina ku para sudagar nu diutus ku Sulaéman. Hargana téh geus ditetepkeun. 29 Unggal karéta nu didatangkeun ti Mesir téh hargana 600 duit pérak, ari kuda mah 150 duit pérak. Geus kitu, éta dijual deui ka kabéh raja urang Hét jeung ka raja-raja Siria.