Raja-Raja nu Kahiji
17 Élia* urang Tisbé nu matuh di Giléad ngucapkeun sumpah kieu ka Ahab, ”Demi Yéhuwa nu hirup, Allah Israél nu dilalayanan ku abdi,* sababaraha taun ka hareup moal aya ibun jeung hujan, kajaba lamun diparéntahkeun ku abdi!”
2 Yéhuwa ngucapkeun firman ka Élia, 3 ”Tinggalkeun ieu tempat. Jig ka wétan, nyumput di Lebak Khérit* wétaneun Walungan Yordan. 4 Di ditu, manéh bisa nginum ti susukan. Engké Kuring rék nitah manuk-manuk gagak sina mawakeun dahareun keur manéh.” 5 Élia nurut kana paréntah Yéhuwa, seug indit. Manéhna cicing di deukeut Lebak Khérit* wétaneun Walungan Yordan. 6 Unggal isuk jeung unggal peuting, manuk-manuk gagak mawaan roti jeung daging keur manéhna, ari nginumna mah ti susukan nu aya di dinya. 7 Tapi sanggeus sababaraha poé, éta susukan téh saat lantaran teu hujan-hujan di éta nagri.
8 Geus kitu, Yéhuwa ngucapkeun firman ka manéhna, 9 ”Jig indit ka Zaréfat di daérah Sidon tuluy matuh di ditu. Engké Kuring rék nitah hiji randa sina nyadiakeun dahareun keur manéh.” 10 Bral Élia indit ka Zaréfat. Barang nepi di gerbang kota, aya hiji randa nu keur ngala suluh. Seug éta randa téh digeroan, tuluy Élia ngomong kieu, ”Nyai punten, cik ménta cai saeutik mah, hayang nginum.” 11 Sanggeus éta randa ngaléos rék nyokot cai, ku Élia digeroan deui, ”Nyai punten, ménta rotina ogé sakeureut mah.” 12 Éta randa némbalan kieu, ”Demi Yéhuwa nu hirup, Allah anjeun, abdi teu gaduh roti. Abdi ngan gaduh tipung sakeupeul dina wadah ageung, sareng minyak sakedik dina wadah alit, kantun sakitu-kituna. Ieu téh nuju ngala suluh, saatosna abdi badé uih, teras badé ngadamel tedaeun kanggo abdi sareng pun anak. Saatos éta, abdi duaan kantun ngantosan ajal.”
13 Élia ngomong kieu ka manéhna, ”Ulah hariwang. Prak baé jieun sakumaha nu diomongkeun ku Nyai. Tapi, saacan nyieun dahareun keur Nyai jeung anak Nyai, pangnyieunkeun heula keur abdi roti leutik tina tipung nu nyésa éta tuluy bawa ka dieu. 14 Yéhuwa Allah Israél tos nyarios kieu, ’Tipung dina wadah gedé moal béak-béak, minyak dina wadah leutik gé moal saat-saat, nepi ka Yéhuwa nurunkeun deui hujan ka bumi.’” 15 Jadi, éta randa téh balik nyumponan paménta Élia. Ku kituna éta randa, kulawargana, jeung Élia boga cukup dahareun keur waktu nu lila. 16 Tipung nu aya dina wadah gedé téh teu béak-béak, minyak nu aya dina wadah leutik gé teu saat-saat, sakumaha ucapan Yéhuwa nu ditepikeun ku Élia.
17 Ka dieunakeun, anak éta randa téh gering. Beuki ka dieu téh geringna beuki ripuh, tungtungna maot. 18 Tuluy éta randa téh ngomong kieu ka Élia, ”Hamba Allah nu bener, ku naon Bapa téh bet kieu ka abdi? Bapa sumping ka dieu téh ngan badé ngémutkeun abdi kana dosa abdi sareng badé maéhan pun anak?” 19 Élia ngajawab, ”Cik, ka dieukeun budak téh.” Éta budak nu keur dipangku ku indungna téh dicokot ku Élia tuluy dibawa ka loténg, seug digolérkeun dina tempat saréna Élia. 20 Manéhna ngadoa ku sora nu tarik ka Yéhuwa, ”Nun Yéhuwa Allah abdi, abdi téh numpang di bumi ieu randa, tapi ku naon Gusti ngantep anakna maot? Éta téh nambihan kasusahna.” 21 Geus kitu, Élia nangkubkeun dirina kana awak éta budak tilu kali, tuluy sasambat ka Yéhuwa, ”Nun Yéhuwa Allah abdi, tulungan, hirupkeun deui ieu budak.” 22 Panyambat Élia didangu ku Yéhuwa, budak téh hirup deui. 23 Geus kitu, éta budak dibawa turun ti loténg ku Élia tuluy disérénkeun ka indungna bari ngomong kieu, ”Nyai, budak Nyai hirup deui.” 24 Ku kituna, éta randa ngomong kieu ka Élia, ”Ayeuna abdi yakin, Bapa téh bener-bener hamba Allah, sareng firman Yéhuwa nu didugikeun ku Bapa téh bener.”