Raja-Raja nu Kahiji
8 Geus kitu, Sulaéman ngumpulkeun para pamingpin Israél, kabéh kapala kaom, jeung para pamingpin kulawarga ti pihak bapa. Kabéhanana daratang, maksudna rék mindahkeun peti perjangjian Yéhuwa ti Kota Daud, nyaéta Zion. 2 Kabéh urang Israél karumpul hareupeun Raja Sulaéman dina perayaan,* nyaéta dina bulan Étanim,* bulan katujuh. 3 Sanggeus para pamingpin Israél nepi, seug peti téh diangkat ku para imam. 4 Éta peti Yéhuwa, kémah tepangan,* jeung kabéh parabot suci di kémah téh dibarawaan ku para imam jeung urang Léwi. 5 Raja Sulaéman jeung sakabéh urang Israél nu dititah ngadep ka manéhna téh karumpul hareupeun peti. Harita meni loba pisan domba jeung sapi nu dikurbankeun, nepi ka teu kaitung jumlahna.
6 Peti perjangjian Yéhuwa téh ku para imam diasupkeun ka tempatna, ka rohangan nu pangjerona di éta imah, nyaéta Rohangan Mahasuci. Diteundeunna handapeun jangjang kérub-kérub.
7 Éta jangjang kérub-kérub téh mébér luhureun peti, ngauban peti jeung tongkat-tongkat paranti ngagotongna. 8 Tongkat-tongkatna téh panjang pisan. Tungtung-tungtungna nepi ka katempo ti Rohangan Suci hareupeun rohangan pangjerona, tapi ari ti luar mah teu katempo. Nepi ka kiwari, éta aya kénéh di dinya. 9 Peti téh eusina dua papan batu anu baheula ku Musa disimpen di dinya basa keur di Horéb téa, nyaéta basa Yéhuwa nyieun perjangjian jeung urang Israél sanggeus maranéhna budal ti Mesir.
10 Barang para imam kalaluar ti tempat suci, méga* minuhan imah Yéhuwa. 11 Para imam jadi teu bisa neruskeun tugasna deui, lantaran kamulyaan Yéhuwa minuhan imah Yéhuwa. 12 Tuluy Sulaéman ngomong kieu, ”Yéhuwa nyarios yén Anjeunna bakal linggih dina méga hideung. 13 Abdi parantos réngsé ngadamel ieu bumi anu agréng haturkeuneun ka Gusti, kanggo Gusti linggih salalamina.”
14 Tuluy Raja malik ka jamaah Israél nu keur narangtung di dinya, seug ngaberkahan maranéhna. 15 Pok Sulaéman ngomong, ”Puji Yéhuwa Allahna Israél nu tos jangji* ka Daud pun bapa sareng ngalaksanakeun* éta jangji, nu eusina, 16 ’Ti barang Kuring mawa umat Kuring Israél budal ti Mesir, can aya kota di sakabéh daérah kaom Israél nu dipilih ku Kuring pikeun ngadegkeun imah keur ngaran Kuring. Tapi, Kuring geus milih Daud pikeun jadi pamingpin keur Israél umat Kuring.’ 17 Daud pun bapa hoyong pisan ngabangun bumi kanggo nami Yéhuwa Allah Israél. 18 Tapi Yéhuwa nyarios kieu ka pun bapa, ’Manéh hayang pisan ngabangun imah keur ngaran Kuring. Kahayang manéh téh alus pisan. 19 Sanajan kitu, lain manéh nu bakal ngabangunna. Nu bakal ngabangun imah keur ngaran Kuring téh anak manéh sorangan nu engké bakal lahir.’ 20 Éta jangji Yéhuwa téh ayeuna tos laksana. Abdi nu neruskeun pun bapa jadi raja Israél, percis sakumaha jangji Yéhuwa. Abdi gé tos ngabangun bumi kanggo nami Yéhuwa Allah Israél. 21 Di dinya, abdi tos nyiapkeun hiji tempat keur nyimpen peti. Éta peti téh eusina papan-papan batu perjangjian antara Yéhuwa jeung karuhun urang, nu dijieun basa Anjeunna mawa aranjeunna budal ti Mesir.”
22 Geus kitu, Sulaéman nyanghareup ka mézbah Yéhuwa di hareup sakabéh jamaah Israél tuluy nadahkeun leungeun ka langit, 23 seug ngadoa, ”Nun Yéhuwa Allah Israél, teu aya Allah nu sapertos Gusti, boh di langit boh di bumi. Gusti nedunan jangji Gusti sarta nunjukkeun asih satia ka hamba-hamba Gusti nu sapinuhna haté ngalalayanan Gusti. 24 Jangji Gusti ka hamba Gusti, nyaéta Daud pun bapa, tos ditedunan. Gusti tos jangji sareng ngalaksanakeun éta jangji. 25 Ayeuna nun Yéhuwa Allah Israél, mugia Gusti terus nedunan jangji Gusti ka hamba Gusti, nyaéta Daud pun bapa. Gusti tos jangji kieu, ’Bakal terus aya turunan manéh nu diuk dina tahta Israél lamun anak-anak manéh nurut ka Kuring, sakumaha manéh nurut ka Kuring.’ 26 Ku kituna, nun Allah Israél, abdi nyuhunkeun sangkan jangji Gusti ka Daud pun bapa téh laksana.
27 ”Tapi nun Allah, naha leres Gusti téh badé linggih di bumi? Sabab langit, malah langit nu sakitu legana gé, teu cekap kanggo Gusti mah, komo deui bangunan nu diadegkeun ku abdi ieu! 28 Nun Yéhuwa Allah abdi, ayeuna abdi badé nyanggakeun panuhun. Mugia doa hamba Gusti ieu didangu, mugia Gusti ngadangu panyambat sareng doa nu badé diucapkeun ku hamba Gusti ieu dinten ieu. 29 Mugia siang wengi soca Gusti merhatikeun ieu bangunan, sareng upami hamba Gusti ieu ngadoa mayun ka ieu bangunan, mugia Gusti kersa ngadangukeun, sabab Gusti pernah nyarios, ’Ieu téh tempat keur ngaran Kuring.’ 30 Upami hamba Gusti ieu sareng Israél umat Gusti nyanggakeun doa sareng panuhun bari mayun ka ieu bangunan, mugia ku Gusti didangu. Mugia Gusti ngadangu ti panglinggihan Gusti di sorga. Mugia Gusti ngadangu sareng ngahampura.
31 ”Upami aya jalma dituding boga salah ka sasamana, seug dipaksa sumpah,* tuluy sanggeus sumpah, manéhna datang ka mézbah Gusti di ieu bangunan, 32 mugia ku Gusti didangu ti sorga, sareng mugia Gusti nindak sarta ngahakiman hamba-hamba Gusti. Nu jahat mugia dinyatakeun salah* sarta dihukum ku Gusti satimpal sareng kalakuanana. Nu bener mugia dinyatakeun teu salah* sarta diberkahan ku Gusti luyu sareng kahadéanana.
33 ”Upami Israél umat Gusti éléh ku musuh lantaran maranéhna teterusan dosa ka Gusti, seug tarobat sareng ngamulyakeun nami Gusti, tuluy sasambat ménta piwelas ti Gusti di ieu bangunan, 34 mugia Gusti ngadangukeun ti sorga sarta ngahampura dosa Israél umat Gusti, sareng nyandak uih maranéhna ka nagri nu dipasihkeun ku Gusti ka karuhun maranéhna.
35 ”Upami langit nutup teu nurunkeun hujan lantaran maranéhna teterusan dosa ka Gusti, tuluy maranéhna sasambat mayun ka ieu tempat sareng ngamulyakeun nami Gusti, sarta tarobat tina dosa-dosana lantaran tos direndahkeun* ku Gusti, 36 mugia Gusti ngadangukeun ti sorga sarta ngahampura dosa hamba-hamba Gusti, nyaéta Israél umat Gusti. Tuduhkeun cara hirup nu bener ka maranéhna sarta turunkeun hujan ka nagri nu tos dipasihkeun ku Gusti ka maranéhna, nagri nu diwariskeun ka maranéhna.
37 ”Upami ieu nagri katarajang ku kalaparan atawa wabah panyakit, upami pepelakan diruksak ku angin panas, hama jamur, atawa simeut ngabrul nu ngagalaksak, upami salah sahiji kota dikepung ku musuh, atawa upami umat Gusti keuna ku musibat atawa panyakit, 38 tuluy aya saurang atawa sadaya umat Gusti, nyaéta Israél, nadahkeun panangan mayun ka ieu bangunan, maksudna badé ngadoa atawa nyanggakeun panuhun naon waé ku lantaran kasusahna masing-masing, 39 mugia Gusti ngadangukeun ti sorga, tempat panglinggihan Gusti, sarta mugia Gusti ngahampura sareng masihan pitulung ka maranéhna. Pasihan ganjaran ka unggal jalmi satimpal sareng tindakanana, sabab Gusti mah terang eusi haté maranéhna (da mung Gusti nu pangterangna kana eusi haté unggal manusa). 40 Ku kituna, maranéhna tiasa hormat* ka Gusti saumur-umur di ieu nagri nu tos dipasihkeun ku Gusti ka karuhun abdi sadaya.
41 ”Gusti, sing émut ogé ka urang asing anu sanés bagian ti umat Gusti Israél, nu tos sumping ti nagri nu jauh ku lantaran mashurna nami Gusti* 42 (lantaran ngadangu nami Gusti anu agung sarta kakuatan sareng kawasa Gusti anu ageung), seug éta jalmi sumping tuluy ngadoa mayun ka ieu bangunan, 43 mugia Gusti ngadangukeun ti sorga, tempat panglinggihan Gusti, sarta ngabulkeun sadaya paménta ti éta jalmi, sangkan sadaya bangsa di dunya tarerangeun kana nami Gusti sarta hormat* ka Gusti, sami saperti Israél umat Gusti, sarta sangkan maranéhna terang yén nami Gusti téh aya dina ieu bangunan nu dibangun ku abdi.
44 ”Upami Gusti maréntahkeun umat Gusti merangan musuh, di mana waé maranéhna aya, teras maranéhna ngadoa ka Yéhuwa bari mayun ka kota nu dipilih ku Gusti, mayun ka bangunan nu dibangun ku abdi kanggo nami Gusti, 45 mugia Gusti ngadangukeun doa sareng panuhun maranéhna ti sorga sarta masihan kaadilan ka maranéhna.
46 ”Upami maranéhna dosa ka Gusti (da jalmi mah teu aya nu luput tina dosa), dugi ka Gusti ambek sarta ngantep maranéhna diéléhkeun ku musuh, seug maranéhna diboyong ka nagri musuh, boh tebih boh caket, 47 tuluy pas di nagri pangasingan téh maranéhna éling, seug tarobat ka Gusti sarta sasambat nyuhunkeun dipikawelas ku Gusti, pok pada nyarios kieu, ’Abdi sadaya rumasa gaduh dosa sareng kalepatan. Lalampahan abdi sadaya téh salah,’ 48 upami di nagri musuh tempat maranéhna ditawan téh maranéhna sapinuhna haté* tarobat ka Gusti, seug ngadoa ka Gusti bari mayun ka nagri nu dipasihkeun ku Gusti ka karuhun maranéhna, ka kota nu dipilih ku Gusti, ka bangunan anu dibangun ku abdi kanggo nami Gusti, 49 mugia Gusti ngadangukeun doa sareng panuhun maranéhna ti sorga, tempat panglinggihan Gusti, sarta masihan kaadilan ka maranéhna. 50 Mugia dosa maranéhna dihampura ku Gusti. Hapunten sadaya kalepatan maranéhna. Mugia musuh sina malik mikarunya ka maranéhna, 51 sabab maranéhna téh milik Gusti, umat nu tos dibébaskeun ku Gusti ti Mesir, tempat pangleburan beusi.* 52 Mugia Gusti ngadangukeun panyambat hamba Gusti sareng panyambat Israél umat Gusti. Tiap-tiap maranéhna ngadoa,* mugia didangu ku Gusti. 53 Maranéhna ku Gusti tos dipilih ti antara bangsa-bangsa di dunya pikeun dijadikeun milik Gusti, sakumaha ucapan Gusti téa ka Musa hamba Gusti basa Gusti mawa karuhun abdi sadaya budal ti Mesir, nun Yéhuwa Gusti Nu Maha Agung.”
54 Sanggeus ngadoa jeung ngucapkeun paméntana ka Yéhuwa, jung Sulaéman nangtung. Tadina Sulaéman sideku hareupeun mézbah Yéhuwa bari nadahkeun leungeunna ka langit. 55 Manéhna nangtung tuluy ngaberkahan sakabéh jamaah Israél. Ku sora tarik, manéhna ngomong kieu, 56 ”Sanggakeun puji ka Yéhuwa, nu tos masihan tempat nu tengtrem ka Israél umat-Na, sakumaha jangji-Na. Sadaya kasaéan nu tos dijangjikeun ka Musa hamba-Na, teu aya sakecap-kecap acan nu teu laksana. 57 Mugia Yéhuwa Allah urang sadaya nyarengan ka urang sakumaha tos nyarengan ka karuhun urang. Mugia Anjeunna teu ninggalkeun atawa ngantep urang. 58 Mugia Anjeunna ngageuingkeun haté urang sangkan urang nuturkeun sadaya jalan-Na, taat kana paréntah-Na, aturana-Na, sarta hukum-hukum-Na, nu ku Anjeunna diparéntahkeun ka karuhun urang sangkan dijalankeun. 59 Mugia ucapan sarta panuhun abdi ka Yéhuwa teras dipikaémut siang wengi ku Yéhuwa Allah urang sadaya. Mugia Anjeunna masihan kaadilan ka hamba-Na jeung ka Israél umat-Na, sakumaha nu dibutuhkeun unggal poéna, 60 ngarah kabéh bangsa di bumi ieu nyarahoeun yén Yéhuwa téh Allah nu bener, teu aya deui nu lianna! 61 Ku kituna, aranjeun téh kudu ngabakti ka Yéhuwa Allah urang sadaya, ulah midua haté. Sing taat kana aturan-aturana-Na jeung jalankeun paréntah-paréntah-Na kawas poé ieu.”
62 Geus kitu, Raja jeung sakabéh urang Israél nu karumpul di dinya méré kurban nu loba pisan keur Yéhuwa. 63 Kurban karukunan nu dibaktikeun ku Sulaéman ka Yéhuwa téh nyaéta sapi 22.000 jeung domba 120.000. Kitu carana Raja jeung sakabéh urang Israél ngaresmikeun imah Yéhuwa. 64 Poé éta, Raja kudu nyucikeun bagian tengah buruan nu aya di hareupeun imah Yéhuwa. Di éta buruan, manéhna méré kurban beuleuman, kurban kadaharan, jeung gajih sato-sato kurban karukunan. Éta téh lantaran mézbah tambaga nu aya di hareupeun Yéhuwa téh teu mahi keur ngabaktikeun sakabéh kurban beuleuman, kurban kadaharan, jeung gajih sato-sato kurban karukunan. 65 Harita, Sulaéman ngayakeun perayaan bareng jeung sakabéh urang Israél sarta kumpulan jamaah nu loba pisan ti Lébo-hamat* nepi ka Wadi* Mesir. Maranéhna karumpul hareupeun Yéhuwa Allah urang sadaya salila 7 poé, ditambah 7 poé deui, jadi lilana téh 14 poé. 66 Isukna* sanggeus bérés perayaan, jalma-jalma dititah baralik ku Raja. Sanggeus maranéhna ménta Allah ngaberkahan Raja, maranéhna baralik ka imah bari gumbira lantaran kabéh kahadéan nu ditémbongkeun ku Yéhuwa ka Daud hamba-Na sarta ka Israél umat-Na.