Raja-Raja nu Kadua
10 Ahab téh boga 70 anak lalaki di Samaria. Jadi, Yéhu nulis surat tuluy dikirimkeun ka Samaria, ka para pajabat di Yizréél, ka para pamingpin, jeung ka nu ngajaraga anak-anak Ahab. Ieu eusi suratna: 2 ”Aranjeun nuju sasarengan jeung putra-putra dunungan aranjeun, kitu deui jeung karéta-karéta perang, kuda-kuda, jeung senjata-senjata. Aranjeun gé aya di kota-kota nu dibénténgan. Jadi saatos nampa surat ieu, 3 ti antara anak dunungan aranjeun, sok pilih nu paling hadé jeung nu paling layak pikeun jadi raja dina tahta bapana. Aranjeun kudu siap ngabéla kulawarga dunungan aranjeun.”
4 Tapi maranéhna sarieuneun, seug ngaromong kieu, ”Dua raja gé teu sanggupeun ngalawan manéhna, komo deui urang!” 5 Jadi pangurus istana, gubernur kota, para pamingpin, jeung nu ngajaraga téa ngirim pesen kieu ka Yéhu, ”Abdi sadaya téh hamba Juragan. Sadaya anu dipiwarang ku Juragan bakal diturut. Abdi sadaya moal ngangkat sasaha jadi raja. Jadi, mangga laksanakeun naon waé nu saé dina pandangan Juragan.”
6 Geus kitu Yéhu nulis surat nu kadua, eusina: ”Upami aranjeun di pihak kuring sareng kersa ngalakonan paréntah kuring, énjing wayah kieu, bawa sirah anak-anak dunungan aranjeun ka kuring di Yizréél.”
Harita téh 70 putra raja keur babarengan jeung jalma-jalma penting di kota, nyaéta jalma-jalma nu ngasuh maranéhna. 7 Sanggeus éta surat ditarima, 70 putra raja ditéwak ku maranéhna, seug diparaéhan. Sirah maranéhna dikumpulkeun, dikaranjangan, tuluy dikirimkeun ka Yéhu di Yizréél. 8 Yéhu dibéré nyaho, ”Sirah putra-putra raja téh tos dibawa ku aranjeunna.” Ceuk Yéhu, ”Éta sirah-sirah téh gundukkeun jadi dua tumpuk di gerbang kota nepi ka isuk.” 9 Isukna isuk-isuk, Yéhu kaluar tuluy nangtung hareupeun kabéh rahayat. Manéhna ngomong kieu, ”Maranéh teu salah. Urang nu sakongkol jeung maéhan juragan urang. Tapi, ieu kabéh saha nu maéhan? 10 Jadi ayeuna maranéh nyaho, kabéh nu diucapkeun ku Yéhuwa ngeunaan kulawarga Ahab bakal laksana. Nu diucapkeun ku Yéhuwa ku jalan Élia hamba-Na geus dilaksanakeun.” 11 Salian ti éta, sakabéh kulawarga Ahab nu hirup kénéh di Yizréél gé diparaéhan ku Yéhu, kitu deui jalma-jalma pentingna, babaturanana, jeung para imamna, teu aya nu disésakeun hirup.
12 Geus kitu, Yéhu indit ka Samaria. Di tengah jalan, aya hiji tempat nu sok dipaké ku para pangangon paranti nyukuran bulu domba.* 13 Di dinya, Yéhu amprok jeung dulur-dulur lalaki Ahazia raja Yéhuda. Tuluy maranéhna ditanya ku Yéhu, ”Ari aranjeun téh saha?” Dijawab ku maranéhna, ”Abdi sadaya téh dulurna Ahazia. Ayeuna badé ngalongok anak-anak raja sareng anak-anak ibu suri, hoyong terang aranjeunna téh saréhat henteu.” 14 Yéhu langsung méré paréntah, ”Téwak maranéhna hirup-hirup!” Kerewek maranéhna ditaréwakan, seug diparaéhan di hiji sumur deukeut tempat paranti nyukuran bulu domba. Nu diparaéhan téh aya 42 lalaki, teu aya nu disésakeun hirup.
15 Sanggeus ti dinya, Yéhu panggih jeung Yéhonadab anak Rékhab nu ngahaja manggihan manéhna. Waktu ngucapkeun salam, Yéhu ngomong kieu, ”Manéh téh ngadukung urang sapinuhna haté teu, sakumaha urang sapinuhna haté ngadukung manéh?”
Dijawab ku Yéhonadab, ”Nya tangtu atuh.”
Ceuk Yéhu, ”Mun kitu, sok asongkeun leungeun manéh.”
Song Yéhonadab ngasongkeun leungeunna. Geus kitu, Yéhonadab ditarik ku Yéhu kana karéta. 16 Ceuk Yéhu, ”Hayu milu jeung urang. Tingali, urang mah moal ngantep saha waé nu teu satia ka* Yéhuwa.” Jadi, duanana naék kana karéta perangna Yéhu. 17 Barang nepi di Samaria, manéhna maéhan sakabéh kulawarga Ahab nu hirup kénéh di dinya nepi ka béak taya sésa. Éta téh luyu jeung ucapan Yéhuwa ka Élia.
18 Sanggeusna, Yéhu ngumpulkeun sakabéh rahayat jeung ngomong kieu, ”Ahab mah nyembah ka Baal téh teu sabaraha, tapi kuring bakal leuwih-leuwih ti manéhna. 19 Jadi ayeuna, sok kumpulkeun sakabéh nabi Baal, sakabéh nu nyarembah ka Baal, jeung sakabéh imamna. Ulah aya nu teu datang, sabab kuring rék méré kurban nu loba pisan ka Baal. Nu teu datang bakal dipaéhan.” Sabenerna, éta mah siasat Yéhu. Manéhna rék ngabasmi nu nyarembah ka Baal.
20 Yéhu neruskeun, ”Umumkeun* acara husus keur Baal nu bakal diayakeun.” Seug éta diumumkeun. 21 Terus, Yéhu ngirim éta pesen ka sakuliah Israél. Jadi sakabéh nu nyarembah ka Baal daratang, taya nu tinggaleun. Sup maranéhna asup ka kuil Baal, meni pajejel ti tungtung ka tungtung. 22 Yéhu ngomong kieu ka jalma nu ngurus rohangan pikeun nyimpen jubah-jubah, ”Éta jubah-jubah keur kabéh nu nyarembah Baal téh kalaluarkeun.” Seug éta jubah-jubah dikalaluarkeun. 23 Geus kitu, Yéhu jeung Yéhonadab anak Rékhab asup ka kuil Baal. Tuluy, Yéhu ngomong kieu ka anu nyarembah ka Baal, ”Pariksa heula bisi aya hamba-hamba Yéhuwa nu milu asup. Nu meunang milu mah ngan nu nyarembah ka Baal hungkul.” 24 Geus kitu, manéhna méré kurban-kurban, kaasup kurban beuleuman. Saacanna téh Yéhu geus nempatkeun 80 anak buahna di luar jeung ngomat-ngomat kieu, ”Di antara jalma-jalma nu geus diserahkeun ku kuring ka maranéh, mun aya hiji waé nu kabur, maranéh nu bakal paéh.”*
25 Sanggeus bérés méré kurban beuleuman, Yéhu ngomong kieu ka tukang-tukang jaga jeung para ajudan, ”Asup, paéhan kabéh! Ulah aya nu lolos!” Jadi, tukang-tukang jaga jeung para ajudan nyarabetan jalma-jalma ku pedang. Mayit-mayitna dibalang-balangkeun ka luar. Maranéhna terus asup nepi ka tempat suci* di bagian jero kuil Baal. 26 Geus kitu, pilar-pilar berhala di kuil Baal dikalaluarkeun, seug didurukan hiji-hiji. 27 Maranéhna ngarubuhkeun pilar berhala Baal jeung kuil Baal. Éta kuil dijadikeun jamban nepi ka ayeuna.
28 Tah, kitu carana Yéhu nyingkirkeun ibadah ka Baal di Israél. 29 Tapi, Yéhu teu nyingkahan dosa Yéroboam anak Nébat, nu ngalantarankeun urang Israél ngalampahkeun dosa. Manéhna ngantep urang Israél tetep nyembah ka patung anak sapi emas nu aya di Bétel jeung di Dan. 30 Yéhuwa ngomong kieu ka Yéhu, ”Lalampahan manéh téh hadé. Manéh gé geus ngalampahkeun nu bener dina pandangan Kuring ku cara ngajalankeun putusan Kuring keur kulawarga Ahab. Ku kituna, anak incu manéh opat turunan bakal jadi raja Israél.” 31 Tapi, Yéhu henteu sagemblengna haté ngajalankeun Hukum Yéhuwa Allah Israél. Manéhna gé henteu nyingkahan dosa Yéroboam, nu ngalantarankeun urang Israél ngalampahkeun dosa.
32 Dina jaman éta, Yéhuwa ngantep daérah-daérah Israél direbut hiji-hiji.* Hazaél terus nyerang sakabéh wilayah Israél, 33 ti Walungan Yordan nepi ka arah wétan, nyaéta sakuliah tanah Giléad nu dicicingan ku urang Gad, urang Rubén, jeung urang Manasyé, kaasup ti Aroér deukeut Lebak Arnon* nepi ka Giléad jeung Basyan.
34 Riwayat Yéhu, kaasup sagala nu dilampahkeunana sarta kahébatanana, ditulis dina buku sajarah ngeunaan raja-raja Israél. 35 Ahirna, Yéhu maot siga karuhunna jeung dikuburkeun di Samaria. Yéhoahaz anakna ngaganti manéhna jadi raja. 36 Yéhu maréntah Israél di Samaria salila 28 taun.