Raja-Raja nu Kadua
18 Dina taun katilu pamaréntahan Hosyéa anak Élah raja Israél, Hizkia anak Ahaz raja Yéhuda jadi raja. 2 Basa jadi raja, manéhna téh umur 25 taun. Manéhna maréntah salila 29 taun di Yérusalém. Ngaran indungna téh Abi* anak Zakharia. 3 Hizkia terus ngalampahkeun nu bener dina pandangan Yéhuwa, sakumaha Daud karuhunna. 4 Manéhna nu ngancurkeun tempat-tempat pamujaan, pilar-pilar berhala, jeung tihang-tihang berhala. Manéhna gé ngaremukkeun patung oray tambaga nu dijieun ku Musa, sabab nepi ka harita téh urang Israél ngabaktikeun kurban ka éta patung nu sok disebut Néhustan.* 5 Hizkia percaya ka Yéhuwa Allah Israél. Saacan atawa sanggeusna, teu aya raja-raja Yéhuda nu siga manéhna. 6 Hizkia satia jeung taat ka Yéhuwa. Manéhna terus ngajalankeun paréntah Yéhuwa nu ditepikeun ka Musa. 7 Yéhuwa nyarengan manéhna. Sagala lalampahanana téh bijaksana. Manéhna gé teu daék ngalalayanan jeung tunduk ka raja Asiria. 8 Salian ti éta, manéhna ngéléhkeun urang Filistin nepi ka Gaza jeung daérah-daérahna, ti munara jaga nepi ka kota nu dibénténgan.*
9 Dina taun kaopat pamaréntahan Raja Hizkia, nyaéta dina taun katujuh pamaréntahan Hosyéa anak Élah raja Israél, Syalmanésér raja Asiria nyerang jeung ngepung Samaria. 10 Samaria dikepung ampir tilu taun, tungtungna mah karebut ogé. Éta téh kajadianana dina taun kagenep pamaréntahan Hizkia, nyaéta dina taun kasalapan pamaréntahan Hosyéa raja Israél 11 Geus kitu, raja Asiria ngaboyong urang Israél ka Asiria pikeun dijadikeun tawanan. Maranéhna dititah matuh di Hala, di Habor deukeut Walungan Gozan, jeung di kota-kota urang Média. 12 Ieu téh lantaran maranéhna teu nurut ka Yéhuwa Allah maranéhna. Maranéhna kalah ka ngalanggar perjangjian Anjeunna, nyaéta kabéh paréntah Musa hamba Yéhuwa. Maranéhna teu daék ngadéngékeun jeung teu daék nurut.
13 Dina taun ka-14 pamaréntahan Raja Hizkia, Sanhérib raja Asiria nyerang jeung ngarebut kabéh kota nu dibénténgan di Yéhuda. 14 Jadi, Hizkia raja Yéhuda ngirim pesen kieu ka raja Asiria di Lakhis, ”Mémang, abdi nu salah. Mugia Juragan henteu kateterasan nyerang abdi. Naon waé paménta Juragan ku abdi bakal dicumponan.” Seug raja Asiria ménta pérak kira-kira 10 ton jeung emas kira-kira saton* ka Hizkia raja Yéhuda. 15 Jadi, Hizkia méré kabéh pérak nu aya di imah Yéhuwa jeung di tempat nyimpen harta di istana. 16 Harita, Hizkia raja Yéhuda ngalaanan* panto-panto bait Yéhuwa jeung kusén-kusén panto beunang manéhna ngalapis ku emas, terus kabéhanana dibikeun ka raja Asiria.
17 Ti Lakhis, raja Asiria ngutus Tartan* saurang, Rabsaris* saurang, jeung Rabsyaké* saurang ka Raja Hizkia di Yérusalém. Maranéhna gé dibarengan ku pasukan nu gedé. Sanggeus nepi ka Yérusalém, maranéhna baris di deukeut saluran cai ti kolam luhur, nu aya di jalan gedé nu brasna ka tempat tukang nyeuseuh. 18 Maranéhna nitah Raja kaluar, tapi nu kaluar téh Éliakim anak Hilkia pangawas istana, Syébnah sékertaris karajaan, jeung Yoah anak Asaf tukang nyatet.
19 Rabsyaké ngomong kieu ka maranéhna, ”Béjaan si Hizkia, ’Raja Asiria nu agung ngomong kieu, ”Boga andelan naon bet kawas kitu téh? 20 Cenah manéh téh boga siasat jeung kakuatan keur perang, ngawadul manéh mah! Manéh téh ngandelkeun saha? Wawanianan barontak ka kuring. 21 Mesir andelan manéh téh kawas batang nu remuk, nu bakal nubles, nembus dampal leungeun jalma nu nyekelna. Tah, Firaun raja Mesir téh bakal siga kitu ka saha waé nu ngandel ka manéhna. 22 Ongkoh maranéh ngomong, ’Abdi sadaya ngandel ka Yéhuwa Allah abdi sadaya,’ tapi geuningan tempat-tempat pamujaan jeung mézbah-mézbah-Na diancurkeun ku Hizkia, padahal ceuk manéhna urang Yéhuda jeung Yérusalém kudu sujud hareupeun mézbah nu aya di Yérusalém.”’ 23 Sok, ayeuna mah tataruhan jeung raja Asiria juragan kuring. Ku kuring bakal dibéré kuda 2.000, asal maranéh sanggup nyadiakeun nu tumpakna. 24 Lamun maranéh ngandelkeun karéta perang jeung pasukan kuda Mesir, bisa kitu ngéléhkeun hamba-hamba juragan kuring? Ngalawan gubernur nu panghandapna gé maranéh mah moal bisa. 25 Cik, mémangna kuring datang jeung ngancurkeun ieu tempat téh diidinan ku saha? Nya ku Yéhuwa. Puguh Yéhuwa ngomong kieu ka kuring, ’Serang jeung ancurkeun ieu nagri.’”
26 Ngadéngé kitu, Éliakim anak Hilkia, Syébnah, jeung Yoah ngomong kieu ka Rabsyaké, ”Juragan, punten, nyariosna ku basa Aram* wéh, da kahartos ku abdi sadaya gé. Ulah nganggo basa Yahudi, bilih kadangu ku jalmi-jalmi di luhur témbok.” 27 Tapi ku Rabsyaké ditémbal, ”Mémangna kuring diutus ku juragan kuring téh jang ngomong ka maranéh jeung ka juragan maranéh hungkul? Kuring gé diutus jang ngomong ka jalma-jalma nu diuk di luhur témbok, nu bakal ngadahar kokotorna jeung nginum cikiihna sorangan bareng jeung maranéh.”
28 Tuluy Rabsyaké nangtung jeung ngagorowok maké basa Yahudi, kieu cenah, ”Déngékeun kekecapan raja nu agung, raja Asiria. 29 Ieu nu diucapkeun ku Raja, ’Ulah daék ditipu ku Hizkia. Manéhna moal bisa nyalametkeun maranéh ti kuring. 30 Ulah kabobodo lamun Hizkia nitah maranéh percaya ka Yéhuwa ku ngomong kieu, ”Yéhuwa pasti nyalametkeun urang. Ieu kota moal diserahkeun ka raja Asiria.” 31 Si Hizkia mah ulah didéngékeun. Yeuh, kuring, raja Asiria, ngomong kieu, ”Geus, ayeuna mah nyerah wéh, jadi balad urang. Engké maranéh bakal ngadahar tina tangkal anggur jeung tangkal ara sorangan. Maranéh gé bakal nginum ti sumur sorangan. 32 Engké maranéh bakal dibawa ku kuring ka tanah nu sarua alusna jeung ieu tanah, nu pinuh ku sisikian, cianggur nu anyar, roti, kebon anggur, tangkal zaitun, jeung madu. Lamun maranéh nurut ka kuring, maranéh bakal salamet, moal paéh. Mun si Hizkia ngomong, ’Yéhuwa bakal nyalametkeun urang,’ tong didéngékeun. Si éta mah nipu. 33 Mémangna allah-allah bangsa séjén bisa nyalametkeun nagrina ti raja Asiria? 34 Mana ayeuna allah-allahna Hamat jeung Arpad? Mana allah-allahna Séfarwaim, Héna, jeung Iwa? Bisa teu maranéhna nyalametkeun Samaria tina genggeman kuring? 35 Euweuh allah nu bisa nyalametkeun nagrina ti kuring. Jadi, Yéhuwa gé moal mungkin bisa nyalametkeun Yérusalém tina genggeman kuring.”’”
36 Tapi jalma-jalma meni jarempling, euweuh nu ngajawab sakecap-kecap acan da geus dilarang ku Raja. 37 Geus kitu, Éliakim anak Hilkia pangawas istana, Syébnah sékertaris karajaan, jeung Yoah anak Asaf tukang nyatet nyoéhkeun pakéanana tuluy ngadep ka Hizkia. Maranéhna nepikeun omongan Rabsyaké.